Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Evaluasi Pangajaran Pedaran Tradisi Sunda

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Bahan-bahan anu dipaké dina tradisi sawér miboga siloka. Naha béas téh miboga ma’na katingtriman?

a)

lantaran béas téh mangrupa kadaharan poko

b)

lantaran béas téh hargana mahal

c)

lantaran béas leuwih loba gizina dibanding anu séjén

d)

lantaran béas babari néanganna

e)

lantaran béas téh mangrupa hasil bumi

2.

Tokoh masarakat di Kampung adat Banceuy anu aya katurunan ti Cirebon nya éta …

a)

Éyang Ito

b)

Éyang Malim

c)

Éyang Ono

d)

Aki Uti

e)

Aki Arsiam

3.

Kampung adat nu dirobah ngaranna lantaran saacanna kakeunaan musibah angin puting beliung nya éta …

a)

Kampung Adat Baduy

b)

Kampung Adat Kanékés

c)

Kampung Adat Banceuy

d)

Kampung Adat Kuta

e)

Kampung Adat Ciptagelar

4.

Anu kaasup kana tradisi nu patali jeung agama (réligi) nya éta nomer …

a)

1,2,3

b)

3,4,5

c)

2,4,5

d)

1,2,4

e)

2,3,4

5.

Prosési numbal dina prosés ruwatan bumi tujuanna pikeun ngahurip bumi munar lemah anu hartina nya éta …

a)

sangkan sakabéh nu dihasilkeun di Kampung Adat Kampung Banceuy mangpaat jeung barokah

b)

méré nyaho ka karuhun lantaran rék aya acara

c)

ménta idin pikeun sangkan upacara lumangsung kalawan lancar

d)

mangrupa béwara ka masarakat rék aya acara

e)

anyanggakeun doa jeung pupujian

6.

Tradisi anu ngan aya di Kampung Adat Rancakalong nya éta …

a)

  ngalaksa

b)

   ruwatan

c)

hajat laut

d)

  jaroh

e)

   pacaduan leuweung

7.

Tradisi tingkeban biasana dilaksanakeun waktu kakandungan umur …

a)

opat bulan

b)

lima bulan

c)

   genep bulan

d)

   tujuh bulan

e)

  dalapan bulan

8.

   Kampung Adat Banceuy miboga sistem bagi waris anu teu ngabédakeun antara budak lalaki jeung awéwé, alesanana di handap ieu iwal ti …

a)

rék awéwé atawa lalaki sarua kénéh anak-anakna

b)

   awéwé teu meunang digawé, cukup ku ngurus budak

c)

  saupama indung-bapana geus kolot biasana ngilu ka budak awéwé

d)

   tanggung jawab méré nafkah téh aya di salaki/lalaki

e)

pamajikan/awéwé ogé boga kamampuh jeung kasempetan anu sarua

9.

   Di handap ieu anu kaasup kana tradisi kawinan nya éta …

a)

  nanyaan-ngeuyeuk seureuh-mendak-nicak endog

b)

sawér-meupeuskeun kendi-buka pintu-huap lingkung

c)

  ngeyeuk seureuh-sawér-imtihan-buka pintu

d)

  rebo wakasan-nicak endog-hajat laut-sunatan

e)

   mendak-muludan-ngabuburit-kuramasan

10.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebutna …

a)

folklor

b)

budaya

c)

tradisi

d)

étika

e)

tatakrama