wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT BAHASA SUNDA KELAS IV

Total questions: 25

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Jalma nu loba jasana pikeun bangsa jeung nagasa disebutna ….

a)

guru

b)

sesepuh

c)

pahlawan

d)

karuhun

2.

Pahlawan Dewi Sartika dina taun 1904 nu ngadegkeun … pikeun kaom wanoja sabudeureunana

a)

Sakola Kautamaan istri

b)

Sakola Istri

c)

sakola Dewi Sartika

d)

sakola wanoja

3.

Pahlawan Otto Iskandar Dinata meunang julukan Si Jalak Harupat sabab ….

a)

jadi guru nu bageur

b)

merjuangkeun kamerdekaan

c)

ngabela rahayat leutik di Dewan Rahayat

d)

wanian ngalawan walanda

4.

Dewi Sartika teu neruskeun deui sakolana ku sabab ….

a)

sakolana ditutup ku Walanda

b)

dicarek ku akina mun sakola

c)

sakolana jadi husus urang Walanda

d)

bapana dibuang ka pulo Ternate

5.

Dewi Sartika nutup sakolana sabab waktu eta ….

a)

kaayaan Bandung teu aman

b)

rek pindah ka Tasikmalaya

c)

muridna jadi saeutik

d)

dilarang ku pamarentah Walanda

6.

Ka budak … loba nu teu resepeun sabab babari neunggeul

a)

hampang birit

b)

panjang leungeun

c)

laer gado

d)

hampang leungeun

7.

Pa Dudi mah resep pipindahan imah jeung gawe, babasanna...

a)

murag bulu bitis

b)

panjang lengkah

c)

hejo tihang

d)

kurung batok

8.

Budak nu tara daek cicing di imah , babasanna ….

a)

kurung batok

b)

murag bulu bitis

c)

hejo tihang

d)

panjang lengkah

9.

Tatang kasohor panjang leungeun matakna kudu ati ati.

Babasan panjang leungeun hartina ....

a)

sok tunggal - teunggeul

b)

sok punta – penta

c)

sok bura - bere

d)

sok puak – paok

10.

Heni ti leuleutik boga sikep laer gado.

Babasan laer gado hartina ....

a)

daekan dititah

b)

sok puak – paok

c)

loba pangalaman

d)

sok punta – penta ka batur

11.

Pa Rusdi mah sagala nyaho jeung loba pangalamanna.

Babasan pikeun sikep Pa Rusdi nyaeta

a)

hampang leungeun

b)

panjang lengkah

c)

hampang birit

d)

panjang leungeun

12.

Jalma nu …. mah boga barang alus teh sok dipamer – pamerkeun

a)

laer gado

b)

gede hulu

c)

panjang leungeun

d)

hampang birit

13.

…. dibereskeun ku Iwan jeung Bobi tuluy diasupkeun kana lomari

a)

korsi – korsi

b)

sendal – sendal

c)

meja - meja

d)

buku - buku

14.

Nina ari … kacamata teh nu bener dina tempatna bisi leungit engke teu bisa maca

a)

tumpa – tempo

b)

tundan – teundeun

c)

cubak – cabak

d)

pulang – pelong

15.

Ulah sok … bisi dijauhan ku babaturan

a)

bura – bere

b)

tunggal – teunggeul

c)

tulang – tulung

d)

sura - seuri

16.

Bapa … Pa Dudi bade arangkat ka Bogor.

Kecap pangantet nu bener nyaeta ....

a)

sabab

b)

supaya

c)

lamun

d)

jeung

17.

Lamun rek mentas jalan kudu … heula bisi aya kendaraan

a)

luak – lieuk

b)

cubak – cabak

c)

bareng – bareng

d)

pulang – pelong

18.

Dinda rek mere … nu geus teu kapake rek disumbangkeun ka korban caah

a)

dahareun - dahareun

b)

ubar – ubaran

c)

baju – baju

d)

kantong – kantong

19.

kadaharan nu bahanna tina sampeu nyaeta...

a)

roti

b)

surabi

c)

nagasari

d)

combro

20.

Kadaharan nu aya dina gambar di beulah kenca disebutna...

a)

cilok

b)

cimol

c)

cireng

d)

cilor

21.

Kueh nagasari cara ngolahna...

a)

digoreng

b)

diseupan

c)

digodog

d)

dibeuleum

22.

Kadaharan nu aya dina gambar di beulah kenca make bahanna....

a)

sasayuran

b)

beubeutian (umbi)

c)

bungbuahan

d)

dangdaunan

23.

Kadaharan nu aya dina gambar di beulah kenca dijieunna tina...jeung gula beureum.

a)

tipung tarigu

b)

tipung beas

c)

tipung aci

d)

tipung ketan

24.

Kadaharan nu cara ngolahna dibeuleum nyaeta....

a)

cilok

b)

surabi

c)

leupeut

d)

aliagrem

25.

Kadaharan nu aya dina gambar di beulah kenca boga rasa … da di tengahna make gula beureum.

a)

lada

b)

asin

c)

amis

d)

pelem