NEW
Font size
WorksheetsUAS Bahasa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 47mins
......................................................
“Ampir sakabéh pangeusi alam dunya raruksak.” Bu Ida nuluykeun caritaanana.
“Maksad, Ibu?” Ilva bangun can ngarti.
“Enya, leuweung dibukbak, pasir jeung gunung ditugaran, sasatoan dieuradan, walungan dikotoran. Antukna alam kurang saimbang. Nya, salah sahiji balukarna hawa karasa nyongkab panas.” Bu Ida ngajéntrékeun.
“Sumuhun,” jawab Ilva pondok.
“Kumaha atuh ketak urang?” Ita neuteup Bu Ida.
“Salah sahijina kudu daék miara lingkungan sabudeureun urang, boh di sabudeureun imah boh sabudeureun sakola. Prak-prakanana mah bisa ku pepelakan,kayaning melak kekembangan, melak tutuwuhan pikeun ubar, jeung melak sabangsaning sayuran. Salian ti éta, miara karesikan lingkungan sabudeureun ku cara milah-milah, misah-misah tur miceun runtah kana tempat nu geus ditangtukeun. Antukna lingkungan sabudeureun urang moal sareukseuk tur karasa asri.” Rada panjang lebar Bu Ida nyaritana.
Jejer (topik) anu dicaritakeun dina sempalan téks paguneman di luhur nya éta ....
alam dunya anu geus ruksak
panas poé anu karasa morérét
miara lingkungan alam
kaayaan alam nu kurang saimbang
“Ampir sakabéh pangeusi alam dunya raruksak.” Bu Ida nuluykeun caritaanana.
“Maksad, Ibu?” Ilva bangun can ngarti.
“Enya, leuweung dibukbak, pasir jeung gunung ditugaran, sasatoan dieuradan, walungan dikotoran. Antukna alam kurang saimbang. Nya, salah sahiji balukarna hawa karasa nyongkab panas.” Bu Ida ngajéntrékeun.
“Sumuhun,” jawab Ilva pondok.
“Kumaha atuh ketak urang?” Ita neuteup Bu Ida.
“Salah sahijina kudu daék miara lingkungan sabudeureun urang, boh di sabudeureun imah boh sabudeureun sakola. Prak-prakanana mah bisa ku pepelakan,kayaning melak kekembangan, melak tutuwuhan pikeun ubar, jeung melak sabangsaning sayuran. Salian ti éta, miara karesikan lingkungan sabudeureun ku cara milah-milah, misah-misah tur miceun runtah kana tempat nu geus ditangtukeun. Antukna lingkungan sabudeureun urang moal sareukseuk tur karasa asri.” Rada panjang lebar Bu Ida nyaritana.
2. Balukar tina kurang saimbangna alam nya éta......
.
pasir ditugaran
leuweung dibukbak
hawa karasa nyongkab panas
walungan dikotoran
Téh Opi : “Ku naon Enja murukusunu?”
Enja : “Abdi téh nyeri huntu.”
Téh Opi : “Naha teu ka dokter?”
Enja : ..............................................
Ungkara/omongan nu merenah nurutkeun tatakrama basa Sunda pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nya éta ....
“Embung abdi mah.”
“Abdi téh teu gaduh artos.”
“Pan barolong huntuna.”
“Sigana kudu maké kawat huntuna.”
Gambar pikeun ngajawab soal nomer 4 – 6
4. Kaulinan barudak lembur atawa kaulinan barudak mangsa katukang anu ditétélakeun dina gambar di luhur ngaranna ….
éngklé atawa sondah
ucing toél
. ngadu panggal
. bébénténgan
Dina kaulinan anu ditétélakeun dina gambar di luhur umumna ngagunakeun alat atawa media ....
Batu leutik anu dibuleud-buleud
Bal Leutik
Rokrak
Gangsing
Kaulinan di luhur umumna dipigawé waktu pasosoré. Hal ieu luyu jeung fungsi atawa mangpaatna. Salah sahiji mangpaat kaulinan di luhur nya éta ..
Pikeun nambahan pagawean
Mangrupa kagiatan barudak
Mangrupa alat atawa media hiburan
Pikeun ngabebenjokeun budak
Ucang-ucang anggé
………………………
Tuluyan éta kakawihan nya éta …..
