wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS SAJAK smester 2

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Salah sahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi), teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna...

a)

Pupuh

b)

Sajak

c)

Guguritan

d)

Sisindiran

e)

Wawangsalan

2.

Kalimah di handap anu ngandung harti konotatif, nya eta...

a)

Adang sok maju ka hareup!

b)

Sok geura maju, ulah cicing waé di tukang

c)

Mobil anyar téh maju mani gancang

d)

Wa Haji téh ayeuna geus maju dagangna

e)

Ari geus maju mah, manéhna téh wani nincak sagala

3.

Ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepika sajak téh kaharti eusi atawa maksudna disebut...

a)

Dramatisasi

b)

Parafrase

c)

Déklamasi

d)

Musikalisasi

e)

Maca sajak

4.

Baca sempalan ieu sajak!

Merah putih nu kiwari mumbul

Baheula kungsi ngélébét

Dina tungtung bayonét

Katut peujit murilit


Dina sempalan sajak di luhur, kecap anu ngandung harti konotatif, nya éta...

a)

Mumbul

b)

Ngélébét

c)

Dirangkul

d)

Murilit

e)

Kiwari

5.

Nu dimaksud Jejer (Sense) dina adegan batin sajak nyaeta ………..

a)

Poko pikiran anu aya dina sajak

b)

Ngajiwaan eusi sajak ku cara di baca

c)

Sikep panyajak ka nu maca dina ngabalukarkeun suasana nu ka rasa ku nu maca

d)

Pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak

e)

Adegan nu teu katembong langsung nu bisa diteuleuman atawa dirarasa ku nu maca sajak

6.

Nu dimaksud Sajak Epik nyaeta …………

a)

Ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun sejen

b)

Kumpulan sajak anu dibukukeun

c)

Cara midangkeun sajak ditalar tanpa make teks nu ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jst

d)

Sajak nu eusina sipatna lain ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

e)

Sajak nu eusina sipatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

7.

Nu dimaksud Deklamasi sajak nyaeta ………..

a)

Ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun sejen

b)

Kumpulan sajak anu dibukukeun

c)

Cara midangkeun sajak ditalar tanpa make teks nu ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jst

d)

Sajak nu eusina sipatna lain ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

e)

Sajak nu eusina sipatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

8.

Nu disebut Pada nyaeta…………..

a)

Baris atawa jajar

b)

Bait

c)

Jumlah suku kata

d)

Tungtungsora

e)

Engang

9.

Nu disebut Padalisan nyaeta…………..

a)

Baris atawa jajar

b)

Bait

c)

Jumlah suku kata

d)

Tungtungsora

e)

Engang

10.

Ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepika sajak téh kaharti eusi atawa maksudna disebut...

a)

Dramatisasi

b)

Parafrase

c)

Déklamasi

d)

Musikalisasi

e)

Maca sajak