wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UJIAN SEKOLAH BAHASA SUNDA

Total questions: 40

Worksheet time: 3hrs 58mins

Name
Class
Date
1.

Kecap nu dianggo jang nanya ka batur disebatna ....

a)

kecap panghubung

b)

kecap pananya

c)

kecap bilangan

d)

paribasa

2.

Naon nu dimaksud wawancara teh?

a)

kagiatan jeung babaturan

b)

kagiatan paguneman tanya jawab

c)

kagiatan di sakola

d)

kagiatan pateuteup raray

3.

Ngumpulkeun informasi mangrupakeun ... wawancara.

a)

tujuan

b)

jawaban

c)

arti

d)

rupa

4.

Yudi : ... bapa janteun pangusaha kantong?

Pa Robi : Ti keur sakola keneh nuju SMP.

kecap anu pantes ngeusian bagean anu kosong nyaeta ...

a)

kunaon

b)

ti saha

c)

ti iraha

d)

ti mana

5.

Nu dimaksad dadasar nyaeta ....

a)

nu jualan atawa nu dagang

b)

ngamparkeun jeung ngatur dagangan

c)

ngabuskeun dagangan kana kardus

d)

wawangunan tempat dagang

6.

Omong harus batan....

tuluyna paribahasa di luhur nyaeta ...

a)

kendang

b)

bedug

c)

goong

d)

kohkol

7.

Ngeumbreuk nyaeta ....

a)

dagangan nu payu pisan

b)

dagangan nu geus basi

c)

dagangan nu rek dibikeun

d)

dagangan nu henteu payu

8.

Ngajual dagangan henteu meunang bati disebatna ....

a)

untung

b)

riba

c)

rugi

d)

bati

9.

kecap pananya "kumaha" digunakeun pikeun nanyakeun ...

a)

ngaran jalma

b)

kaayaan

c)

kalakuan

d)

jumlah

10.

Anu te kaasup tempat dagang nyaeta …

a)

warung

b)

jongko

c)

saung

d)

toko

11.

Kecap anu make rarangken tengah -um nyaeta . . .

a)

Bareurang

b)

Sumujud

c)

Rarepot

d)

Baroga

12.

Kecap anu make rarangken tengah -ar nyaeta . . .

a)

Lumeho

b)

Piwejang

c)

Lumaku

d)

Nyareri

13.

Kecap anu make rarangken tengah -in nyaeta . . .

a)

Sinareng

b)

Karampa

c)

Sumerah

d)

Simbutan

14.

Murid-sadayana-kelas-naraek

Kecap di luhur disusun jadi kalimah anu merenah nyaeta . . .

a)

Sadayana murid naraek kelas

b)

Naraek sadayana kelas murid

c)

Naraek murid kelas sadayana

d)

Sadayana kelas naraek murid

15.

Dihandap ieu anu disebut tanda panyeluk nyaeta . . .

a)

?

b)

!

c)

".."

d)

/

16.

Dihandap ieu anu disebut tanda kekenteng nyaeta . . .

a)

:

b)

!

c)

?

d)

"..."

17.

Tanda baca anu dipake pikeun ngaganti kecap "atawa" nyaeta . . .

a)

Gurat condong

b)

Panyeluk

c)

Kekenteng

d)

Pananya

18.

Bade ka mana atuh ...

Tanda baca anu merenah nyaeta ...

a)

!

b)

?

c)

/

d)

:

19.

Manawi akang . . . Teteh uninga

Tanda baca anu merenah nyaeta ...

a)

:

b)

?

c)

!

d)

/

20.

Baca paguneman ieu di handap !

Suci : "Ris, kumaha saratna ngajukeun beasiswa prestasi teh?"

Aris : "aya tilu sarat."

Suci : "naon wae, ris?"

Aris : "saratna, peunteun rapot rata-rata 80, kungsi jadi pinunjul pasanggiri dibuktikeun ku piala atawa sertifikat, jeung diidinan ku kolot, dibuktikeun ku surat idin."

Suci : "oh,kitu. Aris rek ngajukeun beasiswa?"

Aris : "nya arek atuh, sugan we di tarima, ari Suci?"

Suci : " abdi ge arek atuh. Bareng nya, Ris, ngajukeun na."

Aris : "hayu."

Naon jejer paguneman di luhur teh?

a)

Ngajukeun beasiswa prestasi

b)

Peunteun rapot alus

c)

Ngajukeun sertifikat pasanggiri

d)

Idin miluan pasanggiri

21.

Baca cutatan dongéng ieu pikeun ngajawab soal nomer 9 jeung 10!