Néangan muncang ka Paranggé
Ngala muncang ka Paranggé
Mawa muncang ka Paranggé
Mulung muncang ka Paranggé
Mana sobat mana dulur
Hanteu maturan di kubur
Sumawon nambihan umur
Nu puguh loba kapaur
Hanjakal aduh hanjakal
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel
Teu guna hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngélingan
Pék geura tunggu hisaban
Geura jawab ku sorangan
Eusi pupujian di luhur nyaritakeun ngeunaan...
Pepeling
Pangajaran agama
Muji kaagungan alloh
Solawat ka Nabi
Mana sobat mana dulur
Hanteu maturan di kubur
Sumawon nambihan umur
Nu puguh loba kapaur
Hanjakal aduh hanjakal
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel
Teu guna hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngélingan
Pék geura tunggu hisaban
Geura jawab ku sorangan
Numutkeun téks di luhur, anu dipanghanjakalkeun téh nya éta ....
Salira hirup teu boga sobat
Salila hirup teu loba dulur
Salila hirup teu loba ngalobakeun amal
Salila hirup loba kapaur
Sajeroning ngageroan nini kuring tadi, jorojoy aya hayang nyuguhan cai ka sémah. Da ceuk pikir téh, pasti bakal meunang pujian, boh ti sémah boh ti nini kuring sorangan. Geus kacipta sémah téh bakal nyarita yén kuring rajin jeung bageur sarta mani géksor deuih.
Atuh terus baé kuring gura-giru ngawadahan cai, sok ditunda dina baki bari sakalian jeung leueuteunana. Sanggeus bérés, jung kuring ka tengah imah, nu maksudna rék nyodorkeun cai ka sémah téa.Tapi, tacan gé sok cai téh kana méja, sémah geus nyarita mantén. Pokna bari mésem, “Aduh, sawios engké baé Magrib Geulis, bageur, da ayeuna mah teu acan waktosna buka.”
Tokoh kuring nyuguhan sémah lantaran ....
Semah mah perlu dijamu
Semah mah jalma nu perlu dihormat
Hayang pamuji ti semah jeung Ninina
Bageur tur akuan ka semah
Sajeroning ngageroan nini kuring tadi, jorojoy aya hayang nyuguhan cai ka sémah. Da ceuk pikir téh, pasti bakal meunang pujian, boh ti sémah boh ti nini kuring sorangan. Geus kacipta sémah téh bakal nyarita yén kuring rajin jeung bageur sarta mani géksor deuih.
Atuh terus baé kuring gura-giru ngawadahan cai, sok ditunda dina baki bari sakalian jeung leueuteunana. Sanggeus bérés, jung kuring ka tengah imah, nu maksudna rék nyodorkeun cai ka sémah téa.Tapi, tacan gé sok cai téh kana méja, sémah geus nyarita mantén. Pokna bari mésem, “Aduh, sawios engké baé Magrib Geulis, bageur, da ayeuna mah teu acan waktosna buka.”
Dumasar kana sempalan wacana di luhur tétéla migawé pagawéan mah kudu ....
Didadasaran ku rasa ihlas
Miharep pamulang tarima
Dirarancang heula ti anggalna
Tatanya heula ka nu leuwih nyaho
Sakadang Kuya mah nyérangkeun waé ti handap. Manéhna kacida hanjeluna, pédah geus katipu ku Sakadang Monyét. Kahayangna mah ngarebut deui sulingna, tapi teu bisaeun naék. Koloyong ka sisi leuwi Sipatahunan. Gok patepung jeung Sakadang Hurang katut Sakadang Keuyeup.
Ku naon Sakadang Kuya bangun nu bingung?” Sakadang Hurang nanya.
Ditilik tina eusina, dongéng di luhur kaasup kana dongéng ....
A. Fabel
B. Parabel
C. Sasakala
D. Sagé
Fabel
Parabel
Sasakala
Sage
Sakadang Kuya mah nyérangkeun waé ti handap. Manéhna kacida hanjeluna, pédah geus katipu ku Sakadang Monyét. Kahayangna mah ngarebut deui sulingna, tapi teu bisaeun naék. Koloyong ka sisi leuwi Sipatahunan. Gok patepung jeung Sakadang Hurang katut Sakadang Keuyeup.
Ku naon Sakadang Kuya bangun nu bingung?” Sakadang Hurang nanya.
Hal pamohalan nu kagambar dina sempalan dongéng di luhur nya éta ....
Sakadang Kuya aya di sisi leuwi walungan Sipatahunan
Sakadang Kuya patepung jeung Sakadang Hurang
Sakadang monyét aya dina luhur tangkal kai
Sakadang Hurang nanya ka Sakadang Kuya
Tujuan iklan layanan masarakat di luhur nya éta ....
