wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN KD 3.2

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Sisindiran mangrupakeun salasahiji karya sastra Sunda dina wangun puisi (ugeran). Anu hartina omongan atawa cacaritaan anu dibalibirkeun atawa henteu togmol. Dumasar kana sipatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta….

a)

piwuruk, sesebred, silihasih

b)

cangkang, eusi, wangsal

c)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

d)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

e)

tatarucingan, wawangsalan, paparikan

2.

Kamana jalan ka Yogya,

Kaditu ka Pangrumasan.

Kamana jalan ka surga,

Kaditu ka pangaosan.


Sisindiran di luhur kaasup kana jenis….

a)

wawangsalan

b)

rarakitan

c)

tatarucingan

d)

teteguhan

e)

paparikan

3.

Batur mah makѐ calana,

Kuring mah calana waѐ.

Batur mah jalma kaya,

Kuring mah sangsara waѐ.

Dumasar kana eusina rarakitan di luhur kaasup kana jenis rarakitan....

a)

silihasih

b)

piwuruk

c)

sesebrѐd

d)

wawangsalan

e)

tatarucingan

4.

Di handap ieu conto paparikan jenis piwuruk nyaeta....

a)

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol néangan élmu

Nu guna dunya ahérat

b)

Nini-nini mawa cai

Langsung mawa ti susukan

Nini-nini lari pagi

Langsung pingsan na tanjakan

c)

Lamun hayang dahar noga

Kudu daék nya meulina

Lamun hayang asup sorga

Kudu getol nya sholatna

d)

Aya manuk dina pager

Na sukuna aya bola

Lamun urang hayang pinter

Kudu rajin ka sakola

e)

Mun teu tulus ka paseukna

Ka pacirna ogé hadé

Mun teu tulus ka lanceukna

Ka adina ogé hadé

5.

Wangsalna “Komputer”, cangkangna nyaéta….

a)

Abdi mah caruluk Arab,

Heunteu tarima téh teuing

b)

Komputer osok dijinjing,

Top téh teuing kumaha anjeun.

c)

Kembang bodas buah bunder,

Ngaheruk nya pipikiran.

d)

Tokyo téh ibu kotana,

Iraha patepang deui.

e)

Mesin ketik éléktronik,

Dipakéna ku nu pinter

6.

Budak dugul ditato. Cing naon?

Jawabanana: endog puyuh

Ungkara di luhur mangrupakeun conto….

a)

tatarucingan

b)

wawangsala

c)

sisindiran

d)

paparikan

e)

teteguhan

7.

Mawa peti dina sundung,

…………………………………..

Pangarti teu beurat nanggung ,

Tapi mangpaatna panjang.

Ungkara/kalimah anu merenah pikeun ngeusian jajaran kadua, nyaéta….

a)

ditumpangan ku karanjang

b)

urang nu jadi siswa

c)

Banda Acéh di Sumatra

d)

dibawa ka Jawa

e)

diasupkeun ka sakola

8.

hanjuang ngan dua tangkal

diala bari dibedol

hanjakal geuning hanjakal

budak geulis bau jéngkol


Sisindiran di luhur dumasar jenis jeung eusina mangrupakeun conto....

a)

rarakitan silih asih

b)

rarakitan sésébréd

c)

paparikan silih asih

d)

paparikan sésébréd

e)

paparikan wawangsalan

9.

Kamana jalan ka Yogya,

Kaditu ka Pangrumasan.


Kamana jalan ka surga,

Kaditu ka pangaosan.


Dumasar strukturna dua baris di awal sisindiran di luhur (tulisan nu warna beureum) disebut....

a)

cangkang

b)

eusi

c)

engang

d)

padalisan

e)

pada

10.

Komputer osok dijinjing,

Top téh teuing kumaha anjeun.


Wangsal pikeun ungkara di luhur nyaéta....

a)

komputer

b)

kalkulator

c)

laptop

d)

henpon

e)

gadget

11.

Kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna. Aya nu robah sorana aya ogé nu henteu. saperti: buku-buku, luak-lieuk, sasatoan jsb disebutna....

a)

rajekan

b)

panganteur

c)

rundayan

d)

rarangkéng

e)

pananya

12.

