WorksheetsUS Bahasa Sunda kelas 9
Total questions: 35
Worksheet time: 1hrs 10mins
Drama, bisa ogé disebut seni….
peran
pilem
pagelaran
dialog
Naskah drama téh kagolong kana karya seni ….
sastra
puisi
seni
prosa
Ieu di handap anu kaasup kana salah sahiji drama tradisional Sunda, nyaéta…
Ludruk
Longser
Lenong
Wayang
Hal nu mimiti dilakukeun, dina proses nyieun pagelaran drama, nyaéta….
casting atawa milih pemain atawa aktor
reading naskah
nangtukeun naskah drama
nangtukeun sutradara
Bagian panutup dina drama anu eusina kacindekan lalakon jeung naséhat/amanat
babak jeung adegan
candraan
pertélaan palaku
épilog
Dina mentaskeun drama, jalma anu boga peran penting dina ngatur sakabéh unsur anu aya dina drama disebut….
penulis naskah
aktor
sutradara
narator
Sempalan téks drama di luhur téh keur ngamasalahkeun. . .
Jurig
Pocong
Si Néng
TV
Cutatan drama di luhur kaasup gambaran . . .
plot
téma
galur
palaku
Sempalan téks drama di luhur téh ngagambarkeun kaayaan dua palaku anu keur. . .
silih tawar
pabaeud-baeud
silih pikanyaah
paréa-réa omong
Aspék-aspék anu aya dina struktur drama di antarana…
palaku atawa aktor.
sutradara
monolog
properti
Latar tempat carita dina éta naskah drama téh nyaéta di….
Pasar
Alun-alun
Pilemburan
Imah Hj. Kokom
Kajadian di luhur téh lumangsungna iraha?
Pasososré
Tengah poé
isuk-isuk
Magrib
Watek Mang Supri tina sempalan téks di luhur nyaéta….
babari ambek
gumasép
resep heureuy
teu paduli kana omongan batur.
Watek Ceu Eboh tina sempalan téks di luhur nyaéta….
bageur
sombong, hayang kapuji
gumeulis
resep barang béré ka batur
Ceu Lilis ka warung Nénéng téh maksudna rék….
meuli dahareun
meuli spagéti
ngarumpi
nganjuk teri buntung
Aya sabaraha palaku tina sempalan téks di luhur ?
dua
tilu
opat
hiji
Saha nu boga watek resep ngolo jeung ngeles dina sempalan teks di luhur?
Nénéng
Ceu Lilis
Mang Supri
Ceu Eboh
(SAKABEH NU AYA DIDINYA NYAKAKAK!)
Maksud kecap “nyakakak” tina téks sempalan di luhur nyaéta….
ngomong
seuri
lumpat
cicing
Lamun ningali kana eusina, naskah drama “Tukang Sol Sapatu” téh kagolongkeun kana drama….
komédi
romantis
tragedi
horor
Titénan sempalan naskah drama di handap!
Kokolot : Enggeus Ulis! Enggeus! Da geus kumpul kabéh, jeung na nitirkeun kohkol téh meni hahabenan teuing, siga rék kiamat baé atuh! Geus geura diuk!
Rayat I : (ka Ulis) Aya naon atuh ieu téh Ulis? Kahuruan?
Ulis : Lain!
Rayat II : Rampog?
Ulis : Lain!
Rayat III : Nu ngagantung manéh?
Ulis : Saha nu ngagantung aing? Lain!
Rayat IV : Aya nanon atuh Kang Ulis?
Ulis : Duka atuh, teu terang!
Rayat IV : Har, meni araranéh! Ari taeun téh.
Kokolot : Kieu yeuh, pangna dikumpulkeun téh, abah narima béja yén Kangjeng Raja, raja urang anu mulya, isukan rék ka dieu.
(Hidayat Suryalaga-"Raja Wales")
Paguneman di luhur téh nyaritakeun ngeunaan….
lembur nu rék kadatangan raja
lembur nu kadatangan rampog
jalma nu ngagantung manéh
kajadian anéh di hiji lembur
Jalma anu sadar tina kasalahanana sok disebut….
gedé hulu
amis budi
babalik pikir
hampang birit
Babasan panjang leungeun téh dilarapkeun ka jalma anu….
teu bisa ka mamana
sok puak-paok
babari dititah
hésé dititah
Si Uday mah …. tara diengkékeun mun dititah téh.
Babasan anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur téh nyaéta….
gedé hulu
amis budi
babalik pikir
hampang birit
Aya babasan hadé gogog hadé….
basa
budi
tagog
léngkah
Barang datang, geus teu nyampak nanaon. Geus béak kabéh dahareun téh. Rét ka si Markum. Eh moal salah deui tangtu béak ku manéhna dahareun téh. Meujeuh disebut kabur pangacian kaya kieu mah. Si Markum téh kandel kulit beungeut. Kitu ceuk si Aduy mah. Cenah can ogé dimanggakeun ku nu boga imah, si Markum mah geus sagala dicokot. Puguh deui anu barang pénta mah. Ngérakeun. Untungna anu boga imah téh amis budi. Malah mah nitah ulin deui ka si Markum.
Lamun dititénan tina bacaan di luhur téh kapanggih aya babasan anu salah larapna, nyaéta….
amis budi
kabur pangacian
kandel kulit beungeut
nyampak nanaon
Jalma anu sok ninggalkeun pagawéan baku, tuluy ngalampahkeun pagawéan anu taya hartina sok disebut….
asa mobok manggih gorowong
aya cukang komo meuntas
banda tatalang raga
cul dogdog tinggal igel
Paribasa agul ku payung butut dilarapkeun ka jalma anu….
agul ku turunan
robah tingkah laku
hadé tingkah laku jeung hadé omongan
goréng haté ka batur
Najan teu ditanya ogé si Uday mah sok … angot di hareupeun awéwé mah, sok hayang katangar.
asa mobok manggih gorowong
aya cukang komo meuntas
goong nabeuh manéh
cul dogdog tinggal igel
Aya paribasa, adat kakurung ku….
bitis
iga
leungeun
ramo
Paribasa buruk-buruk papan jati téh hartina….
agul ku turunan atawa kulawarga
najan gedé dosana ari dulur mah sok hayangnulungan
indung jeung bapa téh sumber kasenangan
kababawa ku batur anu nyieun kasalahan
Naon anu dimaksud monolog téh? Pék terangkeun ku hidep!
Pék sebutan ku hidep 3 conto drama tradisional Sunda!
Dina drama Sunda mah aya anu disebut Gending Karesmén. Naon ari Gending Karesmén téh? Terangkeun ku hidep!
Pék ku hidep jieun hiji kalimah anu ngandung babasan "Tuturut Munding"!
Pék ku hidep jieun hiji jalimah anu ngandung paribasa " Adat kakurung ku iga"!