Méré nyaho tur ngajak meuli buku
Méré nyaho tur ngajak ka perpustakaan
Méré nyaho tur ngajak maca buku
Méré nyaho tur ngajak nalingakeun buku
Ungkara anu pangmerenahna pikeun ngalengkepan gambar iklan layanan masarakat di luhur nya éta ....
Hayu, urang ngagotong patlot ka sakola babarengan!
Nulis téh penting pisan dina kahirupan budak sakola
Geus mangsana diajar ti leuleutik ngaliwatan atikan sakola.
Mun ngarasa perlu nulis jeung maca geuwat ka sakola!
. .......
Aya tulang nyangsang na dahan, deudeuh
Sésa raga arucutan
Langlayangan teu kapuluk teu karucu
Di hiji leuweung geledegan
Tangkorékna diranggeum areuy
Topi waja tadah cihujan
Bedil, sekin, ngarumpuyuk lumpuh
Di hiji leuweung geledegan
.......
Parasaan nu kagambar dina sajak di luhur, nya éta ....
Bungah
Waas
Gumbira
Sedih
Wanci layung hurung konéng
Manéhna datang leungeuna euweuh sapotong
Bedil nyolengkrang ’na tonggong
Pélor ngabérés handapeun cangkéng
.....
Nu dicaritakeun dina sajak di luhur di luhur nya éta ....
Patani
Dokter
Pajoang
Guru
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah sabar
Ka pelok anu dipelak
Teu bisa nanyakeun
Iraha bakal buahan
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah surti
Akar nu ngeteyep nyiar kahakanan
Teu kadéngé rumahuhna
Gaya basa nu kapanggih dina éta sempalan sajak nya éta ….
Personifikasi
Sinekdoke
Hiperbol
Litotes
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang Silih témpas silih élédan
Moal lila jeung babaturan
.........................................
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang
Eusi kawih Ririungan di luhur téh nyaritakeun .....
Jalma nu keur kumpul ngariung
Jalma nu rék papisah jeung dulur-dulurna
Jalma nu keur sosonoan lantaran rék papisah jauh
Jalma nu keur ngawadul
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang Silih témpas silih élédan
Moal lila jeung babaturan
.........................................
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang
Amanat anu merenah tina éta rumpaka kawih di luhur nya éta ...
Lamun rék pisah urang kudu ngarumpul
Urang kudu sosonoan lamun keur ngariung
Urang ulah sok ngawadul lamun keur sosonoan
Urang bakal papisah lamun geus nepi kana wancina
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang Silih témpas silih élédan
Moal lila jeung babaturan
.........................................
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang
Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka kawih paragraf kadua di luhur nya éta...
Hiji waktu nu bakal datang
Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Hiji wanci nu bakal datang
Hiji mangsa nu geus ditangtukeun
(SundaNews) Barudak sakola penting disayagikeun buku-buku bacaan anu mibanda kualitas eusi nu hadé tur luyu jeung kamekaran jaman. Ku kituna, sakola kudu daria ngokolakeun pabukon. Dina taun 2014, bakal aya aturan anu ngawajibkeun sakola nyisihkeun anggaran 5% keur kapentingan pabukon, tangtuna ogé diantarana nyadiakeun buku. Sakumaha anu ditepikeun ku Deputi Bidang Pemberdayaan Perpustakaan Nasional, Woro Salikin, sakumna sakola di Indonesia, boh nagri atawa swasta, wajib nyésakeun anggaran 5% pikeun pabukon.
Anu wajib nyésakeun anggaran pikeun nyadiakeun buku téh nya éta ....
Barudak sakola
Pamarentah
Sakumna sakola
Perpustakaan nasional
Sisindiran ieu di handap anu kaasup kana paparikan nya éta ..
Ngimpi mulung kembang tanjung,
ari meunang kembang angkrék.
Ngimpi tepung jeung nu jangkung,
ari gok jeung nu pécékrék
Lamun hayang dahar noga,
kudu daék nya meulina.
Lamun hayang asup sorga,
kudu daék nya solatna
Tibatan mawa pedang,
mending gé mawa ragaji.
Ti batan ulin bagadang,
mending gé diajar ngaji
Kihiang nu meunang nuar,
disugu pikeun jualeun.
Kahayang meunang nu beunghar,
puguh mah jalma kuuleun.
Tibatan mamawa pedang
Mending gé mawa ragaji
………………………..
