wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulin dina Materi Pedaran

Total questions: 10

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

Sacara basa tradisi hartina...

a)

diteruskeun

b)

kabiasaan

c)

seni

d)

dicicingkeun

e)

budaya

2.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun-tumurun masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat di sebut...

a)

Budaya

b)

Tradisi

c)

Folklore

d)

Seni

e)

Adat

3.

Kumpulan tradisi anu diwariskeun sacara turun-tumurun di sebut

a)

Budaya

b)

Tradisi

c)

Folklor

d)

Seni

e)

Adat

4.

Tata polah anu angger tur diwariskeun sacara turun-tumurun biasana sifatna seremonial disebut....

a)

Adat Kabiasaan

b)

Budaya

c)

Folklore

d)

Kasenian

e)

Tradisi

5.

Teks atawa wacana anu eusina nganjentrekeun hiji objek jeung sok disebut teks eksposisi dina basa Indonesia disebut...

a)

Teks Wacana

b)

Teks Eksposisi

c)

Teks Eksplanasi

d)

Teks Biantara

e)

Teks Pedaran

6.

Ieu dihandap lain kaasup tehnik nulis pedaran nyaeta...

a)

Identifikasi

b)

Argumentasi

c)

Definisi

d)

Ilustrasi

e)

Proses

7.

Titenan teks di handap!


Bahan dasar kurupuk biasana sabangsaning tipung nu diadon jeung cai tur bungbu atawa rasa nu dipikahayang nepi ka dalit, diseupan, tuluy ditiiskeun. Bahan satengah jadi ieu tuluy dipotongan atawa dicitak sakumaha bentuk nu dipikahayang (buleud, rungga-renggi, atawa kotak), digaringkeun pikeun engkéna digoréng maké lisah kalapa atawa disangray.

(dicutat tina 17+ conto pedaran bahasa Sunda)


Teks di luhur ngalarapkeun tehnik...

a)

Identifikasi

b)

Definisi

c)

Ilustrasi

d)

Proses

e)

Klasifikasi

8.

Titenan Teks di handap!


Papais nya èta hiji kadaharan nu dijieuna tina tipung bèas. Papais aya nu asin jeung aya ogé nu semu amis. Papais asin mah biasana tara aya eusian, tapi papais nu teu amis teuing, mung semu amis mah di tengah-tengah papaisna sok aya potongan cau, biasana mah cau nangka atawa cau sejenna gè sok dianggo. Terus ditèmpèlan daun pandan saeutik ditengahna, nu ngajadikeun seungit kana papaisna.

(dicutat tina 17+ contoh Pedaran Bahasa Sunda)


Teks di luhur ngalarapkeun tehnik...

a)

Identifikasi

b)

Klasifikasi

c)

Ilustrasi

d)

Definisi

e)

Proses

9.

Titenan teks di handap!


Kurupuk mangrupa sala sahiji jenis kadaharan jajanan nu ilahar aya di warung. Najan kitu, di sababaraha wewengkon, utamana di Tatar Sunda, kurupuk biasa dijadikeun batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun beurat séjénna (hucap, baso, lotek, jsb).

(dicutat tina 17+ Contoh Pedaran bahasa Sunda)


Teks di luhur ngalarapkeun tehnik....

a)

Identifikasi

b)

Denfinisi

c)

Klasifikasi

d)

Proses

e)

Ilustrasi

10.

Titenan teks di handap!


Papais sok disuguhkeun dina acara-acara raramèan, sapertos hajat nikah, nyunatan, tahlilan, muludan, rajaban, jsb. Tapi sok aya ogè nu ngajual èta kadaharan téh utamana di pilemburan.

(dicutat tina 17+ Contoh Pedaran Bahasa Sunda)

a)

Identifikasi

b)

Definisi

c)

Ilustrasi

d)

Klasifikasi

e)

Proses