wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penialaian Harian Teks Bahasan Tradisi Sunda

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Dina teks Tatakrama urang Sunda nu dipedar minggu kamari, kunaon cenah urang teh kudu boga tatakrama?

a)

Lantaran tatakrama téh mangrupa aturan kana ngahormat nu lian atawa aturan dina sopan santun nu digunakeun ku warga atawa masarakat, keur silih ajenan jeung nu liana.

b)

Lantaran tatakrama teh penting pisan

c)

Lantaran tatakrama teh aturan dina hirup kumbuh urang sapopoe.

d)

Lantaran tina tatakrama urang bisa apal tingkat ngahormatna hiji jalma.

e)

Lantaran tatakrama mangrupa aturan dina hirup di masarakat

2.

Teks bahasan atawa nu dipikawanoh karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana. Di handap ieu nu teu kaasup ciri-ciri teks bahasan nya eta ...

a)

Ngajelaskeun sagala informasi jeung pangaweruh

b)

Ngagunakeun gaya informasi persuasif atawa mangaruhan

c)

Ditepikeun sacara lugas jeung bahasa anu baku

d)

Nyodorkeun fakta anu digunakeun salaku alat kontritasi jeung alat kontribusi.

e)

Maksa kana pamadegan nu disodorkeun ku penulis

3.

Dina nyieun teks bahasan urang bisa ngagunakeun tehnik identifikasi, klasifikasi, definisi, ilustrasi, jeung proses. Nu dimaksuk tehnik definisi nya eta ....

a)

ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung medar ciri-ciri tina éta perkara atawa barang

b)

ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung nyieun papasingan éta perkara atawa barang

c)

ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré wangenan kana éta perkara atawa barang;

d)

ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran kana éta perkara atawa barang

e)

ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran prosés nyieunna éta barang

4.

Tradisi mangrupa hasil cipta sarta karya manusia tina objek material, kayakinan, imajinasi, kajadian, atau lembaga nu diwariskeun ti hiji generasi ka generasi. di handap ieu mangrupa ciri-ciri tradisi, iwal ....

a)

Cara ngawariskeun jeung sumebarna biasana tatalépa sacara lisan.

b)

Mibanda sifat tradisional

c)

Tradisi mah sipatna anonim

d)

Tradisi téh milik bangsa priyayi

e)

Mibanda fungsi atawa kagunaan salaku alat pendidikan, pelipur lara atawa pangbeberah, protes sosial, jeung proyeksi kahayang anu kapendem

5.

Gambar di luhur mangrupa salah sahiji tradisi dina daur hirup manusa nu ngaranna ...

a)

Ngeuyeuk seureuh

b)

Siraman

c)

Tingkeban

d)

Huap lingkup

e)

Sungkem

6.

Aya ungkara nu netelakeun yen urang Sunda téh sok dipatalikeun jeung tilu ciri, nyaéta: ngagem agama Islam, nyarita ku basa Sunda jeung dina sariring dumadina teu weléh maké adat-istiadat Sunda. Ngama’naan ngeunaan saha ari urang Sunda nu saéstu, numutkeun Hidayat Suryalaga di antarana kudu nyoko kana 4 kriteria, nya eta Sunda subyektif, Sunda objektif, Sunda genetik, jeung Sunda sosio-kultural. Maksud tina Sunda Sosio Kultural nya eta ...

a)

hiji jalma sacara katurunan ti kolotna ngabogaan sarsilah urang Sunda pituin.

b)

lamun indung bapana atawa salah saurang diantarana nu lain urang Sunda pituin, tapi najan kitu dina kahirupan sapopoéna, boh sikep, paripolahna, adat-istiadat, nyarita, boh dina kahirupan berkesenianana némbongkeun konsép hirup nu nyunda, éta ogé kaasup urang Sunda

c)

hiiji jalma dianggap tur diaku ku jalma séjén salaku urang Sunda, lantaran geus némbongkeun jeung ngalaksanakeun sikep jeung prilaku nu nyunda.

d)

hiji jalma dumasar tinimbangan subyektifitasna rumasa jeung ngaku dirina urang Sunda, nya inyana disebut urang Sunda.

7.

Masarakat adat nu kabeungkeut dina Aliansi Masyarakat Adat Nusantara sapuk tur sapamadegan nyebutkeun yén masarakat adat téh minangka komunitas nu miboga asal-usul karuhun sacara turun tumurun dumuk di wilayah geografis nu tangtu sarta ngabogaan sistim ajén-inajén, ideologi, ekonomi, politik, budaya, jeung sosial sacara has. Ieu masarakat tetep nyekel deleg ajén-inajén dina hirup kumbuh sapopoéna.

Keraf (2010, kc.121) nyebutkeun yén aya sababaraha ciri nu ngabédakeun masarakat adat jeung kelompok masarakat séjén, iwal ...

a)

Nyicingan taneuh-taneuh karuhunna, sabagian atawa sagemblengna.

b)

Miboga garis turunan nu sarua, nu asalna tina padumuk asli éta daérah.

c)

Miboga budaya nu has, nu patalina jeung agama, sistem sélér, raksukan, tarian, cara hirup, alat, kaasup néangan napkah

d)

Ilaharna hirup misah ti kelompok masarakat nu séjén jeung nolak atawa ati-ati kana hal-hal nu anyar nu asalna ti luar komunitasna

e)

Basa nu digunakeunana luyu jeung kamekaran jaman kiwari

8.

Di handap ieu kalimah nu nuduhkeun undak usuk (tatakrama) basa nu bener nya eta ...

a)

Pun biang nuju mios ka Bandung ti dinten Senen.

b)

Tuang rama bade angkat kamana, wireh tadi enjing-enjing tos dijajapkeun?

c)

Abdi nuju kulem basa pun bapa mulih ti dayeuh teh.

d)

Abdi mah kelas XII pami pun rai mah nembe kelas VI

e)

Pun Adi teh nembe pisan angkat ka sakola da ngantosan heula pun biang wangsul ti pasar.

9.

Di handap ieu kampung adat Sunda nu aya di Tasikmalaya nya eta ...

a)

Kampung Naga

b)

Kampung Baduy

c)

Kampung Pulo

d)

Kampung Adat Cireundeu

e)

Kampung Kuta

10.

Kampung adat anu kadaharan utamana sampeu nya eta ...

a)

Kampung Naga

b)

Kampung Baduy

c)

Kampung Cireundeu

d)

Kampung Pulo

e)

Kampung Kuta