wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS SEM 2 B.SUNDA KELAS 8

Total questions: 35

Worksheet time: 1hrs 19mins

Name
Class
Date
1.

Karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh disebutna ....

a)

guguritan

b)

prosa

c)

asmarandana

d)

majas

2.

Pupuh minangka dasar guguritan teh aya dua nyaeta ....

a)

kinanti jeung sinom

b)

durma jeung mijil

c)

sekar alit jeung sekar ageung

d)

sinom jeung balabak

3.

Watek tina pupuh kinanti nyaeta ....

a)

rasa gumbira

b)

silih asih jeung nasihat

c)

rasa ngambek jeung pasea

d)

prihatin, harepan, nganti-nganti

4.

Durma kaasup kana pupuh ....

a)

sekar alit

b)

sekar ageung

c)

rampak sekar

d)

anggara sekar

5.

Dihandap aya ngaran pupuh mana nu kaasup kana pupuh sekar ageung ....

a)

mijil, asmarandana, sinom, dangdanggula

b)

durma, asmarandana, kinanti

c)

asmarandana, kinanti, maskumambang,

d)

kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula

6.

Pek baca pupuh dihandap!


Negri urang katelahna Indonesia

diriksa tur dijaring

sumirat kamarana

berkahna pancasila

ageman eusing nagari

yu sauyunan

ngawangun lemah cai

Pupuh diluhur disebutna pupuh ....

a)

durma

b)

kinanti

c)

sinom

d)

asmarandana

7.

Pek itung guru lagu jeung guru wilangan penggalan pupuh ieu di handap!

Nagari urang katelahna Indonesia

Guru lagu jeung guru wilangan dina penggalan pupuh di luhur nyaeta ....

a)

12a

b)

13a

c)

7a

d)

8a

8.

Pupuh pucung teh ngabogaan watek ....

a)

rasa ambeuk

b)

kabungah

c)

rasa era

d)

piwuruk

9.

Pupuh dina bahasa sunda teh jumlahna aya ....

a)

17

b)

4

c)

13

d)

6

10.

Baca pupuh dihandap!


Utama jalma kudu rea batur

keur silih tulungan

silih titipkeun nya diri

budi akal lantaran ti pada jalma

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur nyaeta ....

a)

9a,8i,7a,2i

b)

12u,6a,8i,12a

c)

12i,12u,8a,8u

d)

12a,8i,6a,12u

11.

Guguritan dina sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna dumasar kana patokan ....

a)

novel

b)

carpon

c)

pupuh

d)

sajak

12.

Guru lagu teh nyaeta ....

a)

sora konsonan di tungtung dina unggal padalisan

b)

sora vokal di tungtung dina unggal padalisan

c)

jumlah engang dina unggal padalisan

d)

jumlah huruf dina unggal padalisan

13.

Guru wilangan teh nyaeta ....

a)

sora konsonan di tungtung dina unggal padalisan

b)

sora vokal di tungtung dina unggal padalisan

c)

jumlah engang atawa suku kata dina unggal padalisan

d)

jumlah huruf dina unggal padalisan

14.

Pek ku hidep baca penggalan guguritan di handap:


"Mesat tandang rek ngabela bebeneran"


Jumlah guru lagu jeung guru wilangan guguritan di luhur nyaeta ....

a)

13i

b)

11a

c)

12a

d)

14a

15.

Wawacan anu asalna tina dongeng atawa hikayat nyaeta ....

a)

wawacan Nabi Paras

b)

wawacan Lutung Kasarung

c)

wawacan Linggang Kancana

d)

wawacan Dipati Ukur Imbanagara

16.

Kecap kantétan téh artina kecap anu .…

a)

diréndéngkeun

b)

dirobah sorana

c)

dibalikan deui

d)

dirarangkenan

17.

Dihandap ieu mangrupakeun sebutan lain pikeun panata acara, iwal ....

a)

protokol

b)

pangjejer

c)

narasumber

d)

panumbu catur

18.

Pancén panata acara téh di antarana .…

a)

méré pangbagéa kana lumangsungna acara

b)

muka jeung nutup acara

c)

nangtukeun nu ngeusi acara

d)

ngawakilan narasumber

19.

Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nya éta .…

a)

ngucapkeun panuhun ka panata calagara

b)

ngucapkeun pangwilujeng ka nu hadir

c)

ngucapkeun salam bubuka

d)

ngucapkeun salam panutup

20.

Anu ditataan ku panata acara dina bubukana nya éta .…

a)

anu ngahadirkeun éta acara

b)

réngréngan panata calagara

c)

runtuyan kagiatan panata calagara

d)

runtuyan acara ti mimiti nepi ka rengse

21.

