WorksheetsMenganalisis Aspek Kebahasaan Cerita Wayang
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Ngadéngé omonganna budak téh meni kokolot begog.
Harti babasan kokolot begog nyaéta ….
kolot anu euweuh kanyaho kawas budak
kolot anu kalakuanna siga budak
budak anu ngomongna siga kolot
budak nu beungeutna siga kolot
budak nu teu boga kolot
Néng Tuti mah amis budi, teu weleh marahmay.
Tina kalimah di luhur, kecap mana anu kaasup babasan?
Marahmay
Amis budi
Amis
Budi
Teu weleh
Haji éta mah ngeupeul dipénta sumbangan ogé tara méré.
Tina kalimah di luhur nu kaasup kecap kiasan nyaéta …..
Ngeupeul
Tara méré
Sumbangan
Tara
Dipénta
Leutik-leutik geus panjang leungeun budak téh.
Harti babasan panjang leungeun nyaéta ….
Béréhan
Getol
Daékan
Cicingeun
Tukang cukat-cokot barang batur
Ari geus maju mah maké wani nincak sagala manehna téh.
Dina kalimah diluhur aya sabaraha kecap kiasan?
1 kecap
2 kecap
3 kecap
4 kecap
5 kecap
Sakitu awak jangkung badag ogé angger wé leutik burih.
Tina kalimah di luhur mana nu kaasup babasan?
Jangkung
Jangkung badag
angger
leutik burih
sakitu awak
Néng Nani mah hampang birit dititah gawé nanaon gé tara hésé.
Babasan hampang birit téh hartina …
teu hese atawa teu kaléked dititah
ngahuleng waé
bisa ngapung
lulumpatan waé
wanian
Ih, ulah sok ngahampas ari ka batur téh!
Tina kalimah di luhur aya sabaraha kecap kiasan?
1 kecap
2 kecap
3 kecap
4 kecap
5 kecap
Karék ogé bisa digawé di kantor meni geus gedé hulu kitu.
Tina kalimah di luhur, nu kaaasup kana babasan nyaéta ….
Digawé di kantor
Gedé hulu
Geus gedé
Karék ogé
Kantor
Dasar budak leutik, bujur aseupan pisan mun keur pangajian téh.
Harti babasan bujur aseupan nyaéta ….
Bujurna méncos
Bujurna leutik
Teu daék cicing
Teu daék nurut
Hayang saré
