NEW
Font size
WorksheetsTradisi Budaya Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Naon ai nu disebut tradisi téh, iwal….
Adat kabiasaan
Tali paranti anu turun temurun ti karuhun
Tata kalakuan anu diwariskeun ti kolotna
Warisan ti kolot
Dina kahirupan masarakat sunda, adat kabiaasaan patali jeung upacara daur hidup (siklus hidup),ti mimiti kakandungan, lahir, rumaja, kawin, nepi ka maot. Salasahiji adat nikahkeun diantarana, iwal….
Ngaras jeung siraman
Ngeuyeuk seureuh
Sawér
Tujuh bulanan atawa tingkeban
Rupa-rupa adat anu kapanggih masih kénéh hirup di masarakat urang salaku media hiburan nyaéta…
Adat ngurus nu maot
Adat ngariksa nu kakandungan
Mulasara bali
Sawér dina adat ngawinkeun
Salam ka jalma anu dianggap dipihormat ku pangantén. Dina prosési ieu pangantén salam ka indung bapa ti dua kulawarga jeung sesepuh anu aya Maksudna nyaéta ménta restu ka dua kulwarga dina ngambah kahirupan rumah tangga anu rék dilakonan. Sok disebut…
Sungkem
Sawér
Huap lingkung
Narosan
Inti tina nyawér téh nyaéta, iwal….
Nepikeun papatah atawa naséhat rumah tangga
nepikeun kawajiban salaki ka pamajikan
nepikeun kawajiban pamajikan ka salaki
ritual kaagamaan
Sahiji prosés anu dilakukeun ku pihak lalaki ku cara datang ka kulawarga pihak awéwé bari ménta budak awéwéna jang dijadikeun pamajikan, biasana méré sajumlahing duit ka pihak awéwé sagédéngeun mawa kadaharan Prosés ieu disebut….
Narosan/ngalamar
Nendeun omong
Walimahan
Ngaras
Prosés di mana ti pihak lalaki talatah anu eusina boga niat jang hahadéan tapi lain mangrupa runtuyan dina adat nikahkeun disebut ogé….
Neundeun omong
Ngaras
Walimahan
Sawér
Prosési siraman jeung ngaras biasana ditujukeun pikeun….
némbongkeun rasa hormat ka kolot jeung ménta du'a
némbongkeun kulawargana mampu ngayakeun ieu upacara
némbongkeun masih nyekel pageuh adat sunda
némbongkeun kabungahaan nu jadi pangantén
Dina pagelaran wayang lian ti dalang anu ngawayang, aya tukang nabeuh gamelan anu disebut ....
Sindén
Nayaga
Dalang
Juru alok
Gugunungan
Wayang golék téh salah sahiji seni tradisi nu pangdipikaresepna ku kuring. Kabeneran, hirup téh dilingkungan masarakat nu raket pisan jeung wayang. Paling copélna, keur kuring budak kénéh, kira-kira taun 1960an, wayang golék téh keur meumeujeuhna nanjung.
Sempalan di luhur medarkeun ....
Wayang golék
Seni tradisi
Kabiasaan masarakat
Kahirupan jaman baheula
Kabiasaan keur budak
Di handap ieu anu henteu kaasup pandawa, nya eta ....
Yudistira
Arjuna
Nakula
Sadewa
Drupadi
Suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina mimiti caritana disebut ....
Murwa
Nyandra
Antawacana
Rumpaka
Sora
Sabalikna ka Dorna, ka Suyudana, ka Dasamuka, kumna ka urang Kurawa nu jahat, kalan-kalan ka Arjuna nu sok gampang ka pangaruhan ku Dorna gé bet mani teu resep, ceuceub kabina-bina. Tagtu wé embung siga maranéhna. Tongtonan nu jadi tungtunan téa kitu wayang téh? Enya sigah na mah.
Watek Arjuna nyaéta ....
Wijaksana
Teu boga pamadegan
Gedé ambek
Hayang onjoy ti batur
Ngulit bawang
Cara ngigel jeung merangkeun wayang dina pagelaran wayang disebut....
Kakawen
Murwa
Garap
Nyandra
Antawacana
Carita Ramayana mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....
Wiyasa
Wirasa
Rahwana
Mpu Walmiki
Mpu Tantular
Titenan ciri-ciri carita di handap ieu!
(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3) Caritana basajan
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7) kapaluruh saha nu ngarangna
(8) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
Ciri-ciri carita wayang anu sarua jeung dongeng, nyaeta ....
1 jeung 2
2 jeung 4
2 jeung 5
5 jeung 7
5 jeung 8
Gandari téh indungna Déstarata
Bener
Salah
Pandawa miboga indung anu ngaranna ...
Kunti Nalibrata
Déstarata
Sintawati
Jabang Tutuka
Anu disebut putra penengah Pandawa tèh nyaèta ....
Yudistira
Arjuna
Bima
Nakula
Sadèwa
Jelema nu sok nyaritakeun jeung ngigelkeun wayang sok disebut:
Dalang
Sinden
Nayaga
Purwa
Suluh
