NEW
Font size
WorksheetsPTS BAHASA SUNDA KELAS XI
Total questions: 15
Worksheet time: 17mins
Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).
Eusina ngagambarkeun éndahna tanah Pasundan mangsa harita, antara taun 50 nepika 60-an. Nepi ka ayeuna, sajak-sajakna jadi bahan pamujian. Malah unggal nyebut Ramadhan KH, umumna jelema sok langsung ngaitkeun kana buku kumpulan sajak karyana, nyaéta Priangan Si Jelita téa.
Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dilélér hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani.
Tokoh Biografi di luhur, nyaeta...
Gilang Ramadhan
Asrul Sani
Ramadhan Kartahadimadja
Gilang Kartahadimadja
Reza Ramadhan
Tengetan téks biografi ieu di handap!
1. Dina taun 1935 dibenum jadi perwira KNIL (Koninklijke Nederland Indisch Leger) sarta ditempatkeun di batalyon X Jakarta, di Kompi Jawa. Lajeng di Kompi Manado sareng walanda totok. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda.
2. Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).
3. Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh.
4. Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dilélér hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani.
5. Mang Koko teh teu reureuh – reureuh neuleuman seni karawitan. Ku tarekahna mang Koko, nu sasatna geus mukakeun gapura seni karawitan Sunda. Ku karancageanana geus nyiptakeun kaparigelan anu wilang revolusioner ku cara ngagarap seni kawitan tradisional kana cara wanda anyar.
Paragraf anu nuduhkeun salah sahiji unsur biografi prestasi nyaeta ....
1, 2 jeung 3
1, 2 jeung 4
1, 2 jeung 5
2, 3 jeung 4
3, 4 jeung 5
Taun 1967 Ajip Rosidi diangkat jadi dosén luar biasa di Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran di Bandung. Salian ti éta anjeunna mindeng méré kuliah umum di rupa-rupa universitas di Indonésia. Diantarana di ITB, UNDIP, IKIP Negeri Bandung, jeung sajabana. Taun 1981 diangkat jadi Visiting Professor di Osaka Gaikokugo Daigaku di Osaka, Jepang nepi ka taun 2003. Taun 1983-1994 jadi Guru Besar Luar Biasa di Tenri Daigaku, Tenri, Nara. Taun 1983-1996 jadi Guru Besar Luar Biasa di Kyoto Sangyo Daigaku di Kyoto. Pénsiun sarta balik deui ka Indonésia taun 2003.
Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun…
pangajén anu kungsi katarima
riwayat atikan
riwayat pakasaban/pagawean
lalandian atawa julukan
tempat ping gumelar
Mikihiro Moryama atawa sok disebut Kang Miki nyangking gelar sarjana di Universitas Osaka Studi Luar Negeri kalawan ulikan Departemén Bahasa Indonésia sarta lulus dina taun 1985. Satuluyna neruskeun atikan Program Pascasarjana di universitas anu sarua dina taun 1985 sarta lulus 1987. Dina taun 2003 anjeunna nyangking gelar doktor Kasusastraan di Universitas Leiden (Belanda) kalawan disertasi “A New Spirit: Sundanese Publishing and the Changing Configuration of writing in Nineteenth-Century West Java 1987”.
Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun…
pangajén anu kungsi katarima
riwayat atikan
riwayat pakasaban
lalandian atawa julukan
tempat ping gumelar
Kang Miki jadi dosén basa Indonésia di Universitas Internasional Yachiyo, Chiba dina taun 1990-1992, dosén basa Sunda, di Universitas Tokyo taun 1991-1992, dosén basa Indonésia, di Sekolah Tinggi Seni dan Ilmu Pengetahuan, Universitas Tokyo taun 1991-1992, dosén basa Sunda, Departemén Asia Tenggara jeung Oséania, Fakultas Sastra, Universitas Leiden (Belanda) taun 1992-1994, dosén Basa Sunda, di Fakultas Studi Asia, Universitas Nasional Australia taun 2005.
Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun…
pangajén anu kungsi katarima
riwayat atikan
riwayat pakasaban
lalandian atawa julukan
tempat ping gumelar
Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).
Kecap dipikawanoh dina sempalan biografi di luhur sarua hartina jeung....
dipikanyaah
dipikacinta
dipikadeudeuh
dikenal
dipikangewa
Taun 1967 Ajip Rosidi diangkat jadi dosén luar biasa di Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran di Bandung. Salian ti éta anjeunna mindeng méré kuliah umum di rupa-rupa universitas di Indonésia.
Kecap mindeng dina sempalan biografi di luhur sarua hartina jeung kecap....
bindeng
langka
sering
sakapeung
kakapeungan
Taun 1967 Ajip Rosidi diangkat jadi dosén luar biasa di Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran di Bandung. Salian ti éta anjeunna mindeng méré kuliah umum di rupa-rupa universitas di Indonésia. Diantarana di ITB, UNDIP, IKIP Negeri Bandung, jeung sajabana. Taun 1981 diangkat jadi Visiting Professor di Osaka Gaikokugo Daigaku di Osaka, Jepang nepi ka taun 2003. Taun 1983-1994 jadi Guru Besar Luar Biasa di Tenri Daigaku, Tenri, Nara. Taun 1983-1996 jadi Guru Besar Luar Biasa di Kyoto Sangyo Daigaku di Kyoto. Pénsiun sarta balik deui ka Indonésia taun 2003.