Kecap rajékan sagemblengna au diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Wangun dasarna biasana mangrupa kecap anteuran jeung tiruan sora anu ngan saengang. Contona: brat-brét-brot, blag-blig-blug, tat-tit-tut, hah-héh-hoh, jsté.


Wacana di luhur mangrupakeun definisi....

a)

dwimurni

b)

dwireka

c)

dwilingga

d)

trilingga

e)

dwipurwa

13.

Kalimah ieu di handap anu ngandung kecap rajékan dwiréka nyaéta….

a)

Hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah.

b)

Manéhna poé Kamari bulak-balik Bandung-Jakarta.

c)

Dangdaunana aroyag katebak angin

d)

Guru-guru karumpul di lapangan Gasibu.

e)

Buah di pipir imah téh plak-plik-pluk raragagan.

14.

Geus sababaraha peuting ieu kuring teu bisa saré


Kecap sababaraha mangrupakeun conto kecap rajékan....

a)

dwimurni

b)

dwiréka

c)

dwipurwa

d)

dwimadya

e)

trilingga

15.

Di handap ieu mangrupakeun conto kalimat anu ngandung kecap rajékan dwimurni, nyaéta....

a)

Barudak keur héhéotan di jero kelas

b)

Sapopoé Ceu Sarni dagang kupat sayur di kantin sakola

c)

Asép sapeupeuting teu bisa saré ku sabab inget ka Néng Nina

d)

Guru-guru keur sibuk ngabérésan koléksi buku nu pabalatak di perpustakaan

e)

Dar-dér-dor sora petasan bedas pisan waktu rombongan bésan nepi ka panghajatan

16.

Katojo ku panonpoě,

Ditiungan daun pandan.

Lalajo ninggang di suě,

Didekeutan ku nu ědan.


Sisindiran těh kauger (dibatasi) ku sasaruaan kecap di unggal tuntung padalisan. Dina conto pantun di luhur aya huruf-huruf anu diwarnaan beureum (padalisan 1&3) jeung biru (padalisan 2&4) anu nunjukkeun kudu aya kasesuaian dina huruf tuntungna, istilah lainna nyaěta....

a)

pada

b)

padalisan

c)

engang

d)

purwakanti

e)

purwakinanti

17.

Ka-ma-na-ja-lan-ka-yog-ya, (8)

ka-di-tu-ka-pang-ru-ma-san (8)

Ka-ma-na-ja-lan-ka-sur-ga,(8)

ka-di-tu-ka-pa-nga-os-an. (8)


Pantun di luhur kauger ku 8 suku kata, anu istilah dina bahasa Sunda nyaeta....

a)

engang

b)

pada

c)

padalisan

d)

purwakanti

e)

purwakinanti

18.

Aya listrik di masigit,

caangna ka mana-mana.

Aya istri jangkung alit,

geulisna kabina-bina.


Sisindiran di luhur dumasar struktur jeung eusina kaasup kana jenis....

a)

rarakitan - silih asih

b)

paparikan - silih asih

c)

rarakitan - sesebred

d)

paparikan - sesebred

e)

paparikan - piwuruk

19.

Di handap ieu mangrupakeun conto sisindiran jenis rarakitan - piwuruk nyaeta....

a)

Batur mah makě calana,

Kuring mah kabaya waě.

Batur mah jelema kaya,

Kuring mah sangsara waě.

b)

Aya manuk dina pager,

na sukuna aya bola.

Lamun urang hayang pinter,

Kudu getol ka sakola

c)

Katojo ku panonpoě,

ditiungan daun pandan.

Lalajo ninggang disuě,

Dideketan ku nu ědan.

d)

Ka mana jalan ka Yogya,

ka ditu ka pangrumasan.

ka mana jalan ka surga,

ka ditu ka pangaosan/

e)

Itu gunung ieu gunung,

diadukeun ngabeledug.

Ieu pundung itu pundung,

merebutkeun mojang budug

20.

Kalimah ieu di handap mangrupakeun conto kecap rajekan trilingga nyaeta....

a)

Hayam jago keur papacok dina wadah runtah

b)

Dangdaunan aroyag katebak angin

c)

Buah di pipir imah těh plak=plik-pluk raragragan.

d)

Maněhna poě kamari bulak-balik Bandung-Jakarta

e)

Guru-guru karumpul di Gasibu.