wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

REMED CARITA BUHUN XII MPLB 3

Total questions: 25

Worksheet time: 27mins

Name
Class
Date
1.

Carita Baratayuda kaasup tina salasahiji bagian carita wayang ...

a)

Jagal Bilawa

b)

Déwa Ruci

c)

Mahabarata

d)

Arjuna Sasrabahu

e)

Ramayana

2.

Tokoh Rahwana atawa Dasamuka aya dina carita ...

a)

Mahabarata

b)

Jagal Bilawa

c)

Arjuna Sasrabahu

d)

Déwa Ruci

e)

Ramayana

3.

Carita Mahabarata téh kawitna ti wewengkon India. Dipercaya salaku carita nu bener kajadian. Carita Mahabarata ditulis ku ...

a)

Tatang Suhéndar

b)

Asép Sunandar

c)

Wyasa

d)

Wibisana

e)

Walmiki

4.

Sedengkeun carita Ramayana disusun ku ...



(a)  

5.

Wayang nu dilakonkeun ku jalma sarta caritana dumasar tina carita Mahabarata nya éta wayang ...

a)

Purwa

b)

Potéhi

c)

wong

d)

Klitik

e)

golék

6.

Sedengkeun wayang nu dijieunna tina kai kawas boneka sarta réa sumebarna di Jawa Barat disebutna ...

a)

Potéhi

b)

wong

c)

Klitik

d)

golék

e)

Purwa

7.

Tokoh Hanoman téh ayana dina carita wayang nu judulna ...

a)

Baratayuda

b)

Bima Ruci

c)

Ramayana

d)

Bagawat Gita

e)

Mahabarata

8.

Perang Bharatayuda dina carita Mahabarata téh perang antara dua sadulur nya éta ...

a)

Suyudana jeung Arjuna

b)

Batara Surya jeung Pandu Déwanata

c)

Gatotkaca jeung Dipati Karna

d)

Arjuna jeung Dipati Karna

e)

Pandawa jeung Kurawa

9.

Dina pagelaran wayang loba unsur pendukungna, aya nu disebut sinden jeung nayaga. Naon anu dimaksud nayaga dina pagelayan wayang?

a)

Caritaan dalang

b)

Lagu dina basa kawi

c)

Anak panah

d)

Dalang ngamimitian ngawayang

e)

Tukang nabeuh gamelan

10.

Tengetan diagram ieu. Dina istilah kulawargi Pandu jeung Destarata teh disebutna ...

a)

alo

b)

indung

c)

kapilanceuk

d)

kapiadi

e)

suan

11.

Dumasar diagram nu tos aya, Lima Pandawa jeung Kurawa disebutna ...

a)

indung

b)

kapilanceuk

c)

kapiadi

d)

suan

e)

alo

12.

Dumasar diagram, hubungan Kurawa jeung Ambika nya eta ...

a)

alo

b)

bibi

c)

uwa

d)

nini

e)

indung

13.

Dumasar diagram, hubungan antara Pandu jeung Destarata disebutna ...

a)

mamang - bibi

b)

aki - nini

c)

alo - suan

d)

indung - bapa

e)

adi - lanceuk

14.

Salian ti kudu aya dalang, dina wayang golek oge sok aya panembang nu ngahiriring dina prungna. Sebutan keur panembang dina wayang golek nya eta ....

a)

Juru ngibing

b)

Juru alok

c)

Panembang

d)

Sinden

e)

Nayaga

15.

Babon (induk/sumber) carita wayang golek asalna ti India tina carita ....

a)

Mahabarata jeung Ramayana

b)

Pandawa jeung Ramayana

c)

Pandawa jeung Kurawa

d)

Rama jeung Yana

e)

Rama jeung Sinta

16.

"Kombayana apal pisan, kakuatan Amarta téh di antarana lantaran diaping ku Lurah Semar badranaya, déwa kamanusaan nu bakti diri ka raja-raja nu hadé ahlakna. Saha baé nu kacicingan Lurah Semar, tangtu unggulna."

Nurutkeun sempalan carita di luhur, watek Lurah Semar nyaéta ....

a)

Gagah perkasa

b)

Weruh sadurung winarah

c)

Sakti

d)

Satia satuhu

e)

Hadé ahlak

17.

"Sabalikna ka Dorna, ka Suyudana, ka Dasamuka, kumna ka urang Kurawa nu jahat, kalan-kalan ka Arjuna nu sok gampang ka pangaruhan ku Dorna gé bet mani teu resep, ceuceub kabina-bina. Tangtu wé embung siga maranéhna. Tongtonan nu jadi tungtunan téa kitu wayang téh? Enya sigah na mah."

Watek Arjuna nyaéta ....

a)

Ngulit bawang

b)

Hayang onjoy ti batur

c)

Teu boga pamadegan

d)

Gedé ambek

e)

Wijaksana

18.

Titenan ciri-ciri carita di handap ieu!

(1) Sumebar sacara tinulis

(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal

(3) Caritana basajan

(4) Caritana jembar

(5) Ngandung ajén atikan

(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna

(7) kapaluruh saha nu ngarangna

(8) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan

Ciri-ciri carita wayang anu sarua jeung dongeng, nyaeta ....

a)

1 jeung 2

b)

5 jeung 8

c)

5 jeung 7

d)

2 jeung 5

e)

2 jeung 4

19.

Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna ....

a)

Wawacan

b)

dongéng

c)

Hikayat

d)

Carita wayang

e)

Carita pantun

20.

Carita rekaan anu ukurana paranjang, gelarna dina lisan, ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi, disebutna....

a)

dongeng

b)

wawacan

c)

hikayat

d)

carita wayang

e)

carita pantun

21.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana galur carita pantun, nyaeta....

a)

tokoh miang

b)

tokoh meunang ujian

c)

tokoh aya nu nulungan

d)

Rajah

e)

tokoh mulang

22.

Mantra anu dipapatkeun samemeh ngalalkonkeun carita pantun ku juru pantun, nyaeta....

a)

jampe

b)

ajian

c)

jangjawokan

d)

rajah

e)

singlar

23.

Dina carita Pantun Sri Sadana (Sulanjana), Dewi Sri dilalakonkeun minangka anak....

a)

Batara Indra

b)

Batara Narada

c)

Dewa Guru

d)

Dewa Anta

e)

Sang Hyang Wenang

24.

Dewi Sri teh disebut-sebut minangka Dewi Pare lantaran....

a)

tina kuburanana jadi tutuwuhan, diantarana pare

b)

anu mimiti ngidangkeun dahareun tina pare

c)

anu nyiptakeun pepelakan pare ti Pajajaran

d)

anu mimiti mawa binih pare ka Pajajaran

e)

anu mimiti nyebarkeun pare di Pajajaran

25.

Ieu di handap anu lain sasaruaan carita pantun jeung dongeng, nyaeta....

a)

pada-pada mangrupa carita rekaan (fiksi)

b)

Pada-pada teu puguh nu ngarangna (Anonim)

c)

Pada-pada sumebar tur tatalepa ku cara lisan

d)

Pada-pada ngandung Rajah

e)

Pada-pada ngandung unsur pamohalan