Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT BAHASA SUNDA KLS XI - 21

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Baca sing gemet sempalan warta dihandap !

“ KU TAYA PISAN CUKANG , BARUDAK SAKOLA KUDU MEUNTAS WALUNGAN “

( Sunda News, Garut )

Puguh ge kapaksa.puluhan murid Madrasah Tsanawiyah kudu milu ujian nasional ( UN ) bari pakean jalibgreg. Eta sakola teh perenahna di Desa Mekarwangi, Kec. Cibalong Kab. Garut. Sangkan bisa tepi ka sakola teh kudu turun mentasan walungan cibaluk heula. Kawantu taya pisan cukang jeung cai walungan keur leb-leban.Ti jam 06.30 mula, barudak geus kumpul di kampung Sakambangan, Desa Mekar –wangi. Sanggeus kumpul bring weh mapay galengan jeung gawir, turun kasisi walungan mentasna teh maruka sapatu heula.

Naon anu ka gambar ku hideup eta eusi warta teh ?

a)

Taya pisan cukang

b)

Milu ujian nasional

c)

Mapay galengan jeung gawir

d)

Cukang lantaran

e)

Pakean jalalibreg

2.

1. Baca sing gemet sempalan teks warta dihandap !

DELDOM DIGEBAH TI ALUN- ALUN “

Lian ti dipake kontes seni katangkasan domba Garut,rosana tanaga domba Garut katembong dina deldom, nyaeta alat transportasi sarupa keretek, ngan sato nu narik na domba, lain kuda. Kaitung geus lila deldom ngaramekeun alun-alun Garut kota teh aya kanu puluhan tauna. Malah sateurusna nepa ka daerah sejen, saperti ka Ciamis. Dina bulan puasa mah tumpak deldom teh kacida di pika - resepna ku barudak nu ngabuburit. Pangurus MUI daerah Kab Garut nyarek ayana deldom lantaran kotoranana teu di palire, jadi ngaganggu kahusuan nu ibadahna muslimin di Mesjid Agung.

Kecap digebah dina sempalan teks warta di luhur, saharti jeung ...

a)

Di pake kontes di Alun- alun

b)

Di mumule ku warga Garut

c)

Di usir ku Pamarentahan Kota Garut

d)

Di carek ku pangurus MUI Kab Garut

e)

Di palire ku pamarentah Kab Garut

3.

Baca téks wawancara di handap !

CM: Minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun Akang, kontribusi Viking kanggo pamaén Pérsib?

YM: Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah. Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. Boh upami maén di Bandung boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring ngadukung Persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo pamaén mah.

Téks wawancara di luhur nyaritakeun ngeunaan ....

a)

Pamaénsenior

b)

Bobotoh jeung pamaén senior

c)

Kontribusi bobotoh nalika pamaén keur tanding

d)

Viking sok ngabring ngadukung

e)

Pamaén senior nu wawuh ka bobotoh

4.

Perhatikeun tabel di luhur ngenaa unsur warta!

Urutkeun nilai-nilai anu kudu dicumponan sangkan hiji kajadian bisa diangkat jadi warta, nyaeta ...

a)

5 – 6 – 4 – 3 – 2 jeung 1

b)

4 – 5 – 3 – 2 – 1 jeung 6

c)

3 – 5 – 2 – 1 – 6 jeung 4

d)

2 – 3 – 1 – 6 – 5 jeung 5

e)

1 – 2 – 3 – 4 -5 jeung 6

5.

Perhatikeun tabel diluhur ieu!

Ditilik jengglengna novel teh mibanda unsur – unsur atawa srtuktur. Unsur atawa struktur dina eta tabel, mangrupakeun unsur ...

a)

Apresiatif

b)

Intrinsik

c)

Ekstrinsik

d)

Ekstrinsik

e)

Eksprolasi

6.

Baca masing taliti pernyataan ngenaan novel.

1. Wangun lancaran fiksi

2. Alurna panjang

3. Jumlah tokohna kaitung rea

4. Latarna caritana ngarancabang

5. Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe Pernyatan diluhur mangrupakeun ... novel.

a)

Amanat

b)

Bubuka

c)

Ciri-ciri

d)

Dongeng

e)

Eusi

7.

Perhatikeun tabel ngenaan unsur novel di luhur !

