wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Quiz Pangajaran Basa Sunda Materi Dongeng

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Watek Si Kabayan nu kagambar tina dongéng Si Kabayan Ngala Tutut nya éta….

a)

Pangedulan/kedul

b)

Pikaambekeun batur

c)

Pikakeuheuleun

d)

Pikareueuseun pamajikan

e)

Pikageuleuheun

2.

Pék baca ieu téks sempalan dongéng ieu di handap.

……

Ceuk Nyi Iteung, "Kabayan ulah kabeurangan baé, euweuh pisan gawé sia mah. Ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu." Ceuk Si Kabayan, "Ka mana ngalana?"

Ceuk Nyi Iteung, "Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagarap geura."

Dumasar kana sempalan téks dongeng di luhur téma nu kasirat nya éta....

a)

Milik jalma getol

b)

Sawah anu jero caina

c)

Leugeut anu henteu napel dina cai

d)

Ngala tutur ku leugeut

e)

Kalakuan jalma kedul

3.

Dumasar kana gambar dina dongeng Si Kabayan Ngala tutut, tokoh nu disuntrungkeun nu Nyi Iteung nya éta....

a)

Ambu

b)

Nini

c)

Kabayan

d)

Abah

e)

Nyi Endit

4.

Watek japati nu kagambar dina dongéng Sireum jeung Japati téh nya éta….

a)

Pikaambekeun batur

b)

Pikakeuheuleun

c)

Daek Nulungan sasama

d)

Pikareueuseun

e)

Pikageuleuheun

5.

Pék baca ieu téks sempalan dongéng ieu di handap.

……

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagarap. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna patinggolétak. Tapi barang diteges- teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa reuwas nempo sawah sakitu jerona. Padahal mah teu sajeungkal-sajeungkal acan, siga jero sotéh pédah aya kalangkang langit. Ceuk Si Kabayan dina jero pikirna, "Ambuing, ieu sawah kabina-bina teuing jerona. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi, éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, deuk dileugeutan bae ku aing."

Dumasar kana téks dongeng di luhur latar tempat nu kagambar nya éta....

a)

Di Sawah

b)

Di Leuweung

c)

Di Kebon

d)

Di Langit

e)

Di Imah

6.

Watek sireum nu kagambar dina dongéng Sireum jeung Japati di luhur téh nya éta….

a)

Daek Nulungan sasama

b)

Adigung

c)

Sarakah

d)

Pikakeuheuleun

e)

Pikareueuseun

7.

Amanat anu kacangking tina pedaran dongéng di luhur nyaéta …

a)

Kudu tutulung jeung tatalang nalika aya anu ménta tulung atawa kasusahan.

b)

Jadi jelema ulah medit bisi hésé rejekina.

c)

Kudu loba pakaya sangkan bisa béréhan jeung nulungan ka batur.

d)

Ulah sarakah.

e)

Ulah nganyenyeri batur

8.

Pék baca ieu téks sempalan dongéng ieu di handap.

…..

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijeujeuran ku awi panjang, sabab pikirna rék ti kajauhan baé ngala tututna téh, moal deukeut-deukeut, sieun tigejebur.

Si Kabayan ngadekul ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang dileugeut, beunang soteh lantaran dikoéran ku jeujeur. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo da tutut mah leueur.

Dumasar kana téks dongeng di luhur latar waktu nu kagambar nya éta....

a)

Isuk

b)

Beurang

c)

Peuting

d)

Unggal poé

e)

Barangreup

9.

Pék baca ieu téks sempalan dongéng ieu di handap.

…..

Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan….

Dumasar kana téks dongeng di luhur latar tempat nu kagambar nya éta....

a)

Di Sawah

b)

Di Leuweung

c)

Di Kebon

d)

Di Langit

e)

Di Walungan

10.

Dumasar kana gambar dongeng di luhur latar susana nu kagambar nya éta....

a)

Bungah

b)

Sedih

c)

Keuheul

d)

Waas

e)

Keueung