Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Idiom

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Idiom teh asalna tina kecap idios nu hartina has, mandiri. Ari idios teh asalna tina basa...

a)

Romawi

b)

Persia

c)

Yunani

d)

Athena

2.

Idiom dina basa Sunda mah disebutna...

a)

paribasa

b)

babasan

c)

caturangga

d)

pakeman basa

3.

Anu henteu kaasup kana pakeman basa dina basa Sunda nya eta...

a)

sisindiran

b)

caturangga

c)

uga

d)

repok

4.

Bandung heurin ku tangtung nya eta salah sahiji conto tina...

a)

cacandran

b)

uga

c)

babasan

d)

paribasa

5.

Ari pakeman basa anu patali jeung tanda-tanda pikeun nganyahokeun hade gorengna watek kuda disebut...

a)

cacandran

b)

candrasangkala

c)

caturangga

d)

repok

6.

Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing–pasing jadi ... golongan

a)

dua

b)

tilu

c)

opat

d)

lima

7.

Alus budi parangina, lamun nyarita mindeng dibarung ku seuri nya eta harti tina babasan...

a)

someah hade ka semah

b)

amis budi

c)

goreng budi

d)

bengkok tikoro

8.

Lengkepan paribasa di handap ku ngaran sasatoan!


Kawas .... leupas ti gedogan.

a)

ucing

b)

kuda

c)

manuk

d)

meri

9.

Pribumi kaelehkeun ku bangsa deungeun, nya eta harti tina paribasa...

a)

buruk-buruk papan jati

b)

cul dogdog tinggal igel

c)

bisa ka bula ka bale

d)

jati kasilih ku junti

10.

Babasan nu hartina taya gorengna upama urang ngageunahkeun hate batur ku basa nya eta...

a)

basa mah teu kudu meuli

b)

basa ciciren bangsa

c)

hade budi

d)

ngabudi ucing