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita sarta gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana, nyaeta harti tina ...

a)

Amanat jeung Puseur sawangan

b)

Palaku jeung Plot

c)

Puseur sawangan jeung Tema

d)

Setting jeung Tema

e)

Plot jeung Setting

8.

Perhatikeun tabel ngenaan unsur novel di luhur !

Cara nu dipake ku pangarang minangka saranapikeun midangkeun tokoh, tindakan , latar jeung peristiwa nu ngawangun carita, nyaeta harti tina ...

a)

Amanat

b)

Palaku

c)

Puseur sawangan

d)

Latar

e)

Galur

9.

Dina taun 1980 aya tujuh novel anu medal nyaeta :

Ka tujuh novel di luhur tangtu aya pangarangna .

Hasil karya saha novel anu no 3 ( Bentang Pasantren ) teh?

a)

Aam Amalia

b)

Usep Romli H.M.

c)

Edi D. Iskandar

d)

Ki Umbara

e)

Yosep Iskandar

10.

Dina taun 1980 aya dalapan novel anu medal nyaeta

Ka dalapan novel di luhur tangtu aya pangarangna .

Hasil karya saha Novel anu no 4 JEUNG 8 (Si Lamsijan Kaedanan + Si Bedog Panjang ) teh?

a)

Aam Amalia

b)

Usep Romli H.M.

c)

Edi D. Iskandar

d)

Ki Umbara

e)

Yosep Iskandar

11.

Tengetan sempalan novel ieu di handap!

“ Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti bumina. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi,ngabaheuhay mayunan méja alit “.

Sempalan novel diluhur ngagambarkeun tokoh Aki Uki anu …


a)

Sangsara

b)

Sagala loba

c)

Sagala teu boga

d)

Darehdeh

e)

Tara akur jeung batur

12.

Unsur dina novel aya hal - hal luareun carita tapi masih aya patula- patalina jeung ngawujudna eta carita, saperti saha nu ngarangna, saha nu macana, jeung di mana di muatna eta carita.

Pernyataan diluhur mangrupakeun unsur anu aya diluareun carita, disebut ...


a)

Unsur Instrumentalistik

b)

Unsur Intrinsik

c)

Unsur Novel

d)

Unsur Formalistik

e)

Unsur Ekstrinsik

13.

Perhatikeun pernyataan di handap!

Novel Sunda leuwih tiheula medalna batan Novel Indonesia.Karya sastra Sunda / modern,diantarana : Puputon, Lembur Singkur, Gogoda kanu ngarora, Baruang kanu Ngarora, Bentang Pasantren.

Novel anu munggaran dina sastra Sunda, medalna taun 1914 nyaeta ...

a)

Lembur Singkur karya Abdullah Mustatappa

b)

Lembur Singkur karya Abdullah Mustatappa

c)

Baruang kanu Ngarora karya D.K. Ardiwinata

d)

Puputon karya Aam Amelia

e)

Bentang Pasantren karya Usep Romli HM.

14.

Perhatikeun pernyataan dihandap ! 

Ciri-ciri karya sasta modern nyaeta :

1.Aya pangarangna

2.Caritana ngarancabang

3.Latarna laluasa

4.Tokoh/ Palakuna loba

5.Eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe

Jadi anu disebut novel teh,nyaeta ...

a)

Puisi Rekaan

b)

Prosa Rekaan

c)

Cargam

d)

Romantika

e)

Fiktif

15.

Titénan sempalan novel ieu di handap!

Dina hiji poe, kacaritakeun Jang Warji rek ngusep di walungan ,lantaran tas hujan sapeupeuting pasti loba laukna dina pikiranana. Tapi cinekul salila-lila manéhna can beubeunangan kénéh. Kesel meureun manéhna kuniang cengkat, tapi nangtungna ogé can ajeg, na atuh aya nu ngajongklokeun ti tukangeunana, atuh Jang Warji ti gejebur kana walungan. barang karérét ku manéhna aya dua manusa anu nyuntrungkeunana, manéhna teu hayangeun males atawa ngalawan.

Sempalan novel diluhur eusina ngenaan ....

a)

Jang warji nguseup diwalungan

b)

Aya anu ngajongklokeun

c)

Dua urang jalma anu jail

d)

Teu hayangeun males atawa ngalawan.

e)

Tigujubar

16.

