Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Biantara jeung Sisindiran

Total questions: 30

Worksheet time: 1hrs 26mins

Name
Class
Date
1.

Tiap jalma saha waé bisa nepikeun hiji hal. Hususna biantara, sesebutan jalma nu sok maca atawa nepikeun biantara disebut….

a)

Operator

b)

Moderator

c)

Profesor

d)

Narator

e)

Orator

2.

Dina biantara perlu dilarapkeun Tatakrama Basa Sunda. Upama nyarita dihareupeun balaréa kudu ngagunakeun basa … .

a)

Basa kasar

b)

Basa nu bébas

c)

Ragam basa loma

d)

Ragam basa budak

e)

Ragam basa hormat

3.

Ieu di handap eusi bagéan bubuka tina biantara, nya éta nepikeun … .

a)

Muji sukur ka Gusti Alloh

b)

Ucapan ménta hampura

c)

Ucapan pangwilujeng

d)

Ucapan hatur nuhun

e)

Ucapan du’a

4.

Minangka pamungkas saur, bilih ngawur, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Kalimah di luhur mangrupa bagian biantara ... .

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Pangjajap

e)

Salam panutup

5.

Téhnik biantara anu ngagunakeun sarta maké catetan leutik anu mangrupa inti bahasan disebut …

a)

Téhnik hapal

b)

Téhnik Nalar

c)

Téhnik Naskah

d)

Téhnik Dadakan

e)

Téhnik Catetan Ringkes

6.

Dina nepikeun biantara sok aya anu ngadadak/ditodong sangkan nepikeun biantara harita kénéh, nepi ka eusina pondok jejerna bébas tur bisa réngsé luyu jeung waktu anu geus di tetepkeun. Disawang tina cara nepikeunana biantara nu kitu disebut...

a)

Téhnik hapal

b)

Téhnik Nalar

c)

Téhnik Naskah

d)

Téhnik Dadakan

e)

Téhnik Catetan Ringkes

7.

Aya sababaraha tahap anu kudu diperhatikeun dina nyusun naskah biantara, iwal ti… .

a)

Nangtukeun jejer

b)

Nangtukeun tujuan

c)

Naskah kudu panjang

d)

Ngumpulkeun bahan

e)

Nyusun rarancang biantara

8.

Anu kaasup kana bagian panutup anu lengkep dina biantara ieu di handap nya éta….

a)

Kitu ogé bari jeung digédéng ku kendang gedé pakauman dag-dig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos

b)

Ngawanohkeun sareng ningkatkeun Basa Sunda saleresna mah sanés kanggo para nonoman wungkul,tapi tos kedah diajarkeun tikawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku basa Sunda

c)

Assalamu’alaikum Wr.Wb. Hadirin anu sami-sami linggih, kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung pamprok jonghok dina ieu acara

d)

Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun para sepuh miwah para tamu anu sami rawuh,taya sanés seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang.

e)

Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah-sumarambah kana manah – sareng matak nyelekit kana manah. Mugi agung cukup lumur–jembar sihaksima.

9.

Ulah nepi ka pribumi kasilih ku sémah, sok disebut ogé …

a)

Cul dogdog tinggal igel

b)

Jati kasilih ku junti

c)

Ciri sabumi cara sadésa

d)

Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak

e)

Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat

10.

Di handap mangrupa conto mamanis basa dina bubuka nya éta ... .

a)

Amis budi béar marahmay

b)

Mugia teu aya gantar kakaitan

c)

Bobo sapanon carang sapakan

d)

Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak

e)

Patepung lawung, paamprok jonghok patepang raray

11.

“Nepangkeun sim kuring Mutiara, minangka wawakil ti kelas IX, nganuhunkeun ka panitia anu parantos masihan kasempetan kanggo cumarios dina ieu kasempetan. Saur paribasa téa mah sim kuring téh ngiring jabung tumalapung cumarios di dieu téh sanés tiasa, namung alatan kapaksa.”

Cutatan biantara di luhur téh mangrupa … . biantara anu ditepikeun ku … .

a)

bubuka – guru

b)

bubuka – siswa

c)

salam- siswa

d)

panutup – siswa

e)

panutup – guru

12.

Maksud tina biantara pamapag biasana diébréhkeun dina bagian ....

a)

bubuka biantara

b)

salam biantara

c)

eusi biantara

d)

Pangwilujeng biantara

e)

panutup biantara

13.

Ieu di handap mangrupa kamampuh nu henteu kudu dipibanda ku jalma nu rék nepikeun biantara, nya éta ... .

a)

mampuh nepikeun eusi kalayan jéntré

b)

ngagunakeun kalimah nu éféktif tur sisrematis

c)

ngagunakeun basa anu ngayayay tur loba basa asingna

d)

ngagunakeun ungkara basa jeung étika nu merenah

e)

kudu bisa ngirut panitén nu ngabandungan biantara

14.

Ieu di handap mangrupa salasahiji conto biantara anu teu resmi/nonformal, nya éta… .

a)

rapat

b)

hutbah

c)

biantara pamapag

d)

ceramah kaagamaan

e)

biantara dina seminar

15.

Sisindiran anu miboga ciri kecap nu sarua mimitina (jajaran kahiji sarua jeung jajaran katilu, jajaran kadua sarua jeung jajaran kaopat) mangrupa jenis sisindiran … .

a)

Piwuruk

b)

Silih Asih

c)

Rarakitan

d)

Paparikan

e)

Wawangsalan

16.

