wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Basa Sunda Tema 1 Kelas 6

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

"Penyu téh nyaéta kuya laut. Nurutkeun para ilmuwan, penyu téh geus aya ti ahir jaman jura (145-208 juta taun kaliwat) rék saumur jeung dinosaurus. Sanajan salilana aya di jero cai, sakali waktu mumbul ngarénghap. Penyu napasna ku paru-paru. Penyu ngalalana kacida jauhna. Tempat nu jauhna 3.000 km bisa disorang salila 58-73 poé". Dumasar sempalan carita tadi rék naon penyu mucunghul ka luhureun beungeut cai?

a)

rek ngeueum na jero cai

b)

rek mumbul ngarenghap

c)

rek ngalalana jauh

d)

rek siga dinosaurus

2.

"Penyu jalu salilana hirup di laut.Penyu bikang muru basisir nyelang rék ngendog.Teu tulus ngendog mun kacaangan atawa kagandéngan. Di dunya téh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaéta penyu héjo, penyu sisik, penyu Kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balingbing, penyu pipih, jeung penyu tempayan". Dumasar sempalan carita tadi naon nu nyababkeun penyu teu tulus ngendogna di basisir?

a)

kusabab aya penyu jalu ngadeketan

b)

kusabab loba rupa rupa penyu jadi lieureun

c)

kusabab kacaangan jeung kagandengan

d)

kusabab penyu bikang muru ka basisir

3.

"keur mah bade ameung maen catur ka imah si syamsul, ayeuna dipiwarang nganteurkeun kueh ku pun lanceuk ka indungna, atuh puguh we aya jalan komo meuntas." Paribasa AYA JALAN KOMO MEUNTAS ngandung harti ........

a)

adat téh hésé digantina

b)

loba pangalaman

c)

eukeur mah aya maksud turugturug aya pijalaneunana

d)

migawé laku nu moal aya hasilna

4.

Penyu Héjo. Penyu téh nyaéta kuya laut. Nurutkeun para ilmuwan, penyu téh geus aya ti ahir jaman jura (145-208 juta taun kaliwat) rék saumur jeung dinosaurus. Sanajan salilana aya di jero cai, sakali waktu mumbul ngarénghap. Penyu napasna ku paru-paru. Penyu ngalalana kacida jauhna. Tempat nu jauhna 3.000 km bisa disorang salila 58-73 poé.Penyu jalu salilana hirup di laut.Penyu bikang muru basisir nyelang rék ngendog.Teu tulus ngendog mun kacaangan atawa kagandéngan. Di dunya téh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaéta penyu héjo, penyu sisik, penyu Kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balingbing, penyu pipih, jeung penyu tempayan. Carita diluhur kaasup karangan ......

a)

Dongeng

b)

Novel

c)

Mitos

d)

Carpon

5.

Nu disebut CARPON teh nyaeta ...................

a)

nyaéta salah sahiji wangun prosa wanda carita rékaan (fiksi) nu eusi jeung jalan caritana panjang tur loba bagéan-bagéanna.[1] [2] Diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalakonna loba, mangsa nu kacaturna lila.

b)

nyaeta karya sastra atawa carita rekaan dina wangun lancaran atawa anu sok disebut prosa.caritana anu pamohalan atawa teu asup kana akal atawa loba bohongna, saperti aya sasatoan atawa tutuwuhan anu bisa nyarita

c)

nyaeta rupa dongeng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu ku masarakat dianggap karamat

d)

nyaéta hiji wangun prosa naratif fiktif.nyaritakeun kajadian atawa sabagian tina kajadian anu dicaritakeun ku pangarangna kalayan daria, puguh anu ditepikeunana, karasa ayana hiji masalah, puguh tokoh atawa nu ngalakonna bari ninggalkeun kesan keur nu maca.

6.

"Si Kenoh mah baku ari geus barangdahar memeh sare teh, hese dirobahna, abong adat kakurung ku iga" Paribasa ADAT KAKURUNG KU IGA ngabogaan harti

a)

loba pangalaman

b)

tabeat nu geus hese dirobahna

c)

Asa jadi pangpunjulna

d)

mikahayang nu pamohalan

7.

"Menta tulung ka si eta mah sarua jeung nyiuk cai ku ayakan, bujeng-bujeng nulungan batur, indungna wae teu diurus".Paribasa NYIUK CAI KU AYAKAN ngabogaan harti

a)

tara nulungan batur

b)

tara gawe ngurus indungna

c)

migawé laku nu moal aya hasilna

d)

nulungan ngajadikeun hasil

8.

"Méméh asup ka lapangan badminton téh, bébéja heula ka petugas jaga". Kecap PATUGAS JAGA dina kalimat bieu ngabogaan harti ......

a)

petugas pikét

b)

patugas kabersihan

c)

patugas lapangan

d)

patugas tiket

9.

"Penjaga sakola keur motong awi palebah bukuna". Kecap BUKU dina kalimat bieu ngabogaan harti .....

a)

jumlah lobana awi keur ngajieun buku

b)

jumlah lobana potongan potongan awi

c)

sambungan antara dua ruas awi

d)

potongan awi jiunan panjaga sakola

10.

"Bu Guru nganggo pajeng ka sakola" kecap PAJENG dina kalimah bieu ngandung harti .....

a)

Payu

b)

loba

c)

baju

d)

payung

11.

