NEW
Font size
WorksheetsKawih
Total questions: 20
Worksheet time: 1hrs 12mins
Rumpaka kawih téh diwangun ku dua unsur, nyaéta rumpaka jeung kawih. Ari kawih raket jeung ...
Puisi
Pupuh
Seni
Prosa
ES LILIN
és lilin mah Ceuceu kalapa muda,
dibantun mah dibantun ka Sukajadi,
abdi isin dunungan samar kaduga,
sok sieun mah aduh henteu ngajadi.
Dina rumpaka kawih di luhur aya ... padalisan
1
4
12
11
Dina rumpaka kawih di luhur (kawih ES LILIN), dina padalisan kadua aya ... engang
10
11
12
13
Kawih téh mangrupa lalaguan Sunda, jalma nu sok ngawih disebut ...
SIndén
Juru tembang
Juru Kawih
Juru Mamaos
Puisi anu sok dilagukeun disebut ...
Sajak
Karawitan
Rumpaka
Tembang
a. És Lilin
b. Si Kabayan
c. Tanah Sunda
d. Sangkuriang
e. Bubuy Bulan
Anu kaasup judul kawih nyaéta ...
a, b, c
a, d, e
a, c, e
b, c, d
Rumpaka kawih Sunda és lilin, diwangun ku ...
Wawangsalan
Paparikan
Guguritan
Sisindiran
Rumpaka kawih téh diwangun ku dua unsur, nyaéta rumpaka jeung kawih. Ari rumpaka raket patalina jeung ...
Puisi
Lagu
Karawitan
Prosa
Padeukeutna sora-sora dina unggal padalisan rumpaka kawih disebutna ...
purwadaksi
purwakanti
nada lagu
suasana
Sinatria danalaga
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tékad suci
Berjuang keur lemah cai
Rumpak kawih di luhur téh mibanda purwakanti...
cakraswara
maduswara
rantayan
runtuyan
Tengetan rumpaka kawih di handap !
KARATAGAN PAHLAWAN
Sanggian: Mang Koko
Teu honcéwang sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Bajoang keur lemah cai
Lali rabi tur tégang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdika
Rasa nu kagambar dina rumpaka kawih Karatagan Pahlawan nya éta...
Sedih
Sumanget
Gumbira
Bungah
Nada nu karasa dina rumpaka kawih Karatagan Pahlawan nya éta...
Gancang
Rancag
Ngagedur
Laun
Ungkara “teu honcéwang sumoréang” mibanda purwakanti...
maduswara
cakraswara
rantayan
runtuyan
Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya...
pedotan
guru lagu
guru wilangan
wiletan jeung embat (témpo, wirahma)
Judul sempalan kawih ieu nyaéta ....
És Lilin
Borondong garing
Tahu Sumedang
Peuyeum Bandung
Eusi Kawih ieu nyaritakeun ngeunaan ...
Nagara Indonésia
Manuk Dadali jadi siloka sinatria
Garuda Indonésia
Pahlawan Indonésia
Sempalan kawih ieu, nyaéta kawih ....
Wanoja Sunda
Mojang Bandung
Mojang Priangan
Wanoja Priangan
Di handap ieu mangrupa unsur kawih, iwal ....
Téma
Nada
Rasa
Galur
Situ Ciburuy laukna hésé dipancing
Nyérédét haté ningali ngeplak caina
Judul kawih tina sempalan rumpaka di luhur nyaéta ...
Situ Ciburuy
Ciburuy
Bubuy Bulan
Bubuy Situ Ciburuy
Gagasan poko anu rék ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca disebut ...
Purwakanti
Suasana
Nada
Téma
