wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BAHASAN TRADISI LAWUNGAN 1

Total questions: 10

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.

Sok buru-buru baé nyadiakeun leueuteun. Cai téh kana cangkir husus paranti tamu. Maké baki. Lamun aya lalawuhna sok tuluy dikahareupkeun sakalian jeung pisin kuéhna. Sakapeung Apa sok miwarang ninyuh kopi. Kumaha tatamuna baé, da sok kadangu anjeunna sok nawaran tatamu:

“Badé ngaleueut kopi?” saurna.

Sempalan bahasan tradisi diluhur kaasup salah sahiji aspék tatakrama Gaul, nyaéta ….

a)

tatakrama wawanohan

b)

tatakrama sasalaman

c)

tatakrama nelepon

d)

tatakrama nyémah

e)

tatakrama ngalongok nu gering

2.

Kampung adat anu pernahna di Kabupatén Ciamis, nyaéta ....

a)

Kampung Adat Kuta

b)

Kampung Adat Baduy

c)

Kampung Adat Ciptagelar

d)

Kampung Pulo

e)

Kampung Dukuh

3.

Sajarah di Kampung Kuta teu meunang nanggap wayang nya éta …

a)

Lantaran aya angin topan

b)

Lantaran pangeusina katarajang panyakit

c)

Lantaran aya pangantén awéwé anu diiwat ku dalang

d)

Lantaran ngotoran lembur

e)

Lantaran aya mahluk leuweung

4.

Di Kampung Kuta nu miboga kalungguhan dina urusan adat dipupuhuan ku ….

a)

RT

b)

RW

c)

Kepala Dusun

d)

Kuncén

e)

Lurah

5.

Ngaran sesebutan séjén pikeun urang Baduy nyaéta ....

a)

Urang Tanggerang

b)

Urang Kampung

c)

Urang Kota

d)

Urang kanékés

e)

Urang Arab

6.

Lamun kuring anu mukakeun pantona keur tatamu, sok langsung diitung baé jumlah tatamuna méh teu hararésé deui. Ku lantaran ti leuleutik téa meureun dilatih, jadi geus teu ngarasa beurat deui nyuguhan tatamu téh. Nyadiakeun cai-cai baé mah asa geus teu matak susah deui. Kapan tamu téh lemesna tina sémah, nya éta jelma anu nganjang ka imah urang.

Ari sémah, sok dipaké heureuy, magar matak hésé nu boga imah. Tapi teu kitu keur bapa kuring mah. Nu diterapkeun ku anjeunna ka kuring sadulur-dulur, tatamu téh rejeki. Keur budak mah kahartina téh lamun tatamu barang kirim geus pasti rejekina téh. Tapi teu kitu keur Bapa mah. Sagala rupa ogé kudu dilenyepan. Imah nanahaon saurna imah anu tara kaanjangan ku papada jelema mah. Jadi kudu atoh lamun imah urang kaanjangan ku sémah téh. Dipikir-pikir enya, lamun teu kaanjangan ku jelema mah, meureun nu nganjangna lain jelema. Matak sieun meureun. Eta gé kudu dilenyepan saurna. Imah nu tara kaanjangan ku sémah mah sok caranéom.


Saupama ditilik tina sempalan téks di luhur anu dimaksud sémah téh nyaéta ....

a)

Nu sok ngahésékeun nu boga imah

b)

Tukang barangpénta kadaharan nu boga imah

c)

Jalma nu babawaanana ginding

d)

Kecap lemesna tamu nyaéta anu nganjang ka imah urang

e)

Lahan pikeun tatanén paré

7.

Ieu di handap ditataan sawatara tatacara dina tatakrama

1) Témbongkeun paroman nu hadé, ramah, jeung sopan

2) Maké baju anu sopan, basajan tapi bersih tur rapih

3) Upama salah nyambung, kudu ménta hampura

4) Nalika ngobrol, sémah teu meunang ngadominasi téma obrolan

5) Teu meunang méakeun idangan nu diidangkeun ku tuan rumah

6) Kudu miara buuk sangkan beresih

Anu kaasup kana tatakrama nyémah diantarana ....

a)

1,2,3,4

b)

1,2,4,5

c)

1,3,4,6

d)

2,3,4,5

e)

1,2,3,6

8.

Nurutkeun mitologi urang Kanékés, tempat manusa jeung mahluk séjénna cicing téh ayana di …

a)

Tri tangtu

b)

Buana Nyungcung

c)

Buana Panca Tengah

d)

Buana Larang

e)

Buana Peteng

9.

Pacaraman pikeun ngayoman kamurnian sukma manusa

2) Pacaraman pikeun nanggap wayang

3) Pacaraman pikeun ngayoman kamurnian mandala

4) Pacaraman pikeun ngayoman tradisi

Pacaraman pikeun nuar tatangkalan anu dianggap magis jeung mistis Dumasar kana tujuan anu hayang dihontal, pacaraman di Kanékés diklasifikasikeun jadi tilu golongan, nya éta kagambar tina nomer …

a)

1, 2, 3

b)

1, 3, 4

c)

2, 4, 5

d)

3, 4, 5

e)

1, 4, 5

10.

Nu ngabantuan Puun dina hal ngurus upacara di Kanékés nya éta …

a)

Panengen

b)

Tangkesan

c)

Parékan

d)

Barésan

e)

Parawari