Mana anu teu luyu jeung sempalan biografi di luhur?
Taun 1967 Ajip Rosidi diangkat jadi dosen tamu di Universitas Padjadjaran.
Ajip Rosidi mindeng mere kuliah umum dirupa-rupa universitas di Indonesia.
Ajip Rosidi mindeng mere kuliah umum di ITB, UNDIP, IKIP Negeri Bandung.
Taun 1981 diangkat jadi Visiting Professor di Osaka Gaikokugo Daigaku di Osaka Jepang.
Taun 1983-1996 jadi Guru Besar Luar Biasa di Kyoto Sangyo Daigaku di Kyoto.
Nénéng SD-na di Wangisagara, SMP Muhammadiyah di Majalaya, neraskeun ka SMKI di Bandung lulus taun 1982. Sakola téh lancar, rupina kalebet golongan murid nu berpréstasi. Lebet ka SMKI – ku yasana Bapa Djudju Sa’in – bakat sareng karesep kana kasenian téh asa kasalurkeun. Malih tos ngawitan sering minton bari mitembeyan.
Sempalan paragraph di luhur nyaritakeun…
riwayat atikan
riwayat pakasaban
lalandian
pangalaman hirup
prestasi anu kungsi dicangking
Biografi Anne Frank nu kapanggih tina catetan poéanana nu dijudulan The Diary of Young Girl (terbit taun 1952). Anjeunna téh mojang Yahudi ti Jerman anu jadi salah saurang korban kabengisan tentara Nazi di Walanda dina Perang Dunya II.
Tina pedaran di luhur katitén mangpaat biografi minangka...
diajar jeung ngeunteung kana pangalaman hirup hiji inohong
bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh
biografi hiji tokoh bagian tina dokumen sajarah.
maham hiji kajadian/peristiwa tina sawangan anu béda-béda.
biografi minangka sumber éksisténsi.
27. Carita pondok Cécép anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Albeum Kuring”, “Nu Luncat tina Beus Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”.
Sempalan biografi di luhur kaasup kana bagian...
riwayat atikan
riwayat pakasaban
pangajén anu kungsi katarima
tempat ping gumelar
lalandian atawa julukan
Prof. Dr. Mikihiro Moriyama gumelar di Kyoto, Jepang, tanggal 16
Séptémber 1960. Kang Miki téh sarjana basa jeung sastra Sunda, anu ayeuna nyangking kalungguhan Profésor widang basa Indonésia di universitas Nanzan, Anjeunna nulis rupaning buku jeung éséy ngeunaan budaya citak jeung modérnitas ogé ngeunaan kawijakan basa di Indonésia. Narjamahkeun sastra kontémporér Indonésia kaasup karya Séno Gumira Ajidarma jeung Putu Wijaya kana basa Jepang. Ngajarkeun basa Indonésia ti taun 1988 di Jepang, kaasup nyusun buku pelajaran basa Indonésia keur siswa di Jepang.
Dina sempalan paragrap di luhur aya kecap gumelar anu hartina…
tepang taun
milangkala
lahir
maot
palastra
Assalmu’alaikum warohmatullohi wa barokatuh.
Minangka bubuka catur, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara. Katingalna mah mani rempeg, boh parabapa katut paraibu ti staf désa, boh kanca-kanca parapamuda. Wilujeng sumping ka ieu tempat acara.
Manga urang buka baé ieu acara ku sami-sami maca basmallah: Bismillahirrohmanirrohim.
Kagiatan miéling Proklamasi Kamerdékaan Républik Indonésia ieu minangka sukuran ka Alloh SWT yén nagara urang parantos leupas tina penjajahan, sakantenan ngébréhkeun pangajén ka parapahlawan anu parantos bajoang ngorbankeun jiwa ragana enggoning ngahontal kamerdékaan bangsa jeung nagara.
Dupi runtuyan acara dina wengi ayeuna nya éta:
1. bubuka
2. maca ayat suci Al-Qur’an
3. nyanyikeun lagu Indonésia Raya
4. biantara ti pupuhu Panata Calagara
5. ….
Ungkara basa dina sempalan wacana di luhur mangrupa…
naskah biantara
naskah wawancara
paguneman
warta
naskah panata acara
Ieu di handap cara-cara numbu catur atawa mingpin rapat iwal……………
Panumbu catur perlu merhatikeun tatacara sopan santun protokoler di hiji daerah
Omongan panganteur kana kagiatan diskusi alusna mah singgeut tapi jelas
Ngarumuskeun hasil anu bisa di tarima ku sakumna pamilon
Perlu miboga sikep objektif tur tumarima (terbuka) ka sakur pamilon
Omongan panumbu catur bisa ditarima ku para pamilon
Daihandap ieu rupa-rupa tanggung jawab pamimpin rapat iwal………
Ngajaga atawa miara lancarna diskusi
Nyieun kacindekan saheulaanan tina hasil diskusi
Ngantepkeun jalanna diskusi sakadaek pamilon
Ngarahkeun jalana diskusi sangkan ngahontaltujuan anu di pikahareup
Nanyakeun kamandang atawa pamandegan ti pamilon rapat