Sisindiran anu eusina ngandung atikan, papatah, amanah pikeun masarakat disebut sisindiran … .

a)

Piwuruk

b)

Silih Asih

c)

Rarakitan

d)

Paparikan

e)

Wawangsalan

17.

Dumasar kana wangunna, sisindiran bisa dibédakeun jadi tilu rupa, di antarana … .

a)

Cangkang, eusi, wangsal

b)

Paparikan, rarakitan, wawangsalan

c)

Silih asih, sésébréd, piwuruk

d)

Paparikan, rarakitan, tatarucingan

e)

Wawangsalan, tatarucingan, paparikan

18.

Ka mana jalan ka Yogya,

Ka ditu ka pangrumasan,

Ka mana jalan ka surga,

Ka ditu ka pangaosan.

Wangun sisindiran di luhur miboga watek … .

a)

Piwuruk

b)

Silihasih

c)

Papatah

d)

Prihatin

e)

Sésébréd

19.

Rarasaan meuli cau

Teu terang melak jahé

Rarasaan asa lucu

Teu terang matak réhé

Sisindiran di luhur miboga jenis tur wangun … .

a)

Paparikan, piwuruk

b)

Paparikan, sésébréd

c)

Rarakitan, sésébréd

d)

Rarakitan, piwuruk

e)

Rarakitan, Silih asih

20.

Ngawuluku ngawalajar (1)

Kudu di babadan heula (2)

Dina waktu rék diajar (3)

Hayu ngadaroa heula (4)

Ditingali dina wangun jeung eusina soal di luhur kaasup kana…

a)

Sisindiran, wanguna paparikan eusi piwuruk

b)

Sisindiran, wanguna rarakitan eusina piwuruk

c)

Sisindiran, wanguna rarakitan eusina sésébréd

d)

Sisindiran, wanguna paparikan eusina silih asih

e)

Sisindiran, wanguna paparikan eusina sésébréd

21.

Ulah ngala cocongoan (1)

Bisi ruksak tangkal manggu (2)

Ulah waka bobogohan (3)

Bisi sakola kaganggu (4)

Bagian eusi sisindiran di luhur aya dina kalimah nomer ….

a)

(1), (2)

b)

(1), (3)

c)

(3), (4)

d)

(2), (4)

e)

(1) nepi (4)

22.

7. Salila milu ka dinya,

Téangan roda padati.

……………………………..

……………………………..

Eusi sisindiran di luhur nya éta... .

a)

mun hormat ka indung bapa

tangtu dipiasih gusti

b)

mun urang hirup béréhan

sok babari meunang rijki

c)

kudu nyieun kahadéan

didasaran niat ihlas

d)

salila hirup di dunya

téangan ridoning Gusti

e)

mun urang aya di dunya

kudu inget kana rijki

23.

rincik-rincik hujan leutik

paralak hujan tambaga

ngilik-ngilik ti leuleutik

teu terang aya nu boga

Sisindiran di luhur miboga jenis tur wangun … .

a)

Paparikan, piwuruk

b)

Paparikan, Silih asih

c)

Paparikan, sésébréd

d)

Rarakitan, piwuruk

e)

Rarakitan, sésébréd

24.

Salian ti paparikan jeng rarakitan, wangun sisindiran aya nu disebut wawangsalan, nu maksudna … .

a)

Dibalibirkeun

b)

Diwangsalkeun

c)

Diwangsulkeun

d)

Dibalikan deui

e)

Diterapkeun deui

25.

Daging leutik ditiiran

Duh mani ka nyeri haté

Wangsalna … .

a)

Daging iga

b)

Daging sapi

c)

Teriyaki

d)

Gulé

e)

Saté

26.

Komputer osok dijingjing

Top téh teuing kumaha anjeun

Wangsalna … .

a)

Hapé

b)

Panto

c)

Kastop

d)

Léptop

e)

Notebook

27.

Maung tutul saba kasur

Diri teu ngeunah cicing

Wangsalna … .

a)

Maung

b)

Ucing

c)

Cacing

d)

Bajing

e)

Meri

28.

Kulit teuas tungtung ramo

Baku sok nganyenyeri

Wangsalna ... .

a)

Kuku

b)

Jari

c)

Tungku

d)

Bangku

e)

Rangu

29.

Gamparan mah sangu atah

Keur menak kawuwuh sugih

wangsalna ... .

a)

Karih

b)

Gigih

c)

Bubur

d)

Beas

e)

bear

30.

Hadirin hormateun sim kuring.

Di antara masalah nu disanghareupan ku urang téh nyaéta lobana gogoda ka nonoman nu antukna nonoman urang tigebrus kana narkoba. Di antarana dicontoan ku public figure atawa sélébriti nu ngagunakeun narkoba. Anjeunna siga teu sadar yéh posisi jeung kalakuanana minangka publik figure bisa nimbulkeun balukar nu awon ka masarakat. Popularitas jeung harta, saolah-olah nutupan akal séhatna pikeun jauh tina narkoba.

Eusi poko biantara di luhur nya éta... .

a)

Nonoman urang sunda

b)

Popularitas, harta, jeung narkoba

c)

Publik Figur pecandu narkoba

d)

Nonoman anu ti gebrus narkoba

e)

Masarakat sieun kana narkoba