A jelemana siga nyiuk cai ku ayakan, sabab mun digawe taya hasilna. Paribasa nyiuk cai ku ayakan hartina .....

a)

migawé laku nu moal aya hasilna.

b)

paturay, asal babarengan lila tuluy papisah

c)

loba pangalaman

d)

adat téh hésé digantina

12.

A jeung B alabatan sapu nyere pegat simpay kusabab papisah moal babarngan deui, Paribasa sapu nyere pegat simpay ngandung harti ....

a)

adat téh hésé digantina

b)

migawé laku nu moal aya hasilna

c)

eukeur mah aya maksud turugturug aya pijalaneunana

d)

paturay, asal babarengan lila tuluy papisah.

13.

Dinda mah jelemana legok tapak genteng kadek soalna loba pangalamanana

a)

paturay, asal babarengan lila tuluy papisah.

b)

loba pangalaman

c)

adat téh hésé digantina

d)

migawé laku nu moal aya hasilna

14.

Alex mah jelemana siga adat kakurung ku iga lamun geus kitu teh hese dirubahna

Paribasa adat kakurung ku iga, ngandung harti .....

a)

migawé laku nu moal aya hasilna

b)

paturay, asal babarengan lila tuluy papisah.

c)

adat téh hésé digantina

d)

eukeur mah aya maksud turugturug aya pijalaneunana

15.

Untung aya jalan komo meuntas, keur mah butuh duit pas aya nu mere duit. Paribasa aya jalan komo meuntas ngandung harti ......

a)

eukeur mah aya maksud turugturug aya pijalaneunana

b)

migawé laku nu moal aya hasilna

c)

loba pangalaman

d)

adat téh hésé digantina.

16.

Kecap sangaran nu ngandung harti Patugas piket, aya dina kalimah ........

a)

Méméh asup ka lapangan badminton téh, bébéja heula ka petugas jaga

b)

Jaga mah ieu tempat téh bakal kakeueum ku bendungan

c)

Si Udin mah jaga bakaljadi jalma beunghar

d)

Ngke jaga mah maneh kudu bisa ngurus diri sing bener

17.

Kecap sangaran nu ngandung hartina payung aya dina kalimah .....

a)

Lahan tanah téh teu acan pajeng diicalna.

b)

Bu Guru nganggo pajeng ka sakola

c)

Tos pajeng gorengan teh lur?

d)

dagangan ibu Eni meni pajeng pisan.

18.

Pelak suuk di kebon sakola geus jadi.

Kecap sangaran jadi dina kalimah di luhur ngandung harti.....

a)

tuluy

b)

tumuwuh

c)

teu jadi

d)

teu jalan

19.

"Langit katenjona ............, sigana mah poe ieu moal aya hujan"

Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta .....

a)

mumbul

b)

tumpul

c)

muru

d)

caang

20.

"Isukan mah kuring kudu heudang leuwih isuk-isuk deui supaya bisa ............................ kareta api anu ka kota". Kecap nu merenah pikeun ngalengekepan kalimah diluhur nyaeta ....

a)

caang

b)

mumbul

c)

tingarugil

d)

muru

21.

Keur anteng takbiran dijero masjid, kadenge tukangeun masjid barudak ayeuh-ayeuhan. Beretek Kang Haris muru ka tukang. Singhoreng teh barudak domba nu keur diadu.

"Nanahaon eta teh?" Kang Haris Ngagorowok , barudak jempe bari buriak lalumpatan ,nyaho Kang Haris ngambek.

Kang Haris ngambek ka barudak lantaran ....

a)

dombahenteu dicangcang

b)

ngagandengan nu keur solat

c)

barudak t miluan takbir

d)

barudak ngadukeun domba

22.

Ngadukeun sasatoan dilarang ku agama sabab ....

a)

nganiaya papada mahluk

b)

teu bisa di dahar dagingna

c)

sasatoan bakal kalabur

d)

harga sasatoan jadi mahal

23.

"Keur anteng maranehna nyisilan siki pare , geleber haliber lantaran Yumna jeung Rezel ngalaliwat ka sisi sawah lebah dinya."

Dina kalimah di luhur aya kecap maranehna jeung haliber, asalna tina kecap hiber + rarangken tengah -ar-, anu hartina ....

a)

ngawangun kecap barang anu hartina loba

b)

ngawangun kecap pagawean anu hartina loba

c)

ngawangun kecap kaayaan anu hartina loba

d)

ngawangun kecap sipat anu hartina loba

24.

Ciri tina kalimah pananya , make kecap pananya. Ieu di handap kalimah anu make kecap pananya nya eta ....

a)

Saha anu ngiringan lomba 17 Agustusan teh ?

b)

Jumlah jalma anu positif covid -19 di Indonesia teh ngalobaan ?

c)

nu ngiring kagiantan lomba video kreatif teh Lintang ?

d)

Bumina pak Guru mah di Jatinangor ?

25.

Gambar di luhur nyaritakeun ...

a)

Kahirupan di lingkungan pertanian, silih pikanyaah papada makhluk

b)

Kaulinan barudak lembur

c)

kahirupan di lingkungan pakampungan

d)

kahirupan di lingkungan kota