Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

DONGENG SIKLUS 2

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Dina salasahiji pancén basa Sunda, hidep dititah pikeun maca carita dongéng anu miboga judul “Si Kabayan Ngala Nangka”. Nalika hidep maca éta dongéng, hidep ngilu asup kana eusi carita anu ngagambarkeun kahirupan padésaan waktu harita. Hawana tingtirim tur tiis. Sasakali, dicaritakeun hieumna leuweung nalika Si Kabayan ngala nangka, anu mantak nyieun hidep muringkak nalika maca.

Gambaran anu dipikarasa ku hidep nalika maca éta dongéng dipangaruhan ku salasahiji unsur carita dongéng nyaéta ….

a)

téma

b)

jejer

c)

latar tempat

d)

latar suasana

e)

latar waktu

2.

Unggal soré Abdul mindeng ngupingkeun dongéng dina radio. Lian ti jadi hiburan, tina dongéng ogé sok meunangkeun hiji pangajaran pikeun Abdul.

Unsur pangajaran anu aya dina dongéng disebut ….

a)

téma

b)

watek

c)

jejer

d)

amanat

e)

palaku

3.

Kocap isukna, isuk-isuk tukang suluh geus indit deui ka dayeuh. Kaldena gancang leumpangna, da teu beurateun ku momot. Sapanjang jalan tukang suluh teh teu weleh nanya ka dirina sorangan."

Dumasar kana eta dongeng, iraha latar waktuna...

a)

beurang

b)

isuk-isuk

c)

subuh

d)

janari

e)

peuting

4.

Dina hiji dongeng, tokoh Si Kabayan boga watek hadé, boga tugas merjoangkeun rahayat leutik tur kacida bumela ka mitoha.

Dumasar watekna éta Si Kabayan digolongkeun kana tokoh ...

a)

antagonis

b)

protagonist

c)

tritagonis

d)

tambahan

e)

piguran

5.

(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng­-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.

Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah ....

a)

(1)

b)

(2)

c)

(3)

d)

(4)

e)

(5)

6.

Dongéng-dongéng Si Kabayan méh sarua jeung dongéng Joko Dolog ti Jawa, atawa dongéng Abu Nawas ti Parsi. Dongéng Dalem Boncél nu doraka ka kolot, sarua jeung dongéng Malin Kundang ti Sumatra Barat, jeung dongéng Batu Menangis ti Kalimantan.

Saupama ditingali tina katerangan di luhur, dongeng teh miboga ciri ….

a)

kaasup kana golongan carita


b)

aya babagian anu teu asup akal

c)

sumebarna sacara lisan

d)

ngandung nasehat nu hade pikeun pieunteungeun

e)

aya babadingan jeung dongeng sejejen di tempat sejen

7.

Tengetan!

(1) Pungkasan carita

(2) Manggala sastra

(3) Masalah muncer

(4) Munculna masalah

(5) Ngarengsekeun masalah

Runtuyan galur merele anu paling bener nyaeta....

a)

(1)-(2)-(3)-(4)-(5)

b)

(2)-(4)-(3)-(5)-(1)

c)

(3)-(2)-(4)-(1)-(5)

d)

(4)-(3)-(2)-(5)-(1)

e)

(5)-(1)-(3)-(4)-(2)

8.

(1) Munding dikongkoyang oray rek ngajugjug ka Majapait. (2) Lebah pihumaeun munding teh neunggar dapuran cau manggala. (3) Kabeneran aya anak cau anu rubuh dua tangkal, tuluy napel jadi tanduk. (4) Sakadang munding tambah segutna. (5) Ti harita munding tarandukan.

Unsur pamohalan dina carita di luhur dituduhkeun ku nomer ....

a)

(1)

b)

(2)

c)

(3)

d)

(4)

e)

(5)

9.

Salah sahiji ciri dongeng nyaeta pikeun ngawariskeun ajen-ajen moral anu sipatna atikan, eta hartina ....

a)

dongeng bisa dipake pikeun

ngebrehkeun pangaresep urang dina nyarita.

b)

dongeng mere pintonan visual dina

uteuk pangregep boh sacara sadar atawa teu sadar digambarkeun sorangan ku

pangregep, nu ngabalukarkeun munculna rasa atawa kaayaan panglipur diri

nalika ngambah dunya ciciptaan/ imajinasi dongeng.

c)

dongeng jadi sarana pikeun ngawanohkeun ngeunaan bebeneran hirup,

ngahudang jeung numuwuhkeun sikep tur pamadegan sarta ajen diri hiji jalma,

sarta ngawanohkeun sikep-sikep anu luyu jeung aturan anu bener.

d)

dongeng bisa ngaronjatkeun

pangaweruh kandaga kecap, kalimah, babasan, paribasa, sajarah, budaya, jeung

sajabana.

e)

dongeng jadi salah sahiji kamampuh

pikeun ngaronjatkeun kamampuh pikeun nyarita di hareupeun jalma rea.

10.

Dina dongéng téh aya palaku, aya jalan carita, jeung aya kasang tukang waktu jeung tempatna.

Éta hartina dongéng téh miboga ciri ….

a)

kaasup kana golongan carita

b)

aya babagian anu teu asup akal

c)

sumebarna sacara lisan

d)

ngandung nasehat nu hade pikeun pieunteungeun

e)

aya babadingan jeung dongeng sejejen di tempat sejen