Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Tarjamahan

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan mindahkeun hiji basa kana basa lainna disebut....

a)

transkripsi

b)

narjamahkeun

c)

transliterasi

d)

nyalin basa

e)

saduran

2.

Tarjamahan interlinear nyaeta....

a)

prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung runtuyan kecap dina basa aslina

b)

prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé

c)

prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana

d)

prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran

e)

kagiatan narjamahkeun ma’na ku cara nyaluyukeun jeung budaya sasaran

3.

Prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun narjamahkeunana, disebut ....

a)

interlinéar

b)

otomatis

c)

saduran

d)

adaptasi

e)

bébas

4.

Tarjamahan saduran nyaeta ….

a)

prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung runtuyan kecap dina basa aslina

b)

prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé

c)

prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana

d)

prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran

e)

kagiatan narjamahkeun ma’na ku cara nyaluyukeun jeung budaya sasaran

5.

(1) Kudu satia kana teks aslina.

(2) Tangtukeun jeung identifikasi kasang tukang ngalaksanakeun kagiatan.

(3) Perhatikeun kalawan daria, sumanget, jeung suasana dina karangan aslina.

(4) Hasil tarjamahan teh ulah katembong minangka karya tarjamahan.

(5) Susun rupa-rupa informasi jadi hiji laporan anu sistematis tur gumulung.

Nu kaasup kana prak-prakan narjamahkeun dituduhkeun ku nomer....

a)

(1), (2), jeung (3)

b)

(1), (3), jeung (4)

c)

(2), (3), jeung (5)

d)

(2), (4), jeung (5)

e)

(3), (4), jeung (5)

6.

Prosés narjamakeun téh dimimitian ku ....

a)

mariksa téks asli, narjamahkeun, mariksa deui hasil tarjamahan

b)

mariksa téks asli, narjamahkeun, narjamahkeun deui

c)

mariksa téks asli, mariksa hasil tarjamahan, narjamahkeun

d)

mariksa téks asli, teu narjamahkeun, teu mariksa deui

e)

mariksa téks asli, teu narjamahkeun, mariksa tarjamahan

7.

Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab nyaéta....

a)

abdi

b)

iman

c)

ahlak

d)

agama

e)

taqwa

8.

Kecap kenyang dina basa Sunda upama di tarjamahkeun kana basa Indonesia sarua hartina jeung kecap....

a)

betot

b)

wareg

c)

tarik

d)

eungap

e)

dudut

9.

Kakaknya sedang mengadakan acara tujuh bulanan di rumah mertuanya.

Tarjamahan tina kecap acara tujuh bulanan saupama dipatalikeun jeung konteks kabudayaan Sunda nyaeta....

a)

seren tampi

b)

ngeuyeuk seureuh

c)

jatukrami

d)

tingkeban

e)

seserahan

10.

Kalimah “saya pergi ke pasar”, upama ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi ....

a)

Abdi indit ka pasar

b)

Abdi mios ka pasar

c)

Abdi angkat ka pasar

d)

Kuring mios ka pasar

e)

Kuring angkat ka pasar