Babasan amis budi hartina nyaeta ....

a)

jalma anu hadé budi, ramah

b)

jalma nu sok seuseurian sorangan

c)

jalma nu amis kulitna

d)

jalma nu sok nulungan batur

22.

Babasan nu hartina sombong nyaeta ....

a)

gede sirah

b)

heuras genggerong

c)

gede hulu

d)

miyuni tai

23.

Resep cukat-cokot barang batur atawa pulang paling, babasan na nyaeta ....

a)

panjang hulu

b)

panjang leungeun

c)

panjang suku

d)

panjang baraya

24.

Babasan nu artina jalma nu sok gampang neunggeul nyaeta ....

a)

hampang birit

b)

hampang leungeun

c)

beurat birit

d)

panjang leungeun

25.

Aya paribasa "cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi ... “


Kecap pikeun ngalengkepan paribasa di luhur nyaeta ....

a)

lebok

b)

tikotok

c)

medok

d)

legok

26.

Pék baca conto paribasa di handap ieu!

Hade tata, hade basa

Paribasa di luhur ngandung harti …

a)

hade goreng bebeja heula

b)

jalma anu rea pangalamanna

c)

alus rengkah paripolahna jeung budi basana

d)

berita gancang nerekabna bari sok ditambahan

27.

“Néng Amanda mah amis…, ka sasaha téh sok seuri baé”


Sangkan jadi kecap kantétan anu merenah, kecap amis kudu dikantétkeun jeung kecap .…

a)

haseum

b)

tiis

c)

budi

d)

basa

28.

Kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran anu dianggap barang, sesebutan jalma, sasatoan, tempat jeung sajabana disebut ....

a)

kecap sifat

b)

kecap barang

c)

kecap gaganti

d)

kecap pagawean

29.

Di handap ieu nu kaasup kecap barang nyaéta ....

a)

beureum

b)

alus

c)

kameja

d)

hejo

30.

Di handap ieu nu kaasup kecap sifat nyaeta ....

a)

Jakarta

b)

sapatu

c)

bodas

d)

tas

31.

Perhatikeun pernyataan ieu di handap!


Pembawa acara atawa panata acara (bahasa

Inggris: master of ceremony disingkat MC) nyaéta jalma anu pancénna mingpin hiji acara. Misalna dina acara panggung pagelaran hiburan, pernikahan, jeung acara lianna boh formal atawa informal.


Pernyataan di luhur teh bener atawa salah?

a)

BENER

b)

SALAH

32.

Perhatikeun pernyataan ieu di handap!


Tugas narasumber: ngatur hiji acara sangkan lumangsung kalayan tartib tur lancar, sangkan acara lumangsung luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun.


Pernyataan di luhur teh bener atawa salah?

a)

BENER

b)

SALAH

33.

Perhatikeun pernyataan ieu di handap!


Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun , sangkan dina prakna bisa lancar, di antarana:

1) Apal kana acara anu rék dilaksanakeun

2) Kudu nyaho saha baé nu baris hadir dina éta acara

3) Kudu apal saha nu baris biantara dina éta acara.

4) Kudu apal kana runtuyan acara sagemblengna.

5) Kudu apal saha waé nu baris mingpin atawa ngeusian acara anu geus ditangtukeun.

6) Kudu apal akan runtuyan acara, anu biasana geus disusun ku panata calagara.


Pernyataan di luhur teh bener atawa salah?

a)

BENER

b)

SALAH

34.

Perhatikeun pernyataan ieu di handap!


Dina rapat, gempungan, atawa ceramah susunan acarana téh biasana mah sok kieu:

1) Bubuka, biasana sok langsung dibuka ku panata acara.

2) Biantara poko (utama) pikeun ngadadarkeun pasualan nu baris dirapatkeun.

3) Tanya jawab

4) Ngasongkeun rumusan hasil rapat.

5) Panutup, biasana sok langsung ku panata acara.


Pernyataan di luhur teh bener atawa salah?

a)

BENER

b)

SALAH

35.

Perhatikeun pernyataan ieu di handap!


Dina prakna, aya sawatara hal anu kudu dipaliré upama urang jadi panata acara, di antarana:

1) Sorana kudu bedas jeung béntés

2) Létong jeung wirahmana merenah

3) Miboga panagweruh nu jembar kana éta acara.

4) Miboga kamampuh ngaréka basa pikeun bumbu pangirut.

5) Surti kana suasana jeung kahayang hadirin

6) Miboga sikep nu hade, anu ngawengku tatakrama, paroman, jeung réngkak paripolah liana.

7) Miboga kamampuh pikeun ngahirupkeun suasana.


Pernyataan di luhur teh bener atawa salah?

a)

BENER

b)

SALAH