WorksheetsQuiz Pupujian2
Total questions: 10
Worksheet time: 2mins
Perhatikeun pupujian ieu di handap!
Eling-eling dulur kabeh
ibadah ulah campoleh
unggal poe ulah weleh
bisina kaburu paeh
Eta pupujian miboga ... padalisan atawa jajar.
tujuh
genep
lima
opat
Tengetan pupujian ieu di handap!
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati
Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat
Pupujian di luhur teh miboga ... pada.
opat
tilu
dua
hiji
Tengetan pupujian ieu di handap!
Kaduhung kaliwat langkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu meunang embung
Unggal padalisan dina eta pupujian miboga ... engang.
12
8
6
4
Tengetan pupujian ieu di handap!
Eling-eling umat muslimin muslimat
hayu urang solat berjamaah magrib
estu kawajiban urang keur di dunya
kanggo pibekeleun jaga di aherat
Ditilik tina wangunna, eta pupujian kaasup ... jeung aturan.
teu luyu
luyu
sarua
nurut
Perhatikeun pupujian ieu di handap!
Eling-eling dulur kabeh
ibadah ulah campoleh
beurang peuting ulah weleh
bisina kaburu paeh
Ditilik tina wangunna, eta pupujian kaasup ... jeung aturan.
teu luyu
luyu
beda
mengpar
Perhatikeun pupujian ieu di handap!
Wujud qidam baqo
mukholafatu lilhawaditsi
qiyamuhu binafsihi
wahdaniyah qudroh irodah
Ditilik tina wangunna, eta pupujian kaasup ... jeung aturan.
luyu
sarua
nurut
teu luyu
Pupujian saumpama dinadomkeun saacan pangaosan di masjid atawa madrasah. Eta hartina ...
umajak kanu sejen ngarah datang ka pangaosan
pangaosan acan dimimitian
ngantosan penceramah datang
bener kabeh
Pupujian anu dinadomkeun lain ngan saukur hiburan tapi sabenerna mah miboga ajen ...
komersil
refreshing
ibadah
iseng
Tengetan pupujian ieu di handap!
Kaduhung kaliwat langkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu meunang embung
Rumpaka dina eta pupujian miboga purwakanti dina sora ...
/a/
/i/
/u/
/o/
Tengetan pupujian ieu di handap!
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati
Rupaka eta pupujian teh miboga unsur purwakanti dina sora ...
/a/
/i/
/u/
/o/