Titenan sempalan wawacan dihandap !

Panji Wulung Ngéléhkeun Jayapati Kacaturkeun geus bray beurang, lajeng mangkat Radén Panji, rayap uncal dibuburak, rending badak reujeung sapi, lembunangajungkiring, maung jalan tinggarerunga, Radén kalunta-lunta, panas poé mentrang mentring, tuluy manggihan cai ditegalan.

Latar tempat wawacan di luhur nya éta…


a)

Alun-alun

b)

Tegalan

c)

Kaputrén

d)

Karaton

e)

Patamanan

17.

Titenan wawacan dihandap masing gemet !

Kasmaran kaula muji,

ka Gusti Ajawajala,

nu murah ka mahluk kabeh,

jeung muji utusanana,

kangjeng Nabi Muhmmad,

nyaeta Nabi panutup,

miwah muji sahabatna

Pada di luhur kaasup kana struktur wawacan naon?

a)

Eusi

b)

Kolofon

c)

Manggalasastra

d)

Sanduk-sanduk

e)

Titimangsa

18.

Titenan wawacan dihandap masing gemet !

Tamatna kaula ngarang,

Pukul tujuh malem Kemis,

Di tanggal tujuhwelasna,

Kaleuresan bulan April,

Taun Kangjeung Masehi,

Sarewu dalapan ratus,

Jeung genep puluh dua Marengan hijrahna Nabi

Sarewu dua ratus tujuh puluh dalapan.

Wacana di luhur kaasup kana bagean wawacan ...

a)

Alofon

b)

Bubuka

c)

Homofon

d)

Kolofon

e)

Eusi

19.

Titénan sempalan téks wawacan di handap!

Kinanti

Laju lampah Panji Wulung, diiring ku Jayapati, KiJanggali Ki Janggala, jeung baturna Jayapati, ngaran Ki KeboManggala, kalima Kebo Rarangin.Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukangpasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauhcunduk anggang datang, sumping damping ka basisir.

Kecap pasir dina sempalan wawacan di luhur, hartina nyaéta ....

a)

Gunung leutik jeung handap

b)

Landeuh, tempat nu leuwih handap sabalikna

c)

Tanah sisi laut

d)

Tegal dina lamping gunung atawa lamping pasir

e)

Tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah

20.

Talungtik masing taliti tabel diluhur!

Judul buku anu kaasup kana guguritan Cinta Leumah Cai, nyaeta ...

a)

Nomer 1

b)

Nomer 2

c)

Nomer 3

d)

Nomer 4

e)

Nomer 5

21.

. Perhatikeun pernyataan ngenaan Pupuh dihandap !

Nilik kana wanguna Pupuh teh jumlahna aya 17 rupa. Pupuh anu pang mindengna dipake ngarang guguritan teh aya 4, nyaeta : 1) Kinanti, 2) Sinom, 3) Asmarandana, 4).Dangdanggula

Kaopat wanda pupuh eta kaasup kana type ...


a)

.Sekar Alit

b)

Sekar Ageung

c)

Sekar Sedeng

d)

Sekar Dangding

e)

Sekar Tandak

22.

Baca masing taliti pernyataan di handap!

Nilik kana wanguna Pupuh teh aya 17 rupa. Masing – masing ngabogaan type jeung watek.

Diantara : Pikaseurieun, Silihasih/cinta, Piwuruk,Prihatin,jeung Ambek .

Pupuh anu watekna silihasih/cinta dina tabel diluhur, nyaeta ...

a)

Nomer 1

b)

Nomer 2

c)

Nomer 3

d)

Nomer 4

e)

Nomer 5

23.

Titénan sempalan tina Wawacan Panji Wulung di handap!

Asmarandana Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah,enggeus dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeunglumbrah manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudunampik dosa.

Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeungeus nepi baé, ka pakuwon kapatihan,

Ki Patih langkung susah,tina watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa

Eusi sempalan téks dina pada ka hiji nya éta ....

a)

Nyi Tunjungsari dianggap boga dosa

b)

Nyi Tunjungsari Langkung sedih

c)

Nyi Tunjungsari istri binangkit

d)

Nyi Tunjungsari dianggap nampik kana dosa

e)

Nyi Tunjungsari dianggap nampik kana dosa

24.

