NEW
Font size
WorksheetsSOAL BAHASA SUNDA KELAS 12
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalwan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran) disebutna...
teater
pilem
drama
sinetron
gending karesmen
Ku lantaran ngebrehkeun paripolah palaku, nyaeta palaku teh sina langsung meta, boh lahirna boh batinna, drama teh sok disebut sastra ?
lakon
hirup
paeh
carita
pintonan
Ieu di handap nu teu kaasup kana unsur-unsur naskah drama, nyaeta...
pertelaan palaku
candraan
prolog jeung epilog
wirahma
babak jeung adegan
Drama anu dialog-dialogna ditepikeun ku cara dihaleuangkeun disebutna...
longser
purnadrama
gending karesmen
banjet
sandiwara
Pintonan teater anu paguneman atawa mintonkeunana ku sorangan (saurang palaku) disebutna...
dialog
monolog
prolog
epilog
sosiolog
Pintonan drama anu pintonana ngandelkeun gerak, ibing, lagu, musik, jste disebutna teater...
lakon
verbal
tradisional
non-verbal
balarea
Ieu di handap drama anu caritana heunteu dumasar kana carita nu geus nyampak, nyaeta...
"Lutung Kasarung"
"Mundinglaya Di Kusumah"
"Dipati Ukur"
"Kanyaah Indung"
"Nini Anteh"
Di Desa Bojong ribut yen aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunana. Hansip beak carita miskin pangakalan sangkan bisa newak eta garong.
Cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagean...
pertelaan palaku
prolog
epilog
babak
adegan
Udin : Buru lalaunan-lalaunan !!!
Ajen : Buru bantuan ! Lain lalaunan-lalaunan !
Udin : Sipp atuh, urang gancangan asupkeun kana karungna !
Ajen : Bawa tuh katel jeung sosodok!
Cutaan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagean...
babak
adegan
prolog
epilog
dialog
Anu teu kaasup wujud karangan nyaeta...
pertelaan palaku
babak
adegan
paguneman
monolog
Karangan anu eusina ngebrehkeun pamanggih pribadi saurang pangarang atawa panulis anu dirojong jeung didadasaran ku rupa-rupa rujukan, boh hasil panalungtikan boh pamanggih ahli disebut...
Esey
Artikel
Pedaran
Makalah
skripsi
Di handap ieu anu kaasup kana kriteria milih judul anu hade dina kagiatan nulis artikel, iwal...
Judul ngawakilan tema nu keur dipedar atawa pamadegan nukeur diajukeun
Singget (3-5 kecap) jeung dedet (miharti)
Pikatajieun tur ngahudang batur pikeun maca sagemblengna
Gunakeun istilah/pakeman basa anu populer
Dina nulis judul kudu make aksara gede (kapital)
Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaeta...
Judul
Alinea bubuka
Alinea panandes
Alinea pamungkas
Alinea panambah
Ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel nyaeta...
Baca heula ti mimiti judul nepika tamat
Dicatet sakabeh eusina kana buku catetan
Catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel
Mun perlu catetkeun saha wae ahli anu dicutat dina eta artikel
Jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca
Naon eusi tina artikel wanda prediktif teh...
Eusi pedaranana ngeunaan perkara anu can kajadian dumasar sawangan (analisis) pangarangna.
Eusi pedaranana leubeut ku fakta-fakta anu luyu jeung sawangan pangarangna.
Eusi pedaranana ngagambarkeun hiji perkara atawa mangrupa pasualan dina kahirupan.
Eusi pedaranana ngajentrekeun atawa ngeceskeun kana hiji perkara ka pamaca dumasar pamadegan pangarangna.
Eusina mangrupa kajadian-kajadian anu geus diprediksi saacanna.
Dumasar cara ngebrehkeun eusina aya nu disebut alinea deskripsi. Naon nu dimaksud alinea deskripsi teh...
Alinea anu eusina ngajentrekeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat dumasar fakta.
Alinea anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra minangka hasil pangalamanana kalayan telik.
Alinea anu eusina ngajentrekeun tur medar hiji objek, prosesna, tujuanana, pikeun ngajembaran pangaweruh anu maca.
Alinea anu eusina ngebrehkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh anu sipatna nyata atawa rekaan.
Alinea anu eusina ngebrehkeun kaayaan dina kahirupan masarakat.
Sastra lalakon nu make medium lisan teh contona banjet, longser jeung sandiwara, mangrupa karangan drama dumasar...
Karanganana
Pamelaranana
Sumebarna
Nyiptana
Kesanna
Mun rek ngagarap teater kudu natarharkeun hal-hal di handap ieu, iwal...
Nangtukeun pamaen, sutradara, jeung jadwal latihan
Unggal pamaen kudu latihan vokal, kudu ngoncrang
Unggal pamaen kudu latihan ngolah paroman jeung rengkak
Dina prugna pagelaran kudu kompak tur tartib
Nangtukeun saha wae anu diajak dina ngagarap eta teater.
Anu ngabedakeun pedaran jeung artikel teh diantarana nyaeta...
panjang pondokna karangan
alus gorengna basa anu digunakeun
eusi jeung dimuat acanna dina koran/ majalah
aya henteuna daptar rujukan
wangun huruf atawa font nu digunakeun
Anu teu kaasup kana wanda artikel nyaeta...
prediktif
eksploratif
deskriptif
eksplanatif
persuasif
