NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsPTS BAHASA SUNDA
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Name
Class
Date
1.
Ieu di handap anu teu kalebet kanau ngaran kaulinan barudak, nyaeta ….
a)
alung boyong
b)
babandringan
c)
sasalimpetan
d)
peureum hayam
2.
Kaulinan anu khas diulinkeun ku barudak awewe, nyaeta ….
a)
ucing sumput
b)
beklen
c)
peupeusingan
d)
kukudaan
3.
Kecap barang anu teu aya di dapur, nyaeta ….
a)
TV
b)
panci
c)
katel
d)
kompor
4.
Kecap barang anu nuduhkeun sasatoan anu sukuna opat nyaeta ….
a)
oray
b)
titinggi
c)
hileud
d)
ucing
5.
Anu teu kalebet kana kalimah pangajak nyaeta ….
a)
Jung atuh gera nyumput!
b)
Yu urang jajan heula!
c)
Hayu bade ngiringan hom-pim-pah!
d)
Urang oray-orayan, yu!
6.
Oray naon anu aya dina kakawihan Oray-orayan?
a)
oray laut
b)
oray bungka
c)
oray sawah
d)
oray welang
7.
Ku sabab …………, lalangit ge bisa katoel. Kecap anu saluyu kanggo ngalengkepan kalimah eta nyaeta ….
a)
pangcangkerna
b)
pangpendekna
c)
pangdeukeutna
d)
pangjangkungna
8.
"Dina soal ngawih mah, Cici teh ……..". Kecap anu mantes kanggo ngalengkepan kalimah tadi nyaeta ….
a)
pangsonagarna
b)
pangwanterna
c)
pangpunjulna
d)
pangpinterna
9.
Kagunaan kecap pananya "iraha", nyaeta pikeun nanyakeun ….
a)
waktu
b)
tempat
c)
alesan
d)
kaayaan
10.
Kecap pananya anu gunana pikeun nanyakeun tempat tujuan nyaeta ….
a)
kunaon
b)
naha
c)
ka mana
d)
di mana
11.
Kecap kaayan kedul sarua hartina sareng ….
a)
getol
b)
males
c)
bodo
d)
eraan
12.
Ieu di handap anu teu kalebet kanu kecap kaayaan nyaeta ….
a)
babarian
b)
ingkud-ingkudan
c)
jongjon
d)
turun
13.
Katangtuan jumlah engang dina sapadalisan disebutna ….
a)
guru wilangan
b)
guru lagu
c)
guru gatra
d)
guru wirahma
14.
Watek pupuh Magatru teh nyaeta ….
a)
banyol
b)
sayaga rek perang
c)
gumbira
d)
sedih atawa prihatin
15.
Jumlah guru wilangan dina Kalimah "Urang kudu boga sobat dalit", nyaeta ….
a)
7 engang
b)
8 engang
c)
10 engang
d)
12 engang
16.
Ari nu disebut padalisan dina pupuh the sarua hartina sareng ….
a)
paragraf
b)
bait
c)
jajaran
d)
kalimah
17.
Anu disebut guru lagu dina pupuh nyaeta ….
a)
sora awal dina unggal padalisan
b)
sora tungtung dina unggal pada
c)
sora tungtung dina unggal padalisan
d)
sora nu sarua dina sapadalisan
18.
Guru lagu sareng guru wilangan dina sempalan pupuh Magatru ieu " Ngabogaan sobat dalit urang kudu", nyaeta ….
a)
12-u
b)
10-u
c)
12-i
d)
8-u
19.
Dahar samemeh Subuh dina Bulan Puasa disebutna ….
a)
saur
b)
buka
c)
boboran
d)
tajil
20.
Budak nu babarian labuh diibaratkeun siga ….
a)
nu tambelar
b)
nu balangah
c)
nu rek adian deui
d)
nu teu ati-ati
Reset