Mending gé diajar ngaji
Ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nya éta……
Tibatan arulun begadang
Tibatan mah arulin bagadang
Tibatan mah arulin bagadang
Tibatan ulin bagadang
. Kota wétaneun Bogor
Ahad mah aya di bumi
Cianjur
Sukabumii
Bandung
Jakarta
Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh jeung tadarus.
Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kaoinesan nu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal jeung hahayaman.
Jejer (topik) nu dicaritakeun dina sempalan teks di luhur, nya eta ….
Salila bulan puasa euweuh kagiatan
Salila bulan puasa ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di Masjid
Bulan puasa mangsa katuakang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen
Péré sakola
Moal seueur nu kapihatur, bilih parapatandang nu badé makalangan parantos teu sabar. Mangga ieu acara téh urang kawitan baé.
Ungkara di luhur mangrupa ucapan pangjejer acara dina kagiatan ….
A. diskusi
B. pasanggiri
C. seminar
D. kongrés
Diskusi
Pasanggiri
Seminar
Kongres
. Pancén utama pangjejer acara nya éta .....
Ngatur tur nyusun hiji acara atawa kagiatan sangkan ngaguluyur tur puguh éntép seureuhna
Ngatur tur nyusun acara sangkan katangén ku batur yén acara anu dipidangkeun téh alus
Ngatur tur nyusun acara sangkan katangar yén pangjejer acara téh bisa gawé bareng jeung nu séjén
Ngatur tur nyusun acara sangkan acara dina kagiatan téh bisa kalaksanakeun kalawan gancang
....................................................
Barang jrut tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang pating jalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui kana wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring, bangun anu palinter.
“Duh Gusti, hayang teuing kuring jadi budak sakola kawas maranéhna,” kuring ceurik jero haté. Lian ti kacirina palinter téh, awak jeung papakéanna bararesih. Ras ka diri sorangan. Awak begang, kulit hideung balas kapoé, papakéan saayana. Ku asa teu hargaan pisan diri téh.
...................................................
Puseur implengan pangarang anu kagambar tina sempalan carpon di luhur nya éta .....
Titik caturan jalma kahiji
Titik caturan jalma katilu
Titik caturan jalma kadua
Titik caturan jalma kaopat
Barang jrut tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang pating jalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui kana wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring, bangun anu palinter.
“Duh Gusti, hayang teuing kuring jadi budak sakola kawas maranéhna,” kuring ceurik jero haté. Lian ti kacirina palinter téh, awak jeung papakéanna bararesih. Ras ka diri sorangan. Awak begang, kulit hideung balas kapoé, papakéan saayana. Ku asa teu hargaan pisan diri téh.
...................................................
Latar tempat anu kagambar tina sempalan carpon di luhur nya éta ....
Lingkungan sakola
Di tengah kota
Di terminal
Di perjalanan
Poé Ahad harita teh. Tabuh 7.30, kuring katut anggota PMR lianna geus karumpul di buruan sakola. Kuring saparakanca téh rék ngayakeun haiking ka Gunung Walat.
Kumpul di buruan sakola téh teu lila, ngan saukur ngaregepkeun rupaning pituduh nu kudu dilaksanakeun ti Pembina PMR. Satuluyna mah bring baé rombongan téh ka tempat mobil nu ti tatadi geus disadiakeun. Paramurid mani cut-cat naraék kana mobil, paboro-boro kawas nu sieun teu kabagéan. Para pembinana mah cuh-cih ngatur paramurid nu siliséréd
Ditilik tina wandana wacana di luhur téh kagolongkeun kana warna ....
Laporan kaayaan
. Laporan perjalanan
Laporan kagiatan
Laporan panalungtikan
Poé Ahad harita teh. Tabuh 7.30, kuring katut anggota PMR lianna geus karumpul di buruan sakola. Kuring saparakanca téh rék ngayakeun haiking ka Gunung Walat.
Kumpul di buruan sakola téh teu lila, ngan saukur ngaregepkeun rupaning pituduh nu kudu dilaksanakeun ti Pembina PMR. Satuluyna mah bring baé rombongan téh ka tempat mobil nu ti tatadi geus disadiakeun. Paramurid mani cut-cat naraék kana mobil, paboro-boro kawas nu sieun teu kabagéan. Para pembinana mah cuh-cih ngatur paramurid nu siliséréd
Sempalan laporan di luhur téh kaasup kana bagian ....
