wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Tradisi Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.

1.Buka Pintu

2. Sawer panganten

3. Meueum harupat

4. Nyadiakeun sato bea

5. Ngaleupaskeun manuk japati

6. Huap lingkung

Tradisi Sunda anu nyampak dina upacara adat kawinan dituduhkeun ku no ....

a)

1,2,3,5

b)

1,2,3,6

c)

2,3,4,5

d)

2,3,4,6

e)

3,4,5,6

2.

Tradisi hajat anu umumna kapanggih di wewengkn basisir boh kaer boh kidu diaksanakeun ku pamayang jeung kulawargana keur sukur kana hasil nu geus kapetik sok disebut tradisi ........

a)

pesta laut

b)

hajat pamayang

c)

hajat lauk

d)

pesta pamayang

e)

pesta basisir

3.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebutna

a)

Folklor

b)

budaya

c)

tradisi

d)

etika

e)

tatkrama

4.

ieu di handap anu teu kaasup kana teknik nulis karangan pedaran nyaeta teknik

a)

persuasi

b)

identifikasi

c)

ilustrasi

d)

definisi

e)

proses

5.

kagiatan medar hiji pasualan, dumasar kana fakta fakta nu kapanggih, boh tina panalungtikan atawa tina pangalaman sorangan disebut

a)

pedaran

b)

wawasan

c)

ringkasan

d)

ulasan

e)

pemahaman

6.

medar ngeunaan unak anik tradisi di hiji masarakat sunda ( kagiatan adat istiadat, ritual budaya, atikan, pakasaban, tatanen jeung rea rea deui, nyaeta...

a)

aturan tradisi sunda

b)

pedaran tradisi sunda

c)

wawasan tradisi sunda

d)

etika tradisi sunda

e)

tatakrama tradisi sunda

7.

teknik nulis pedaran nu bener nyaeta

a)

proses

b)

imajinasi

c)

wawasan

d)

klarifikasi

e)

evaluasi

8.

katangtuan nyusun tulisan pedaran nyaeta,,,

a)

nangtukeun jejer atawa tema

b)

ngumpulkeun bahan

c)

perhatikeun basana

d)

nyusun rangkay karangan

e)

bener sadaya

9.

struktur / rangkay karangan pedaran aya bubuka, eusi jeung panutup. anu teu ka asup kana bubuka nyaeta...

a)

alesan milih jejer

b)

pentingna jejer

c)

saran

d)

tujuan jeung gunana

e)

watesan jejer

10.

Aya rupa-rupa beulitan iket luyu jeung umur, jabatan, jeung waktu dipakéna. Ieu di handap anu heunteu kaasup kana beulitan iket, nyaéta ....

a)

kolé nyangsang

b)

kuda balap

c)

koncér/ paitén

d)

parékos nangka

e)

barangbang semplak

11.

Ngeunaan tipeu jeung gaya kapamingpinan Sunda bisa kapanggih dina naskah kuno ....

a)

Darmajati

b)

Carita Ratu Pakuan

c)

Séwaka Darma

d)

Amanat Galunggung

e)

Sanghiyang Siksa Kandang Karesian

12.

Dina sistem kapamingpinan Sunda "Tri Tangtu di Bumi", Sang prabu kudu boga palasipah ngagurat batu, nyaéta ....

a)

ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem

b)

boga watek nengtremkeun dina kaadilan

c)

jeung bawahan boga watek silih asih, silih asah, silih asuh

d)

taat tur patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rékayasa

e)

kudu lumampah dumasar tékad, ucap, jeung lampah

13.

Pangimbuhing Twah anu hartina 'mibanda jiwa pahlawan atawa sikep nasionalisme tur gédé rasa tulung tinulungan', nyaéta ....

a)

pakapradana

b)

marogol-rogol

c)

gapitan

d)

purasa ning sa

e)

karawaleya

14.

Ieu di handap heunteu kaasup kana unsur Dasa [asanta (Panengtrem Haté), nyaéta ....

a)

asih

b)

cangcingan

c)

hook

d)

nyecep

e)

ramah

15.

Anu heunteu kaasup kana karekter goréng opat paharaman, nyaeta ....

a)

babarian

b)

humandeuar

c)

kukulutus

d)

langsitan

e)

pundungan

16.

Anu heunteu kaasup karakter dina Pangimbuhing Twah, nyaeta ....

a)

emét

b)

leukeun

c)

rajeun

d)

imeut

e)

kandulan

17.

Istilah "tradisi" numutkeun basa Laten disebut ....

a)

tradition

b)

traditio

c)

tradise

d)

trend

e)

tradisie

18.

Ieu di handap anu heunteu kaasup upacara daur hidup, nyaéta ....

a)

Adat nyalin

b)

Adat mulasara bali

c)

Adat ngariksa nu reuneuh

d)

Adat nu nyiram

e)

Adat ngariksa nu Ngajuru

19.

Paribasa "Ciri sabumi cara sadésa, jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana, lain tepak séjén igél" hartina satiap daérah boga cara jeung ciri masing-masing anu beda-beda.

a)

Bener

b)

Salah

20.

Adat ruat bumi biasa dilakukeun masarakat daerah Sukabumi.

a)

Bener

b)

Salah