Perhatikeun tabel di luhur !


Anu ngabédakeun wawacan jeung guguritan, nyaéta


C. Struktur carita jeung motif carita

a)

Palaku carita katut watekna

b)

Panjang karangan jeung wanda

c)

Struktur carita jeung motif carita

d)

Guru gatra jeung watek pupuh

e)

Latar jeung eusi karangan

25.

Perhatikeun Sinom dihandap !

Sinom

Ieu tembang pangajaran

Pilampaheun anak murid

Poma - poma masing yatna

Metakeun awak pribadi

Kudu cengeng nya pikir

Nya diajar masing cucud

Ulah salah tarima

Nu asih dipulang sengit

Masing nyaah ka ibu sarta ka rama

Patokan Pupuh Sinom di luhur, tina sapadana aya 9 padalisan, sarta mibanda watek ngagambarkeun rasa ...

a)

Ambek

b)

Basajan

c)

Cengeng

d)

Sedih

e)

Senang

26.

Perhatikeun pernyataan ngenaan biografi di handap !

Dina biografi netelakeun : Ngenaan tempat jeung titi mangsa lahir katut kahirupan keur budak, pangalaman sakola waktu rumajanepi ka dewasa, ti mimiti HIS, MULO, AMS nepi ka ITB, sarta pangalaman tokoh kana widang organisasi Paguyuban Pasundan jeung widang pulitik ngabela kamerdekaan.

Pernyataan diluur kaasup kana bagean ...

a)

Bagian Bubuka

b)

Bagian Eusi

c)

Bagian Pamungkas

d)

Bagean Panutup

e)

Bagean Riwayat Hirup

27.

. Perhatikeun pedaran ngenaan unsur-unsur biografi : 1) ngaran lengkep, 2) tempat tanggal lahir, 3) riwayat sakola, karya, 4) riwayat pagawéan, jeung 5) pangajén.

Ieu di handap anu ngabédakeun sawatara unsur-unsur otobiografi jeung biografi,diantarana...


a)

Ngaran, lalandian atawa jujulukna

b)

Bentuk fisik jeung pasipatan indung bapana

c)

Riwayat pendidikan jeung pagawéanana

d)

Sok maké kecap sulur jalma ka hiji

e)

Ide atawa gagasan

28.

Baca masing gemet sempalan teks biografi di handap !

RADEN DEWI SARTIKA

Raden Dewi Sartika, nelahna ibu Dewi gede pisan jasana enggoning Ngabinangkitkeun darajat kaum wanoja, pangpangna wanoja Sunda. Tarekahna ngadegkeun sakola istri, jadi pamiangan pikeun ngawangun wanoja anu wedel tur pinter.Hiji mangsa rerencanganana nampi serat. Kumargi teu tiasa maca, nya nyuhunkeun dipangmaoskeun ka Raden Dewi Sartika. Anjeun sedih ningali ningali nasib kaomna siga kitu teh. Kumaha lamun eusi surat teh bakal nyilakakeun dirina?.Eta nu jadi salah sahiji pangjurung ka Raden Dewi Sartika pikeun ngamajukeun kaum wanoja.

Kasimpulan teks biografi Raden Dewi Sartika, ngenaan kana ...


a)

Jasa-jasana ngabinangkitkeun wanoja Sunda

b)

Milu berjuang ngalawan pangjajah

c)

Ngabela hak azasi wanoja Sunda.

d)

Ngadegkeun Sakola Kautamaan wanoja .

e)

Nyusun buku ngenaan wanoja Sunda

29.

Perhatikeun tabel di luhur !

Unsur – unsur biografi di luhur mangrupakeun, ...

a)

Aspek Biografi

b)

Unsur Ekstrinsik

c)

Unsur Intrinsik

d)

Stuktur Biografi

e)

Eusi Biografi

30.

Di handap ieu aya pernyataan ngenaan otobiografi, nyaeta ...

a)

Ditulis ku batur tur aya widi /idin ti tokoh anu ditulis.

b)

Ditulis ku batur tur teu aya widi /idin ti tokoh anu ditulis.

c)

Ditulis ku sorangan ngenaan kahirupan pribadina.

d)

Ditulis ku sorangan ngenaan kahirupan inohong.

e)

Ditulis ku sorangan jeung ku batur ngenaan kahirupanana