wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SISINDIRAN LAWUNGAN KA-2

Total questions: 15

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

Ka kulah nyiar kastuba

kelewih loba buahna

Ulah nyobaan narkoba

leuwih loba bahayana


Sisindiran di luhur kaasup kana wangun..

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

2.

Ti beurang melak paria

Pasosoré ngala bogo

Ti beurang ngajak paséa

Pasosoré nyebut bogoh


Sisindiran di luhur kaasup kana wangun...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

3.

Teu puguh monyét hideungna

asa teu puguh tungtungna

(Lutung)


Sisindiran di luhur kaasup kana wangun...

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

4.

Wangun sisindiran anu diwangun ku dua padalisan sarta aya wangsal nu kudu diteguh ku urang disebut...

a)

Rarakitan

b)

Wawangsalan

c)

Paparikan

5.

Dina rarakitan jeung paparikan téh dumasar kana watekna, dipasing-pasing deui jadi tilu rupa, nya éta...

a)

Silih asih, silih mikanyaah, sésébréd

b)

Silih asih, sésébréd, banyol

c)

Silih asih, piwuruk, naséhat

d)

Silih asih, piwuruk, sésébréd

6.

Watek sisindiran anu eusina patali jeung heureuy, banyol, lulucon atawa bisa ogé mangrupa kritikan disebut...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Silih Asih

d)

Piwuruk

e)

Sésébréd

7.

Ti Cikajang ka Ciamis

Mapay tegal ka Cimindi

Aya mojang mani geulis

Ngan hanjakal tara mandi


Watek paparikan di luhur nyaéta...

a)

Silih asih

b)

Piwuruk

c)

Sésébréd

8.

Ulah waka hayang samping

mun acan meuli calana

Ulah waka hayang kawin

mun acan jadi sarjana


Watek rarakitan di luhur nyaéta...

a)

Silih asih

b)

Piwuruk

c)

Sésébréd

9.

Meuli saté di Cibogo

saratus pikeun susuguh

Nyeri haté ku kabogoh

Diputuskeun teu pupuguh


Watek paparikan di luhur nyaéta...

a)

Silih asih

b)

Piwuruk

c)

Sésébréd

10.

Poé Minggu aya sémah

.........................................

Mun urang ka luar imah

Omat kudu maké masker


Kalimah nu cocog pikeun ngeusian padalisan ka-dua dina sisindiran di luhur nyaéta...

a)

Disuguhan kuéh bolu

b)

Disuguhan permén coklat

c)

Disuguhan loba buah

d)

Disuguhan puding ager

11.

...........................

Omat kudu jeung sambelna

Lamun di tempat nu ra

Omat dipaké maskerna


Kalimah nu cocog pikeun ngalengkepan padalisan ka-hiji nyaéta...

a)

Lamun dahar lauk nila

b)

Lamun dahar sayur asem

c)

Lamun sok dahar guramé

d)

Lamun dahar goréng kentang

12.

Jalan-jalan ka Cila

Inditna téh jeung Si Ratna

Singkahan tempat nu ra

...............................................


Kalimah nu cocog pikeun ngalengkepan padalisan ka-opat sisindiran di luhur nyaéta...

a)

Méh urang teu beunang macét

b)

Méh teu beunang ku corona

c)

Méh teu panggih musuh gerot

d)

Méh teu kapanggih ku batur

13.

Bangkuang di kebon cikur

Kelewih jeung buah leunca

..............................................

Kapanggih eukeur ngabéca


Kalimah nu cocog pikeun ngalengkepan padalisan ka-tilu dina sisindiran di luhur nyaéta...

a)

Si Akang ngaku diréktur

b)

Si Akang ngaku nu beunghar

c)

Si Akang kapanggih wadul

d)

Si Akang euweuh kaéra

14.

Apan arék ka Cibubur

......................................

Apan urang kabéh dulur

Henteu hadé mumusuhan


Kalimah nu cocog pikeun ngalengkepan padalisan ka-dua dina sisindiran di luhur nyaéta..

a)

Henteu hadé saré heula

b)

Henteu hadé dahar heula

c)

Henteu bisa peuting teuing

d)

Henteu hadé rurusuhan

15.

..................................

..................................

Lamun urang hayang pinter

ulangan ulah sok niron


Kalimah nu cocog pikeun ngalengkepan cangkang dina sisindiran di luhur nyaéta...

a)

Buah pala daun cikur

jambu médé ditaweuran

b)

Ti Karawang ka Cililin

Tumpak motor maké supra

c)

Aya manuk dina pager

Cicingna lebah paralon

d)

Aya meri dina rakit

Boboko wadah bakatul