wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT BAHASA SUNDA X TBSM 2021

Total questions: 45

Worksheet time: 2hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.

Paragrap di luhur ka asup kana..…

a)

Panutup biantara

b)

Bubuka jeung panutup biantara

c)

Eusi biantara

d)

Bubuka jeung eusi biantara

e)

Bubuka biantara

2.

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.

Paragrap di luhur ka asup kana …….

a)

Panutup biantara

b)

Bubuka jeung eusi biantara

c)

Bubuka jeung panutup biantara

d)

Bubuka biantara

e)

Eusi biantara

3.

Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal……

a)

ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola

b)

ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur

c)

nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah

d)

ngahaturnuhunkeun ka para bapa jeung ibu guru

e)

ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur

4.

Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku ……

a)

sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah

b)

nepikeun salam pamuka atawa salam kawilujengan

c)

nepikeun panghormat ka hadirin anu anu ngaluuhan acara

d)

ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasempetan ka dirina pikeun biantara

e)

ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara

5.

Struktur biantara anu bener nyaeta…..

a)

salam pamuka, mukodimah, jeung eusi

b)

bubuka, eusi jeung panutup

c)

bubuka, eusi jeung salam panutup

d)

salam pamuka, eusi jeung salam panutup

e)

salam panutup, bubuka jeung eusi

6.

“Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!”

a)

ka tukang

b)

ka payun

c)

ka pengker

d)

ka warung

e)

ka hareup

7.

Dinten jumaah kamari Pun Aki…di Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung

a)

Paéh

b)

palastra

c)

perlaya

d)

maot

e)

pupus

8.

“Pa, neda widi abdi ka

Koperasi heula badé….pulpen!”

a)

meuli

b)

jajan

c)

mésér

d)

nganjuk

e)

ngagaleuh

9.

Jalma anu pinunjul atawa ahli dina biantara sok disebut….

a)

orasi

b)

organisator

c)

orator

d)

demonstrator

e)

operator

10.

Sing tarik atuh nyarita téh ngarah….

a)

didéngé

b)

ngadéngé

c)

didéngékeun

d)

ngadéngékeun

e)

kadéngé

11.

Presiden Indonesia anu kawentar ahli dina biantara nyaéta……

a)

Ir. Soekarno

b)

K.H. Abdurahman Wahid

c)

Soeharto

d)

Megawati

e)

BJ Habibi

12.

Ragam bahasa resmi tina kecap abdi atawa kuring nyaéta…..

a)

sadérék

b)

pangersa

c)

déwék

d)

salira

e)

simkuring

13.

Di handap ieu ragam bahasa teu resmi pikeun gaganti jalma ka dua nyaéta, iwal…..

a)

sadérék

b)

silaing

c)

salira

d)

énté

e)

anjeun

14.

“Punten dupi ……Bapa teh saha?”

Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….

a)

ngaran

b)

jenengan

c)

wasta

d)

salira

e)

nami

15.

“…..Pa guru énjing ulangan bahasa sunda.”

Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….

a)

ceuk

b)

sanggem

c)

saur

d)

cenah

e)

ngabéjakeun

16.

Basa lemes keur kecap “indung kuring” nyaéta….

a)

Pun ibu

b)

pun biang

c)

pun mamah

d)

pun mimih

e)

pun indung

17.

Basa lemes keur kecap “anak anjeun” nyaéta….

a)

tuang anak

b)

tuang mantu

c)

tuang putra

d)

tuang rayi

e)

tuang raka

18.

Dadang : Mulih ti mana ieu téh?

Deden : ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa.

Dadang : Oh, ical atanapi kumaha KTP tuang rama téh?

Deden : Henteu ari ical mah, mung ku pun adi diguntingan. Disangkana cocooan. Éta tuda ku pun biang disimpenna dina laci méja, teu disimpen dina lomari.

Dadang : Kutan.

Perkara naon anu keur digunemkeun ku Dadang jeung Deden?

a)

ngabenerkeun KTP

b)

neangan KTP

c)

menta KTP

d)

leungit KTP

e)

meuli KTP

19.

Dadang : Mulih ti mana ieu téh?

Deden : ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa.

Dadang : Oh, ical atanapi kumaha KTP tuang rama téh?

Deden : Henteu ari ical mah, mung ku pun adi diguntingan. Disangkana cocooan. Éta tuda ku pun biang disimpenna dina laci méja, teu disimpen dina lomari.

Dadang : Kutan

KTP saha anu keur dibenerkeun ku Deden téh

a)

pun bapa

b)

pun biang

c)

pun bibi

d)

pun uwa

e)

pun aki

20.

7. “Pun bapa nembé …. Ti sawah.”

Kecap anu luyu jeung undak usuk basa, pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…..

a)

wangsul

b)

dongkap

c)

datang

d)

mulih

e)

mios

21.

Akasara ngalagena /ta/ mirip wanguna jeung aksara ngalagena....

a)

ya

b)

za

c)

ba

d)

nya

e)

qa

22.

Rarangkén atawa pananda

vokalisasi nu disebut panyiku gunana pikeun nambahan sora.....ditengah-tengah akasara ngalagena tur ditempatkeunana handapeun aksara ngalagena

a)

/-y-/

b)

/-r-/

c)

/-l-/

d)

/-h/

e)

/u/

23.

Tanda vokalisasi nu ditulis di luhureun lambang aksara daras nyaéta....

a)

panéléng

b)

pamepet

c)

pangwisad

d)

panolong

e)

pamaéh patén

24.

