wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda Jumat 06082021

Total questions: 35

Worksheet time: 9hrs 45mins

Name
Class
Date
1.

Lamun keur teu dipake, lampu kudu . . . .

a)

Dihurungkeun

b)

Diantepkeun

c)

Dipareuman

d)

Ditingalikeun

2.

. . . teh sumber energi panas.

a)

Panonpoe

b)

Bulan

c)

Bentang

d)

Bumi

3.

Urang kudu . . . listrik sangkan mahi nepi ka jaga.

a)

Ngahambur-hambur

b)

Ngantep

c)

Ngahemat

d)

Ngaruksak

4.

Mun minyak bumi terus-terusan . . . lila-lila bakal beak.

a)

dikeduk

b)

dijaga

c)

dirawat

d)

diantep

5.

Pami bade ngawitan atanapi rengse diajar urang kedah .... heula.

a)

Jajan

b)

Ngacung

c)

Ngadu’a

d)

Olahraga

6.

Dodol kawentar ti daerah . . . .

a)

Sumedang

b)

Garut

c)

Bandung

d)

Ciamis

7.

Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun solat


Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....

a)

Opat padalisan

b)

Tilu padalisan

c)

Dua padalisan

d)

Sapadalisan

8.

Siswa : "Wilujeng enjing, pa!"

Guru Silat : ...............................................................

Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta....

a)

Wilujeng enjing

b)

Wilujeng siang

c)

Aya naon jang?

d)

Bade kasaha ceu?

9.

Rek iraha indit ka Bandung teh?

Kalimah diluhur kaasup kana kalimah....

a)

Panyambung

b)

Panyeluk

c)

Wawaran

d)

Pananya

10.

Anu teu ka asup ngaran pupuh nyaeta..

a)

asamarandana

b)

sinom

c)

wirangrong

d)

lembang

11.

Karangan dina wangun prosa anu ukuranana pondok disebutna ....

a)

dongeng

b)

sketsa

c)

carpon

d)

carita wayang

12.

Dina carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal ....

a)

palaku

b)

wirahma

c)

latar

d)

galur

13.

Di handap ieu kaasup kana buku kumpulan carpon, iwal ....

a)

Jajanten Ninggang Papasten karya Yus Rusyana

b)

Neangan karya Caraka

c)

Jiad Ajengan karya Usep Romli HM

d)

Di Kebon Binatang karya Ayatrohaedi

14.

Kecap nu teu nagndung rarangken tengah, nyaeta ....

a)

kumaki

b)

barudak

c)

laleueur

d)

gumading

15.

Kecap nu teu ngandung rarangken tengah -ar- , nyaeta ....

a)

baralik

b)

jaragjag

c)

karadak

d)

arindit

16.

Dawegan teh keur meujeuhna (leho)

a)

lehoan

b)

leleho

c)

ngaleho

d)

lumeho

17.

Di handap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya, nyaeta ....

a)

Saha nu ngarang kumpulan carpon Kanyaah Kolot?

b)

Kaayaan di sakolana teh kumaha ayeuna?

c)

Ari Wandi teh sakola henteu?

d)

Dimana Wandi teh bumina?

18.

"Wanda teh sakolana geus kelas VI". Kalimah pananya anu cocok keur eta jawaban, nyaeta ....

a)

Saha nu geus sakola kelas VI teh?

b)

Dimana Wandi teh sakolana?

c)

Sok kana naon Wandi teh indit sakolana?

d)

Kelas sabaraha Wandi teh sakolana?

19.

Kalimah di handap ieu anu salah nulis hurup kapital, nyaeta ....

a)

Dudi sakelas jeung Wandi

b)

Dimana bumina Pa Dedi teh?

c)

Bapa nembe mulih ti jakarta

d)

Bu Lilis nuju ngawulang basa Sunda

20.

Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaeta ....

a)

Hayu ah urang ucing sumput.

b)

Iraha Kang Ajat sumpingna?

c)

Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.

d)

Doni, pangnyandakkeun buku di perpustakaan!

21.

Pangeran nyiptakeun kaayaan nu beda-beda teh sangkan urang ....

a)

silih asih

b)

silih ajenan

c)

silih poyok

d)

silih tipu

22.

Teu saeutik bangsa deungeun anu ngahaja daratang ka Indonesia pikeun ningali ....

a)

kaendahan alam jeung budaya Nusantara

b)

warga nagara Indonesia

c)

seler bangsa Indonesia

d)

jumlah pulo di Indonesia

23.

Motto "Bhinneka Tunggal Ika" teh hartina ....

a)

Bangsa Indonesia teh boga rupa-rupa seler bangsa

b)

Nagara Indonesia boga rebuan pulo

c)

Nagara Indonesia sarua jeung Nusantara

d)

Najan rineka tur bineka, tapi tetep hiji

24.

Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal ....

a)

mungguhing

b)

kersaning

c)

ceceting

d)

bakating

25.

Indonesia teh beunghar, ngabogaan ... leuwih basa daerah

a)

600

b)

700

c)

800

d)

900

26.

Kasenian angklung teh dijieunna tina ....

a)

kai

b)

awi

c)

parunggu

d)

kuningan

27.

Ieu di handap anu lain seni budaya Sunda, nyaeta ....

a)

angklung

b)

bangreng

c)

calung

d)

tari lilin

28.

Gambar kadaharan diluhur ieu ka asup kadaharan khas ti wewengkon?

a)

garut

b)

bogor

c)

tasikmalaya

d)

bandung

29.

Minuman khas masyarakat sunda ti Jawa barat,Anu Bahan utamanya : Gula aren ,Santen dicampurkan seutik jahe jeung uyah disebut...

a)

bandrek

b)

bajigur

c)

lahang

d)

bir pletok

30.

Naon nu dimaksud wawancara teh?

a)

kagiatan jeung babaturan

b)

kagiatan paguneman tanya jawab

c)

kagiatan di sakola

d)

kagiatan pateuteup raray

31.

Aya sabaraha rupa wawancara?

a)

opat

b)

genep

c)

dua

d)

tilu

32.

Ngumpulkeun informasi mangrupakeun ... wawancara.

a)

tujuan

b)

jawaban

c)

arti

d)

rupa

33.

Anuu kedah disiapkeun sateuacan wawancara, iwal ...

a)

nangtukeun saha nu rek diwawancara

b)

nyusun daptar pananya

c)

muguhkeun informasi naon nu rek diteangan

d)

neangan tempat

34.

Provinsi Jawa Barat

Jawa Barat provinsi anu ngabogaan 18 kabupaten jeung 9 kota madya. Jawa Barat atawa sok disebut daerah tatar sunda mangrupakeun hiji daerah nu kaitung pangsuburna daerahna. Bahasa anu dipake sapopoena nyaeta bahasa sunda.


1. Provinsi anu dicaritakeun dina carita di luhur teh nyaeta . . . .

a)

Jawa Barat

b)

Jawa Timur

c)

Jawa Tengah

d)

Sumatra

35.

2. Provinsi Jawa Barat teh ngabogaan .... kabupaten.

a)

18

b)

28

c)

9

d)

19