Eusi
Bubuka
Panutup
Lampiran
Dina danget ieu tos samistina sim kuring umajak ka sadayana. Yu, urang sasarengan ronjatkeun deui ajén budaya Sunda anu luhung, ngalangkungan rupaning kagiatan kasundaan! Urang ramékeun deui tatar Parahiyangan ku masarakat nu nyunda. Masarakat nu campur gaulna ngagunakeun basa Sunda. Masarakat nu ngahibur dirina ku seni Sunda. Mugia baé di jaman kasajagatan kiwari, Sunda salawasna nanjung.
Eusi sempalan naskah biantara di luhur nya éta ....
Ajén budaya Sunda nu sumebar téh kacida luhungna
Masarakat Sunda sakuduna geus nyunda sagala rupana
DIi tatar Parahiyangan masarakatna geus nyunda
Ajakan ka masarakat Sunda sangkan ngaronjatkeun ajén budaya Sunda
Bagéan eusi biantara umumna ....
Nétélakeun puji jeung sukur ka Gusti Nu Mahasuci
Solawat ka kangjeng Nabi Muhammad SAW
Sanduk-sanduk ménta dihampura bisi aya hal anu kurang merenah
Umajak ka balaréa pikeun migawé hal anu hadé
PUUN
Di tatar Sunda aya salah sahiji wewengkon anu disebut Kanékés. Ka luar mah katelahna téh Baduy. Ari pernahna éta wewengkon téh nya éta di kacamatan Leuwidamar, kabupatén Lebak, provinsi Banten. Pangeusi éta wewengkon masih pengkuh kana tali paranti parakaruhunna, kaasup dina nangtukeun pamingpin.
Pamingpin di éta wewengkon disebutna téh puun. Pangkat puun téh turun tumurun saperti bupati dina jaman pamaréntahan Walanda. Calon puun atawa pipuuneun ogé kudu geus ditangtukeun ku puun anu jumeneng kénéh.
Puun téh pamingpin éta wewengkon dina sagala widang, kayaning ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara jeung kapala agama. Lamun di masarakat umum mah tangtu geus parebut padahayang jadi puun. Anéhna di éta wewengkon mah padaembung jadi puun téh. Sanajan puun téh ratuna, pangmulyana, pangkawasana, tapi loba anu ceurik balilihan lamun kapilih jadi puun. Malah, tampolana aya anu nékad miceun manéh ka wewengkon séjén. Éta téh ngagambarkeun yén puun téh gedé pisan tanggung jawabna.
Di pamaréntahan umum lolobana pamingpin ngan kataji ku kasenanganana wungkul, ari puun mah henteu. Dirina kudu sanggup tur mampuh jadi wawakil batara tunggal ngaraksa jeung nangtayungan jiwa sapangeusi Baduy.
Puun mangrupa sesebutan ka pamingpin di wewengkon ….
Cisungsang
Cipta Gelar
Sirnaresmi
Baduy

Nu kapilih jadi puun aya kalana sok ceurik balilihan. Ieu hal téh dibalukarkeun lantaran ….
Kataji ku kasenangan wungkul
Ngaluarkeun waragad gedé
Jadi jalma pangkawasana jeung pangmulyana
Gedé pisan tanggung jawabna
Ungkarai banda tatalang raga mibanda harti ….
Harta téh pikeun raga
Harta bisa nulungan lamun keur aya kasusah
. Harta hiji mangsa bakal beak
Harta loba gunana keur raga
Mitohana : ”Kabayan! Hudang atuh, geus beurang!”
Si Kabayan : (Ngulisik) ”Eeeehhh!”
Mitohana : ”Hayu urang ka huma, bantuan Abah ngala roay!”
Si Kabayan : (Kukulisikan kénéh) ”Eeeehhh!”
Mitohana : ”Geuwat hudang, bisi beurang mantén!”
Bagian drama di luhur disebut
Prolog
Monolog
Dialog
Epilog
Basisir Cicaladi
Di basisir laut kidul
pernahna di Cicaladi
alamna éndah tur waas
lambakna patingsiriwik
siliudag jeung baturna
matak narik kana ati
Mun nyawang ka tengah laut
nyidikkeun lambak jaladri
caina liuh teu motah
lambakna teu matak risi
malah lir nu ngagupayan
ngajak ocon nu pelesir
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh nu digunakeun dina guguritan di luhur nya éta ....
8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a
8-u, 8-i, 8-a, 8-a, 8-a, 8-u
A. 8-u, 8-a, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
Kahatur
Neng Putri
di Tepis Wiring
Bagian surat éta téh disebutna …………..
. Kop surat
Alamat Surat
Salam Bubuka
Tiiti mangsa