Wacana Biografi

Ti Kebon Kana Carpon

Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.

Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh.

Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep

nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda.

Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi

jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Wakil Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar.

Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Album Kuring”, “Nu Luncat tina Beus, Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”

Cecep Burdansyah lahir di……

a)

Ciwidey, 22 September 1963

b)

Ciwidey, 25 September 1963

c)

Ciwidey, 23 September 1963

d)

Ciwidey, 26 September 1963

e)

Ciwidey, 24 September 1963

25.

Wacana Biografi

Ti Kebon Kana Carpon

Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.

Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh.

Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep

nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda.

Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi

jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Wakil Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar.

Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Album Kuring”, “Nu Luncat tina Beus, Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”

Iraha Cecep Burdansyah mimiti sok ngarang?

a)

ti keur TK

b)

ti keur SMA

c)

ti keur SD

d)

ti keur SMK

e)

ti keur SMP

26.

Jalma anu ahli biantar disebut...

a)

Operator

b)

Orator

c)

Profėsor

d)

Doktor

e)

Khotib

27.

Ilikan kalimah di handap, mana kalimah nu kaasup gaya basa mijalma iwal...

a)

Angin peuting nyiuman tarang

b)

Pucuk kalapa tingarupay ka nu rėk miang

c)

Bėntang sing kariceup dina peuting kamari

d)

Dodi di tonjok ku Doni

e)

Jukut ngajajah kana pawinian

28.

Minangka pamungkas saur, bilih ngawur, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, Wassalamu”alikum Wr.Wb.,

Paragraf di luhur kaasup...............biantara

a)

Bubuka

b)

Sambutan

c)

Salam bubuka

d)

Salam Panutup

e)

Panutup

29.

Bedo bahasa Indonesia na nyaėta...

a)

Tiba

b)

Datang

c)

Sama

d)

Batal, Tidak Jadi

e)

Naik

30.

Mana di handap ieu nu kaasup kalimah salancar basajan...

a)

Kuring jeung babaturan kėmping di Lėmbang

b)

Kamari Cucu tas meuli buku

c)

Kuring rėk indit ka sakola

d)

Dėdi jeung Usep patarik-tarik lumpat

e)

Ucing tėh nguang-ngeong baė ti tatadi

31.

Mana di handapieu nu kaasup kalimah salancar Jembar...

a)

Bapana nėng Yuyun tėh guru

b)

Rahma mah Pinter

c)

Pangandaran kasohor ku kaėndahan basisirna

d)

Ti Sorėang mah kari nanjak ka Ciwidėy

e)

Ani keur maca buku

32.

Dongėng nu eusina nyaritakeun sasatoan di sebut dongėng...

a)

Fabel

b)

Farabėl

c)

Mite

d)

Legėnda

e)

Sagė

33.

Di handap ieu mana kalimah anu disebut Rėsiprokatif...

a)

Pa Nanang nuju moyan di Pakarangan

b)

Andi jeung Tatan silihpoyok

c)

Ani nuju liburan ka Cirebon

d)

Jang Andri keur nanyaan ka imah awėwėna

e)

Kang Emen tas sibanyo di Hawangan

34.

Di handap ieu mana kalimah anu disebut Refleksif...

a)

Neng Desty jeung jang Yogy mun pendak sok Pateuteup-teuteup

b)

Neng fuji sok silih toel sareng a Izan

c)

Mang usep keur siduru di hawu

d)

Abdi jeung manėhna sok patutur-tutur ari mulih ti sakola teh

e)

Si bibi sareng mang Udin sok pakiceup-kiceup ari patepang tėh

35.

Kėcap Agul ngabogaan harti dina bahasa Indonesia nyaeta...

a)

Sombong

b)

Tertarik

c)

Bangga

d)

Memeilhara

e)

Menceritakan

36.

Di handap ieu mana anu teu ka asup rupa diskusi...

a)

Seminar

b)

Diskusi kelas

c)

Kongrės

d)

Nonton tv

e)

Santiaji

37.

“ Hayu urang indit ayeuna bisi kaburu hujan!”

Kalimah di luhur kaasup kalimah...

a)

Panitah

b)

Pangajak

c)

Pangwawadi

d)

Panggeuri

e)

Panyaran

38.

“Hadėna mah urang teh upami patepang kudu ngcapkeun salam”

Kalimah di luhur kaasup ka limah...

a)

Panitah

b)

Pangajak

c)

Pangwawadi

d)

Panggeuri

e)

Panyaran

39.

Di handap ieu mana nu ka asup unsur-unsur sajak, iwal...

a)

Jejer

b)

Rasa

c)

Nada

d)

Amanat

e)

tokoh

40.

Mana di handap ieu nu kaasup kalimah konotatif....

a)

Mang Tata keur udud

b)

Mang Uci keur narik bangsal

c)

Nu korupsi sok ngadaharan duit rakyat

d)

mang ahmad keur ngala buah di kebon

e)

nenk isoh kamari nincak tai munding

41.

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.

Paragrap di luhur ka asup kana..…

4 lines
42.

Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku ……

4 lines
43.

Struktur biantara anu bener nyaeta….

4 lines
44.

Nomor 44 dan 45

Lengkepan paguneman ieu di handap supaya sampurna!

Ojat : Assalamu’alaikum

Dandi : ………………………

Ojat : ……………………..?

Dandi : Pangésto, aya hibar. Sawangsulna?

Ojat : ……………………. Nuhun upami damang mah.

Dandi : Sami-sami

4 lines
45.