NEW
Font size
WorksheetsBAHASAN TRADISI 2
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
1) Bubuka
2) Mukodimah
3) Eusi
4) Panutup
5) Kacindekan
Bahasan tradisi Sunda téh miboga struktur karangan, runtuyan struktur karangan bahasan tradisi Sunda anu bener nyaéta ....
1 – 2 – 3 – 4
1 – 3 – 4
2 – 1 – 3 – 4
2 – 3 – 4
1 – 3 – 5
Ngahaja ieu tulisan téh dijudulan “Tatamu”. Dina ieu pedaran, kuring hayang byaritakeun saha-saha baé nu geus nganjang ka imah kuring, ti mangsa kuring keur leutik. Para tamu téh aranjeunna nu aya kaperluanana ka indung bapa kuring. Aranjeunna sok aruplek ngobrol, rupa-rupa wangkonganana. Aya sadérék indung bapa kuring nu lalandes, aya anu geus laér. Kitu deui aya nu lain dulur-dulur acan. Tapi ku kuring kaharti pisan aranjeunna téh baroga masalah anu parenting. Kuring sok nengetan jeung sok tuluy tatanya, naha aya naon pangna sarumping jeung ngawangkong panjang. Malah aya nu sok tuluy ngéndong.
Sempalan téks bahasan tradisi di luhur mangrupa bagian ....
Mukodimah
Bubuka
Eusi
Téma
Panutup
Alhamdulillah tara bahula. Sok buru-buru baé nyadiakeun leueuteun. Cai téh kana cangkir husus paranti tamu. Maké baki. Lamun aya lalawuhna sok tuluy dikahareupkeun sakalian jeung pisin kuéhna. Sakapeung Apa sok miwarang ninyuh kopi. Kumaha tatamuna baé, da sok kadangu anjeunna sok nawaran tatamu.
Sempalan téks bahasan tradisi di luhur mangrupa bagian ....
a. Mukodimah
b.
c.
d.
e.
Bubuka
Eusi
Téma
Panutup
Meureun éta téh ganjaran kanggo anjeunna, anu biasa ngahormat tamu, atuh ari natamu biasa ngahormat pribumi, dina ahir hayat téh dina mangsa anjeunna natamu ka Gusti Nu Mahsa Suci, tatamu anu sarumping téh éstu garinding. Siga pésta baé. Masya Allah.
Sempalan téks bahasan tradisi di luhur mangrupa bagian ....
Mukodimah
Bubuka
Eusi
Téma
Panutup
Alhamdulillah tara bahula. Sok buru-buru baé nyadiakeun leueuteun. Cai téh kana cangkir husus paranti tamu. Maké baki. Lamun aya lalawuhna sok tuluy dikahareupkeun sakalian jeung pisin kuéhna. Sakapeung Apa sok miwarang ninyuh kopi. Kumaha tatamuna baé, da sok kadangu anjeunna sok nawaran tatamu.
Sempalan paragraf di luhur nyaritakeun ngeunaan ....
Tatakrama di ondangan
Tatakrama nyémah
Tatakrama dahar
Tatakrama nginum
Tatakrama leumpang
“Jang ulah sok saré sareupna, bisi keuna ku teluh!”
Kalimah di luhur nuduhkeun salah sahiji pakeman basa nyaéta ….
Babasan
Paribasa
Cacandran
Uga
Panyaraman
“Jang ulah sok saré sareupna, bisi keuna ku teluh!”
Panyaraman di luhur téh maksudna ….
Waktu sareupna biasana jadi waktu laliarna mahluk halus atawa demit téh dina wanci sareupna. Teluh ogé dibarawana téh ku bangsa dedemit, kaasup bangsa jin. Lamun urang saré sareupna bisi bangsa dedemit asup kana kurungan urang, kaasup teluh kiriman batur.
Waktu sareupna nyaéta waktuna neluh jelma nu dipikahayang
Waktu sareupna nyaéta waktu diciptakeunana teluh ku jin.
Waktu sareupna nyaéta waktu teu hadé pikeun neluh.
Waktu sareupna nyaéta waktu nu mustajab pikeun neluh.
Ari lawang panto téh jajalaneun paranti lalar liwat. Lamun aya awéwé diuk dina lawang panto matak ngahalangan jala. Ieu téh mangrupa simbul keur asupna jodo ka imah kahalangan. Jeung euweuh gawé diuk dina lawang siga euweuh deui tempat.
Harti panyaraman di luhur mangrupa salahsahiji conta panyaraman di handap nyaéta ....
Ulah sok lalangiran bisi paéh Indung.
Teu meunang sasapu ti peuting, bisi nyapukeun rijki.
Ulah diuk dina lawang panto bisi nongtot jodo.
Ulah ngintip nu keur mandi, matak turuwiseN
Ulah ngiihan ruhak, bisi nyeri kiih.
Hartina ti peuting mah waktuna istirahat jeung saré. Kaduana waktu peuting mah poék, tetempoan teu écés kacirina, bisi aya barang penting anu ragrag kasapukeun jadi leungit. Ku kituna, sasapu ti peuting matak ngaleungitkeun rejeki.
Harti panyaraman di luhur mangrupa salahsahiji conta panyaraman di handap nyaéta ....
Ulah sok lalangiran bisi paéh Indung.
Teu meunang sasapu ti peuting, bisi nyapukeun rijki.
Ulah diuk dina lawang panto bisi nongtot jodo.
Ulah ngintip nu keur mandi, matak turuwisen
Ulah ngiihan ruhak, bisi nyeri kiih.
Ngintip nu mandi téh pagawéan henteu sopan. Lamun pngintipna tina liang bilik, bisi kacolok panon atawa dina bilik aya tetep atawa mérang. Lamun tetep atawa mérang keuna kana panon, panon urang jadi béntol malah bisa bareuh. Ku kituna, karuhun baheula nyarék ngintip nu keur mandi matak turuwisen atawa bareuh panon.