wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SAT BAHASA SUNDA KELAS 11

Total questions: 45

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna

a)

Carpon

b)

Dongéng

c)

Skétsa

d)

Fiksimini

e)

Biografi

2.

Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng

a)

Parabel

b)

Légénda

c)

Sage

d)

Mite

e)

Babad

3.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta

a)

Sakabéh eusi caritana bohong

b)

Teu jelas anu ngarangna (anonIm)

c)

Sumebarna tatalépa sacara lisan

d)

Ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

Awalna kagolong kana sastra tulisan

4.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita nyaéta

a)

Téma

b)

Palaku

c)

Purwakanti

d)

Galur

e)

Latar

5.

Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé nyaéta

a)

Sangkuriang kahampangan

b)

Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang

c)

Sangkuriang nyieun parahu

d)

Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang

e)

Sangkuriang saenyana anak raja

6.

Dina dongéng Si Kabayan tokoh anu langka dicaritakeun téh nyaéta

a)

Si Iteung pamajikanana Si Kabayan

b)

Si Atok, anakna Si Kabayan

c)

Mitohana Si Kabayan

d)

Sobatna Si Kabayan

e)

Budakna Si Kabayan

7.

Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan nyaéta

a)

Muga-muga waé rencana urang bakal laksana!

b)

Hayu urang rencanakeun wé nu leuwih asak!

c)

Jung baé ti heula kuring mah aya perlu heula!

d)

Sigana mah ulah indit ayeuna bisi macét!

e)

Tiasa nyuhunkeun cai!

8.

“Punten Wan, pangyandakkeun buku basa Sunda dina kantong!”

Nilik kana gunana éta kalimah téh kaasup kana kalimah

a)

Paménta

b)

Panitah

c)

Panyarék

d)

Pangjurung

e)

Pangwawadi

9.

Ieu di handap anu teu kaasup kecap-kecap anu ilahar dipaké dina kalimah paréntah,

a)

Mangga

b)

Cing

c)

Punten

d)

Wah

e)

Hayu

10.

Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah paréntah nyaéta

a)

Sampurasun!

b)

Mangga ka lebet!

c)

Teu kénging calik di dinya!

d)

Antosan sakedap nya!

e)

Cing pangmawakeun cai!

11.

Dina salasahiji pancén basa Sunda, Ani dititah pikeun macacarita dongéng anu miboga judul “Si Kabayan Ngala Nangka”. Nalika Ani maca éta dongéng, manéhna ngilu asup kana eusi carita anu ngagambarkeun kahirupan padésaan waktu harita. Hawana tingtirim tur tiis. Sasakali, dicaritakeun hieumna leuweung nalika Si Kabayan ngala nangka, anu mantak nyieun Ani muringkak nalika maca. Gambaran anu dipikarasa ku Ani nalika maca éta dongéng dipangaruhan ku salasahiji unsur carita dongéng nyaéta

a)

Téma

b)

Jejer

c)

Latar tempat

d)

Latar suasana

e)

Latar waktu

12.

Di Garut katelah pisan hiji carita anu dijudulan (1) Sasakala Situ Bagendit. Ceunah mah luyu jeung ngaran tokohna Nyi Endit anu miboga watek medit. Lamun di Sukabumi katelah pisan ku dongéng (2) Nyi Roro Kidul anu dibarengan ku carita (3) Sasakala Palabuanratu. Sabenerna, lian ti éta dongéng masih kénéh réa dongéng ti Sukabumi téh salasahijina aya dongéng (4) Sasakala Situsukaramé ti Parakansalak. Tapi anu kawéntar di tanah Sunda dugi ka ayeuna mah dongéng (5) Si Kabayan, lian ti caritana ramé, ogé mantak pikaseurieun. Anu mantak pikasediheun naha aya dongéngna? Aya! Masih inget dongeng (6) Budak Pahatu? Mani waas nalika lanceuk jeung adi hirup paduduaan dina ringkang kasusah. Beunghar pisan Sunda téh ku carita dongéngna, ti sabangsaning (7) Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet anu silih gitik hayang ngala cabé, aya ogé caritaan bangsa (8) Sireum anu meunang ngalawan Gajah. Ku réana dongéng Sunda anu sumebar mana waé anu kaasup Parabel

a)

1 jeung 3

b)

3 jeung 4

c)

5 jeung 6

d)

7 jeung 8

e)

1 jeung 2

13.

