wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda "Sisindiran"

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Sing getol nginum jajamu

Nuguna nguatkeun urat

Sing getol neangan elmu

Nuguna dunya akherat


Sisindiran diluhur kaasup kana sisindiran?

a)

Piwuruk

b)

Sesebred

c)

Silih asih

d)

Paparikan

2.

Sisindiran aya tilu jenis, nyaeta

a)

Rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan

b)

Guguritan, paparikan, jeung rarakitan

c)

Wawangsalan, guguritan, jeung rarakitan

d)

Piwuruk, sesebred, jeung silih asih

3.

Sisindiran diwangun ku

a)

4 padalisan

b)

Sapadalisan

c)

4 kecap

d)

4 paragraf

4.

Padekeutna sora dina tungtung engang disebutna

a)

Purwakanti

b)

Guru lagu

c)

Guru wilangan

d)

Sisindiran

5.

Baris ka-3 jeung ka-4 dina sisindiran disebut

a)

Eusi

b)

Cangkang

c)

Padalisan

d)

Purwakanti

6.

Ritma dina sisindiran nyaeta

a)

abab

b)

baba

c)

abcd

d)

dcba

7.

Sawah ngemplang ditanduran

Ka huma ngala jarami

Ulah rengang duduluran

Dasarna silaturahmi


Sisindiran diluhur kaasup kana jenis sisindiran

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Guguritan

8.

Saur saha batik mirah

Sok atuh geura artosan

Saur saha abdi narah

Sok atuh geura tarosan


Sisindiran di luhur kaasup kana jenis sisindiran?

a)

Rarakitan

b)

Wawangsalan

c)

Guguritan

d)

Paparikan

9.

Diwangun ku 2 padalisan, baris kahiji cangkang, baris kadua eusi. Pasipatannateh tatarucingan disebutna

a)

Paparikan

b)

Wawangsalan

c)

Rarakitan

d)

Guguritan

10.

Kleup maen bal kota bandung

Tos nasib kedah paturay


Naon wangsal dina wawangsalan di luhur?

a)

Persib

b)

Endah

c)

Raray

d)

Artos

11.

Tangkal tanjung sisi gunung

Tangkal laja jeung kalapa

Nga unjung kudu ka indung

Nga muja kudu ka bapa


Watek sisindiran di luhur nyaeta?

a)

Piwuruk

b)

Paparikan

c)

Sesebred

d)

Silih asih

12.

Kajami mentas rawayan

Keur mentas katojos hoe

Upami mung heheureuyan

Sawios teu cios bae


Sisindiran di luhur watekna?

a)

Silih asih

b)

Sesebred

c)

Piwuruk

d)

Rarakitan

13.

Ka Cikini ka ci Ceuri

Balikna meuli erloji

Nini nini ngeunah seuri

Huntuna ngan tembong hiji


Watek sisindiran diluhur nyaeta

a)

Sesebred

b)

Piwuruk

c)

Silih asih

d)

Papatah

14.

Buah sisitan ngagoronyok

Ulah sok galak timburu


Wangsalna

a)

Salak

b)

Tiwu

c)

Lewah

d)

Kadu

15.

Hayang teuing buah hiris

Teu bisa ngasakanana

Hayang teuing kanu geulis

Teu bisa ngakalanana


Baraha guru lagu jeung guru wilangan dina sisindiran di luhur?

a)

8i-8a-8i-8a

b)

8s-8a-8s-8a

c)

7i-8a-7i-8a

d)

7s-8a-7s-8a

16.

Sora vocal dina tung-tung padalisan disebutna?

a)

Guru lagu

b)

Guru wilangan

c)

Purwakanti

d)

Sisindiran

17.

Itungan kecap dina sapada disebutna?

a)

Guru wilangan

b)

Guru lagu

c)

Purwakanti

d)

Sisindiran

18.

Mun teu tulus ka paseukna

Ka pacirna oge hade

Mun teu tulus ka lanceukna

Ka adina oge hade


Baraha bilangan dina pada ka-3 jeung ka-4

a)

8 - 8

b)

7 - 7

c)

9 -9

d)

A - E

19.

Ari eusi dina sisindiran aya dina baris ka?

a)

Hiji jeung tilu

b)

Hiji jeung dua

c)

Tilujeung dua

d)

Tilu jeung Opat

20.

Baris ka hiji dina sisindiran kudu murwakanti jeung baris ka?

a)

Tilu

b)

Dua

c)

Opat

d)

Hiji