Usum katiga kawilang panjang, panon poé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun, peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta. Geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang. Leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna, ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung Ieu geuning hakaneun aing téh, ceuk ajag. Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik! pokna deui bari angger babaung.


Kaasup kana jenis dongéng naon cutatan di luhur?

a)

babad

b)

sasakala

c)

fabel

d)

parabel

22.

Ieu di handap, ungkara iklan layanan masarakat ieu eusina pangajak, iwal ....

a)

Sing Irit Maké Listrik

b)

Sing Taat Mayar Pajeg

c)

Singkahan Narkoba

d)

Sing Getén Miara Leuweung

23.

Mana di antara kalimah ieu anu bener ngalarapkeun kecap rajékan?

a)

Tong dar-dér-dor deui atuh kéngéng cape-capé nilepan!

b)

Sora petasan ti tungtung lembur mani war-wér-wor matak katorékan.

c)

Jang Muslih gering panas, sapeupeuting hantem wé sasar.

d)

Kari-kari rék dikamanakeun atuh, lain cicing.

24.
Kecap pananya keur naroskeun ngaran tempat nyaeta ….
a)
di mana
b)
saha
c)
kumaha
d)
sabaraha
25.
Kecap pananya keur naroskeun ngaran jalma nyaeta ….
a)
saha
b)
kumaha
c)
sabaraha
d)
sabaraha
26.
Aya … murid kelas 6E? Aya 20 urang.
a)
sabaraha
b)
kumaha
c)
di mana
27.

Sasangkala Tangkuban Parahu kasohor nyaritakeun kasaktian .....

a)

Malin Kundang

b)

Jaka Tarub

c)

Sangkuriang

d)

Gatot Kaca

28.

Kalimah nu mangrupa bubuka dina biantara, nyaeta .....

a)

Wilujeng enjing, Assallamu'allaikum wr. wb. puji sareng syukur ka Alloh SWT nu parantos masihan kanikmatan di dunya.

b)

Dina raraga mieling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus 2017 kamari, diayakeun kagiatan kemping di Bumi Perkemahan Cibubur.

c)

Mudah-mudahan biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh saderek sadaya pikeun kasehatan lingkungan. Hatur nuhun kasadayana, Wassalamu'alaikum wr. wb.

d)

Dina danget ayeuna, urang medar ngeunaan kasehatan lingkungan.

29.

Kalimah nu merenah ngagunakeun tata basa ragam hormat, nyaeta .......

a)

Pa guru angkat ka sakola.

b)

Pa Jaja nuju dahar di Kantin.

c)

Bu Lala arek meuli beas.

d)

Ema nuju neda di dapur.

30.

Kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara (narasumber), nu tujuanana keur ngumpulkeun informasi disebutna ......

a)

paguneman

b)

wawancara

c)

talkshow

d)

ngawangkong

31.

kecap-kecap ieu di handap anu teu kaasup tempat jualan, nyaeta ....

a)

toko

b)

warung

c)

saung

d)

jongko

32.

Isuk-isuk kira wanci tabuh salapan bisa ..... sabab alus keur kasehatan.

a)

moyan

b)

nyeseuhan

c)

popoe

d)

leuleumpangan

33.

kuring indit ka sakola

antonim kecap indit nyaeta...

a)

angkat

b)

balik

c)

mios

d)

cicing

34.

kalimah pananya "Iraha Bapa sumping ti Surabaya?" dipake pikeun nanyakeun ....

a)

tempat

b)

waktu

c)

jalma

d)

jumlah

35.

Alungkeun tambang teh ka dieu, jang ...

Tanda baca anu merenah nyaeta ...

a)

"..."

b)

?

c)

!

d)

:

36.

Diumumkeun ka balarea,dina wangkid kiwari keur meuweuh panyakit virus corona/covod 19 di tatar Jawa Barat,sarta geus mawa korban.

Jelaskeun harti ku hidep kumaha carana sangkan urang sarerea salamet tina panyakit virus corona!

4 lines
37.

Indonesia teh nagara nu subur makmur,gemah ripah loh jinawi.Alamna indah.Tanahna hejo lembok.Rupaning sumber daya alam nyampak di Indonesia.Kaendahan jeung kabeungharan tanah Indonesia geus kawentar ka mancanagara.

Tuliskeun Ide pokok paragraf diluhur !

4 lines
38.

Tuliskeun harti paribasa, Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok !

4 lines
39.

Tuliskeun rangka biantara/pidato!

4 lines
40.

Tuliskeun hal-hal anu kudu diperhatikeun dina ngagalantangkeun biantara

4 lines