wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Review Materi Bahasa Sunda Grade 6

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Karangan dina basa lancaran (prosa) anu ukuranna pondok disebutna ....

a)

A. donge’ng

b)

B. novel

c)

C. carita wayang

d)

D. carpon

2.

Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal ....

a)

A. palaku

b)

B. wirahma

c)

C. latar

d)

D. galur

3.

Kecap nu teu ngandung rarangke’n tengah -ar, nyae’ta ....

a)

A. baralik

b)

B. jaragjag

c)

C. karadak

d)

D. garandeng

4.

Di handap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya, nyae’ta ....

a)

A. Saha nu ngarang kumpulan carpon Halimun Peuting?

b)

B. Kaayaan di lembur te’h kumaha ayeuna?

c)

C. Ari Jahid te’h sakola henteu?

d)

D. Di mana Aan te’h bumina?

5.

Te’ks anu mangrupakeun salah sahiji bentuk penulisan palagraf, jeung eusina mangrupakeun pandangan, pendapat, atawa kayakinan penulis ngeunaan kana hiji persoalan, disebut te’ks ....

a)

A. caritaan

b)

B. kekecapan

c)

C. dina kalimah

d)

D. argume’ntasi

6.

Di handap ieu anu lain kalimah aktip, nyae’ta ....

a)

A. Mang Udin keur ngala buah.

b)

B. Kang Engkos meuncit embe’.

c)

C. Emang ngala lauk di balong.

d)

D. Jang Encu kacugak paku.

7.

Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangke’n tukang -ing/-ning, iwal ....

a)

A. mungguhing

b)

B. kersaning

c)

C. e’stuning

d)

D. bakating

8.

Bagja kabeurangan ka sakola.

Bagja imahna jauh.

Susun kalimah di luhur jadi kalimah alesan anu bener, make’ kecap alesan...

a)

A. ku margi

b)

B. lantaran

c)

C. tatapina

d)

D. atanapi

9.

Wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna mah tokoh atawa inohong anu sukse’s dina kahirupanana disebutna....

a)

A. otobiografi

b)

B. monografi

c)

C. biografi

d)

D. autobiografi

10.

Lanceukna indung/bapa urang disebutna ....

a)

A. ua

b)

B. emang

c)

C. bibi

d)

D. buyut

11.

Babasan bodo ale’woh hartina ....

a)

A. bodo pisan

b)

B. bodo tapi dae’k tatanya

c)

C. bodo katotoloyoh

d)

D. bodo lantaran kedul

12.

Di hadap ieu mangrupakeun istilah te’hnologi anu gunana pikeun nimbulkeun tanaga listrik nyae’ta ....

a)

A. kulkas

b)

B. mesin

c)

C. robot

d)

D. dinamo

13.

Kagiatan wawancara antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara saenyana sarua jeung ....

a)

A. carita

b)

B. diskusi

c)

C. paguneman

d)

D. omongan

14.

Ieu di handap rupa-rupa wawancara, iwal ....

a)

A. wawancara wartawan

b)

B. wawancara tugas sakola

c)

C. wawancara lamaran gawe’

d)

D. wawancara panalungtikan

15.

Tempat para padagang ngayakeun jual beuli anu merenah disebutna ....

a)

A. pasar

b)

B. parung

c)

C. toko

d)

D. elos

16.

Anu henteu kaasup kana kalimah bilangan, nyae’ta ....

a)

A. Sapatuna dua rampasan.

b)

B. Jumlah siswa sakelasna 35 urang.

c)

C. Punteun basa Sundana salapan.

d)

D. Acep mah jangkungna same’ter sapuluh.

17.

Kaskit dina baham, asalna care’nang tuluy borok lantaran panas beuteung, mangrupakeun istilah kase’hatan nu disebut ....

a)

A. ateul

b)

B. balideg

c)

C. barusuh

d)

D. cacingeun

18.

Ungkara di handap ieu, dina biantara kaasup kana ....

a)

A. Salam panghormat

b)

B. Salam pamuka

c)

C. Salam panutup

d)

D. Salam pangwilujeng

19.

Nyarita di hareupeun balare’a mangrupakeun harti tina ....

a)

A. paguneman

b)

B. caritaan

c)

C. biantara

d)

D. donge’ng

20.

Kecap kaayaan nu nuduhkeun ukuran nyae’ta ....

a)

A. he’jo, alus, pangse’t

b)

B. amis, pait, panas

c)

C. ipis, kandel, kedeplik

d)

D. gede’, leutik, pondok