wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Basa Sunda 2023

Total questions: 20

Worksheet time: 39mins

Name
Class
Date
1.

Baca Sempalan teks deskripsi ieu di handap.


Tania mangrupakeun mojang nu ngajagaan warung di dekeut bumi abdi. Tania geulisna kawanti-wanti, anjeuna ngabogaan buuk lurus, kulit na bodas bersih. Saha wae anu ningali pasti ngarasa deudeuh. Anjeunna oge bageur ka tiap jalmi, wajar wae lamun tania seueur dipikabogoh ku batur.


Teks deskripsi di luhur kaasup kana teks deskripsi jenis.....

a)

Jalma

b)

Tempat

c)

Ekspositoris

d)

Impresionistik

2.

Di Kampus IPB aya sahiji lapangan parkir anu lega, lapangan ieu bisa nyimpeun motor anu dibawa ku mahasiswa, dosen, jeung para tamu. Lapangan parkir ieu kabagi jadi dua bagian, bagian palebah katuhu dihususkeun keur parkir mobil, sedengkeun nu bagian kenca, di hususkeun keur parkir motor mahasiswa.


Jejer(judul) nu dipedar dina teks deskripsi di luhur, nyaeta.......

a)

Kampus IPB

b)

Jalma IPB

c)

Lapang IPB

d)

Lapang Parkir IPB

3.

Teks deskripsi anu eusina ngudag kana kesan nu macana, nyaeta

a)

Ekspositoris

b)

Impresionistik

c)

Tempat

d)

Jalma

4.

Aya genep jenis teks deskripsi, nu teu kaasup kana teks deskripsi nyaeta.......

a)

Tempat

b)

Gambaran

c)

Tehnis

d)

Jalma

5.

Teks deskripsi sugesti nyaeta....

a)

Eusina nga gambar keun jalma

b)

Eusina nga gambar keun tempat

c)

Eusina nga gambar keun kesan nu maca

d)

Eusina nga gambar keun imajinasi nu maca

6.

Hamparan sawah ngabentang luas. Paré-paré geus mulai kararonéng, ngaliuh a’ayunan, pating siliwir katiup angin, naek turun kos ombak di basisir. Bararudak lulumpatan nundung manuk-manuk piit anu keur pesta ngadaraharan beuneur. Bukit anu ngajulang luhur siga raksasa keur saré, ngabates dikajauhan, disimbutan ku mega sabodas kapas, nyieun nambah asri pamandaangan.


Wacana di luhur teh kagolong kana Wanda karangan

a)

Narasi

b)

Deskripsi

c)

Eksposisi

d)

Argumentasi

7.

Numutkeun masarakatna, ieu kampung téh diwangun ku Sembah Éyang Abdul Manaf nu mangrupa turunan ti wali Cirebon, Syarif Hidayatullah. Ieu kampung diwangun abad ka 15 Maséhi. Dimimitian ku Éyang Abdul Manaf nu indit ka Mekah ninggalkeun lemburna tur dumuk di Mekah dina waktu nu kaitung lilana. Hiji mangsa Éyang Abdul Manaf ngarasa hayang balik deui ka lemburna, saméméh indit ninggalkeun Mekah, anjeunna ngadu’a di hiji tempat nu dingaranan Gubah Mahmud deukeut Masjidil Haram. Dina du’ana anjeunna meredih sangkan bisa balik deui ka lembur nu teu kacicingan ku penjajah. Sanggeus nepi di lemburna, anjeunna néangan tempat luyu jeung pituduh nu aya di Gubah Mahmud tug nepi ka manggih hiji tempat nyaéta di daérah walungan Citarum.


Teks deskripsi di luhur eusina nyaeta

a)

Lokasi geografis

b)

Sejarah Kampung

c)

Sistem Ajaran Agama

d)

Kesenian Kampung

8.

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُإِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ،َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.، أَمَّا بَعْدُ؛ *


Sempalan teks di luhur mangrupakeun bagian...

a)

Salam

b)

Salam jeung Muqodimah

c)

Puji Syukur

d)

Ucapan Basmallah

9.

Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar tilu taun. Mangrupa bagian...

a)

Ucapan Syukur

b)

Salam jeung Muqodimah

c)

Puji Syukur

d)

Sholawat Ka Nabi Muhammad

10.