Sanggeus réngsé ngadongéng, Ihsan dibéré koméntar sangkan ulah tegak jeung cicing nalika ngadonéng. Hartina kudu gerak nuturkeun galur carita. Gerakan awak dina basa Sunda nalika ngadongéng disebut

a)

Intonasi

b)

Pepeta

c)

Mimik

d)

Éksprési

e)

Lentong

14.

Andri : Mugia panyawat Ki Anta geura diangkat tur geura séhat waringkas


Lia : Mantakna, Ulah jajan samanéa komo nu ngandung pangawét mah!


Azhar : Sawadina, pamaréntah téh leuwih teges mariksa kadaharan anu teu layak dijual


Jaya : Emh, da kumaha deui atuh urang mah da ukur rahayat


Maul : Ulah nyerah kitu, hayu urang mimitian ti urang-urang pikeun milih jeung milah kadaharan anu séhat


Dumasar paguneman di luhur anu kaasup kalimah paréntah wanda panggeuri diwakilan ku tokoh

a)

Andri

b)

Lia

c)

Azhar

d)

Maul

e)

Jaya

15.

Gancang atuh geura mandi, geus beurang


Kaasup kalimah paréntah wanda

a)

Panitah

b)

Pangjurung

c)

Panggeuri

d)

Panyarék

e)

Pangharepan

16.

Cing pangmawakeun gelas di dapur


Kaasup kalimah paréntah wanda

a)

Panitah

b)

Pangjurung

c)

Panggeuri

d)

Panyarék

e)

Pangharepan

17.

Siswa anu di tes maca gancang aya tilu puluh tilu urang.

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah.....

a)

Sifat

b)

Bilangan

c)

Bilangan tahapan

d)

Kaayaan

18.

Rek iraha indit ka Bandung teh?

Kalimah diluhur kaasup kana kalimah....

a)

Panyambung

b)

Panyeluk

c)

Wawaran

d)

Pananya

19.

anak bangkong...

a)

bogo

b)

buyur

c)

buruy

d)

bancet

20.

conto kecap panganteur:

am dahar

barakatak seuri

dug=....

a)

beledug

b)

luncat

c)

sare

d)

diadu

21.

daun nu geus garing (nu geus murag kana taneuh)..

a)

kararas

b)

kalakay

c)

koleang

d)

kongkoak

22.

tukang nyieun pakakas tina beusi...

a)

pamayang

b)

paledang

c)

panday

d)

merebot

23.

Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut ......

a)

ritual

b)

tradisi

c)

adat

d)

kasenian

e)

pintonan

24.

Wewengkon nu tradisina keukeuh nyekel aturan ti karuhuna biasa disebut .....

a)

daerah istimewa

b)

kampung khas

c)

kampung adat

d)

daerah adat

e)

kampung istimewa

25.
Balik ti saung si Cepot ngobrol sapanjang jalan sabari tatajong. Kecap nu di cetak miring kaasup kecap....
a)
Dwilingga
b)
Trilingga
c)
Dwipurwa
d)
Dwireka
e)
Dwisasana
26.
Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebut....
a)
Wawancara
b)
Hikayat
c)
Carita pantun
d)
Dongeng
e)
Carita wayang
27.

Paré nu dibawa ti huma dina upacara Sérén Taun téh tuluy di bawa ka leuit. Nu dimaksud leuit nyaéta ....

a)

tempat diukna pupuhu adat

b)

paranti digelarna acara kasenian

c)

gudang paranti nyimpen paré

d)

tempat anu dikaramtakeun

e)

gudang paranti nampung barang babawaan

28.

Tradisi Tingkeban biasana dilaksanakeun waktu kandungan hiji awéwé nincak umur ....

a)

genep bulan

b)

tujuh bulan

c)

dalapan bulan

d)

salapan bulan

e)

tilu bulan

29.

Waditra nu sok dipake ku juru pantun dina medar carita nyaeta ....

a)
b)
c)
d)
30.

Pantun anu dipagelarkeuna teu sagawayah, ngan ukur dina acara anu tangtu, dina poe salasa jeung jumaah. Make sasajen, dipagelarkeunna sapeuting jeput. Sarta juru pantunna kudu puasa heula, disebut pantun...

a)

Hiburan

b)

Beton

c)

Ritual

d)

Sakral

e)

Mantra

31.

Sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Eta bagean teh disebut...

a)

Rajah

b)

Narasi

c)

Dialog

d)

Monolog

e)

Deskripsi

32.

Nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté, disebut...

a)

Deskripsi

b)

Monolog

c)

Dialog

d)

Narasi

e)

Rajah

33.

Bagean anu nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna, disebut...

a)

Narasi

b)

Deskripsi

c)

Monolog

d)

Dialog

e)

Rajah

34.

wangun pedaran anu eusina ngeunaan sawangan atawa pamadegan ngeunaan hiji hal nyaeta

a)

argumentasi

b)

eksposisi

c)

narasi

d)

deskripsi

35.

karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika anu tangtu disebut...

a)

pedaran

b)

éséy

c)

makalah

d)

artikel

e)

skripsi

36.

anu ngabédakeun pedaran jeung artikel téh diantarana waé nyaéta...

a)

wangun huruf atawa font nu digunakeun

b)

aya henteuna daptar rujukan

c)

eusi jeung dimuat acanna dina koran/majalah

d)

alus gorengna basa nu digunakeun

e)

panjang pondokna karangan

37.

ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel nyaéta...

a)

mun perlu catetkeun saha waé ahli anu dicutat dina éta artikel

b)

jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca

c)

baca heula sakali ti mimiti judul nepi ka tamat

d)

catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel

e)

dicatet sakabéh eusina kana buku catetan

38.

ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaéta...

a)

alinéa bubuka

b)

alinéa panandes

c)

judul

d)

alinéa panambah

e)

alinéa pamungkas

39.

Tulisan anu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy tur di sebut...

a)

Eksposisi

b)

Narasi

c)

Dekskripsi

d)

Argumentasi

e)

Isendifikasi

40.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel, nyaeta...

a)

baca heula sakali ti mimiti judul nepi tamat

b)

dicatet sakabeh eusina kana buku catetan

c)

catetekeun hal-hal penting dina eusi artikel

d)

mun perlu catetkeun saha wae ahli anu dicutat dina eta artikel

e)

jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca

41.

Ieu dihandap nu kaasup kana tujuan nulis artikel anu mernah nya eta

a)

Eusina kudu bisa mangaruhan ka nu maca antukna nu maca daek nuturkeun kana tulisan eta artikel

b)

Nu nulis artikel kidu ngagunakeun basa nu basajan tur gampil dipikarti ku nu maca togmol, asup akal tur efektif

c)

Salaku wadah publikasi hasil mikir sacara ilmiah ngaliwatan jurnal ilmiah.

d)

Karya tulis anu eusina hayang ngabuktikeun bebeneran ku cara mintonkeun fakta tur alesan anu mernah

42.

20. Jenis artikel anu leuwih jero analisisna, nu nulisna medar topik bahasan tina sababaraha disiplin élmu jeung boga pangaweruh anu jembar, nyaéta…

a)

Opini

b)

Esey

c)

Kolom

d)

Feature

43.

Di handap ieu anu kaasup kana kriteria milih judul anu hade dina kagiatan nulis artikel, iwal...

a)

Judul ngawakilan tema nu keur dipedar atawa pamadegan nukeur diajukeun

b)

Singget (3-5 kecap) jeung dedet (miharti)

c)

Pikatajieun tur ngahudang batur pikeun maca sagemblengna

d)

Gunakeun istilah/pakeman basa anu populer

e)

Dina nulis judul kudu make aksara gede (kapital)

44.

Karangan anu eusina ngebrehkeun pamanggih pribadi saurang pangarang atawa panulis anu dirojong jeung didadasaran ku rupa-rupa rujukan, boh hasil panalungtikan boh pamanggih ahli disebut...

a)

Esey

b)

Artikel

c)

Pedaran

d)

Makalah

e)

skripsi

45.

Naon eusi tina artikel wanda prediktif teh...

a)

Eusi pedaranana ngeunaan perkara anu can kajadian dumasar sawangan (analisis) pangarangna.

b)

Eusi pedaranana leubeut ku fakta-fakta anu luyu jeung sawangan pangarangna.

c)

Eusi pedaranana ngagambarkeun hiji perkara atawa mangrupa pasualan dina kahirupan.

d)

Eusi pedaranana ngajentrekeun atawa ngeceskeun kana hiji perkara ka pamaca dumasar pamadegan pangarangna.

e)

Eusina mangrupa kajadian-kajadian anu geus diprediksi saacanna.