"........ oge teu hilap solawat miwah salam mugia salamina dilimpakeun ka jungjunan alam habibbana wanabiyyana Muhammad SAW. Teu kakantun ka kulawargana, parasohabatna, paratabiit-tabiinna, tug dugi ka urang sadayana salaku umatna...."


Mangrupa keun bagian....

a)

Salam Jeung Muqodimah

b)

Sholawat Ka Nabi Muhammad

c)

Puji Syukur

d)

Pangbagean

11.

"Bapa Kepala Sekolah nu dipihormat, Bapa kalih Ibu Guru oge hadirin hormateun sim kuring. Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kareteg ati ....... Mangrupa Bagian.....

a)

Eusi

b)

Sholawat Ka Nabi Muhammad

c)

Puji Syukur

d)

Pangbagean

12.

Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru... jst.


Teks diluhur mangrupakeun bagean tina.... Biantara.

a)

Eusi

b)

Sholawat Ka Nabi Muhammad

c)

Puji Syukur

d)

Pangbagean

13.

Urutan Nu bener bagian biantara nyaeta

a)

Penutup, Eusi, jeung Bubuka

b)

Pangbagean, Eusi, jeung Bubuka

c)

Bubuka, Eusi, jeung Panutup

d)

Bubuka, Eusi, jeung pangbagean

14.

Konsép anu kuat ngabalukarkeun masarakat Kampung Mahmud taat dina hal agamana, contona katitén leuwih ngutamakeun kahayangna pikeun bisa ngalaksanakeun rukun Islam anu kalima, nyaéta ibadah haji. Tina éta hal, masarakat Kampung Mahmud loba anu nepi ka ngorbankeun hartana ngabélaan ngajual tanah jeung sawahna pikeun bisa ngalaksanakeun ibadah haji. Sabab di Kampung Mahmud aya oriéntasi pikeun jalma anu geus ngalaksanakeun ibadah haji, éta darajatna leuwih luhur sarta dipihormat ku saréréa.


Teks deskripsi di luhur eusina nyaeta

a)

Lokasi geografis

b)

Sejarah Kampung

c)

Sistem Ajaran Agama

d)

Kesenian Kampung

15.

Patali jeung kahirupan Kampung Adat Mahmud anu raket pisan jeung religiutas, produk kasenianana ogé tinangtu moal jauh tina éta kabiasaan. Kasenian anu mekar di ieu kampung téh nyaéta terbang. Ieu kasenian biasana dipagelarkeun dina raraga miéling poé-poé kaislaman jeung poé anu dianggap penting dumasar kaparcayaan masarakatna. Terbang miboga udagan pikeun nepikeun dakwah jeung ajén-ajén para Waliyullah (wali Alloh).


Teks deskripsi di luhur eusina nyaeta

a)

Lokasi geografis

b)

Sejarah Kampung

c)

Sistem Ajaran Agama

d)

Kesenian Kampung

16.

Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa kalayan nepikeun hiji jejer, nya éta disebut…

a)

Dakwah

b)

Diskusi

c)

Biantara

d)

Paguneman

17.

Aya sababaraha téhnik dina nepikeun biantara, di antarana nya éta…

a)

Impromtu, Eksempelar, Naskah, jeung Maca

b)

Maca, Éksempelar, Impromtu, jeung Nulis

c)

Impromtu, Ékstemporan, Naskah, jeung Ngapalkeun

d)

Impromtu, Ékstemporan, Nulis, jeung Ngapalkeun

18.

Dumasar kana suasana acara jeung tempat acarana, biantara téh kabagi jadi dua, nya éta …

a)

Biantara informatif jeung biantara teu informatif

b)

Biantara ngajak jeung biantara teu ngajak

c)

Biantara resmi jeung Biantara teu resmi

d)

Biantara di sakola jeung biantara di luar sakola

19.

Lutfi miluan lomba biantara teu make tulisan minggu kamari, eta kaasup kana biantara…

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Ékstemporan

d)

Bener kabeh

20.

Aya biantara nu eusina ngajak balaréa sangkan milampah hiji perkara. Ieu hal téh saluyu jeung salah sahiji tujuan biantara, nya éta…

a)

Informatif

b)

Rekreatif

c)

Persuasif

d)

Subjektif