wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Dongeng

Total questions: 30

Worksheet time: 16mins

Name
Class
Date
1.

Dongeng anu ngandung unsur sajarah disebut....

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Legenda

d)

Sage

e)

Mite

2.

Eta gambar di luhur teh ngebrehkeun dongeng....

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Legenda

d)

Sage

e)

mite

3.

Anu kaasup dongeng parabel nyaeta...

a)
b)
c)
d)
e)
4.

Anu kaasup dongeng mite nyaeta....

a)
b)
c)
d)
e)
5.

Dongeng di luhur mangrupa dongeng "sangkuriang", kaasup kana dongeng....

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Legenda

d)

Sage

e)

Mite

6.

Ieu di handap anu kaasup kana ciri-ciri dongeng, nyaeta....

a)

ditulis dina wangun puisi

b)

sumebarna sacara tinulis

c)

sakabeh eusina bohong

d)

ngandung unsur pamohalan

e)

mikabutuh diksi nu tangtu

7.

Ieu di handap mangrupa ungkara anu sipatna pamohalan nyaeta....

a)

Sakadang peucang ngajak lumpat ka sakadang tenggek

b)

Sakadang peucang lumpat tarik sataker kebek

c)

Patih Selang Kuning ngalegaan wilayah karajaan Galuh

d)

Patih Selangkuning ngistrenan anjeun jadi raja di Pulo Majeti

e)

Si Kabayan ngala nangka tuluy dipalidkeun ka walungan

8.

Dongeng di luhur mangrupa dongeng nu mekar di tatar Sunda, sarta kaasup kana dongeng....

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Legenda

d)

Sage

e)

Mite

9.

Ieu di handap kaasup kana dongeng sasakala, nyaeta....

a)

Sakadang kuya jeung sakadang monyet

b)

Situ Bagendit

c)

Kean Santang

d)

Nyi Roro Kidul

e)

Sangiang Boros Ngora

10.

Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé nyaéta

a)

Sangkuriang kahampangan

b)

Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang

c)

Sangkuriang nyieun parahu

d)

Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang

e)

Sangkuriang saenyana anak raja

11.

nyaritakeun naon dongeng nu aya dina gambar?

a)

Sasakala Tangkuban Parahu

b)

Sasakala Sangkuriang

c)

Sasakala Situ Bagendit

d)

Sasakala batujajar

e)

sasakala leles

12.

Minangka carita, dongeng teh ngandung unsur...

a)

Palaku, galur carita, gaya basa

b)

Palaku, gaya basa, jeung suasana

c)

Palaku, galur carita, jeung latar

d)

Galur carita jeung suasana

e)

Latar carita jeung gaya basa

13.

Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...

a)

Bagian carita anu kaharti ku akal

b)

Bagian carita anu logis

c)

Bagian carita anu teu kaharti ku akal

d)

Bagian carita anu deskripsina jelas

e)

Bagian carita anu deskripsina teu jelas

14.

Samemeh rea dibukukeun, nyebarna dongeng teh ngaliwatan...

a)

Lisan

b)

Naskah

c)

Prasasti

d)

Panggung teater

e)

Tulisan

15.

Istilah anu nuduhkeun yen hiji karya teu kapaluruh saha nu ngarangna disebut...

a)

Homonim

b)

Akronim

c)

Anonim

d)

Sinonim

e)

Antonim

16.

Unsur intrinsik dongeng anu ngajelaskeun jalan carita dongeng disebut . . . .

a)

Jejer

b)

Amanat

c)

Alur

d)

Palaku

e)

Latar

17.

Dongeng téh nya éta ...

a)

Carita fiksi nu diwariskeun ti karuhun ku cara tulu-tumuluy nu teu apal saha nu ngarangna

b)

Carita fiksi nu ngandung unsur palaku, galur, jeung latar

c)

Carita nu loba palaku jeung panjang galurna

d)

Carita anu luyu jeung kanyataan sapopoé

18.

Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongeng, iwal...

a)

jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib

b)

sasatoan bisa ngomong

c)

parahu bisa robah jadi gunung

d)

manusa bisa ngapung

e)

nu beunghar sok nyiksa nu sangsara

19.

(1) Caritana jalma biasa

(2) Tokohna mangrupakeun sasatoan

(3) Salasahiji conto dongéngna Siluman Oray

(4) Eusi caritana ngeunaan kapahlawanan

(5) Dongéng anu kawéntarna Si Kabayan


Dumasar ciri-ciri anu disebutkeun di luhur, anu kaasup jenis dongéng Mite jeung Sagé nyaéta

a)

2 jeung 1

b)

3 jeung 2

c)

3 jeung 4

d)

5 jeung 4

e)

1 jeung 5

20.

Sajaba ti ngandung unsur pamohalan, teu tangtu nu ngarangna, ciri séjénna tina dongéng téh diantarana ngandung unsur atikan. Cik, analisis ku hidep, mana sempalan dongéng di handap anu ngagambarkeun ayana unsur atikan?

a)

A. Si Oray Kuda anu salawasna jail sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis ka si Aki ménta ditulungan, sieun génghék kaduruk.

b)

B. Aki-aki teu éléh akal, “Tadi Oray ngajak ka Hakim. Ari Hakim mah teu kaci saksina ngan saurang, tapi kudu tilu!”

c)

C. Aya aki-aki padamiasih, mikaresep lantaran bageur. Resep nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur ka nu sieun jeung keueung, mun teu ku harta banda, ku tanaga atawa ku du’a.

d)

D. “His,” ceuk aki-aki, ”Atuda éta mah bagéan manusa ti Pangéran. Sakur nu kumelip di dunya, keur manusa.

e)

E. E. Ceuk Oray Kuda ka aki-aki, “Heug, atuh, urang néangan deui. Tuh Tangkal Kupa urang tanya!”

21.

Sagé téh nyaéta dongéng anu nyaritakeun ngeunaan jalma nu dianggap boga pangaruh gedé di masarakat tur biasana ngandung unsur sajarah. Cing analisis mana ieu di handap nu kaasup dongéng sagé?

a)

A. Si Kabayan mah ti barang gék diuk dina korsi ogé lelenggutan nundutan, ari tukang cukur sakumaha biasana ceg kana gunting jeung sisir, bari teu eureun-eureun ngabuih

b)

B. Waktu Prabu Siliwangi jadi raja Pajajaran, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi Kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot

c)

C. Barang éta aki-aki nyabut iteukna, burial téh cai kaluar tina jero taneuh, beuki lila beuki gedé sarta leb-leban ngeueum pakarangan jeung imah Nyi Endit.

d)

D. Nyi Putri tuluy tilem ka laut tuluy nelah jadi ratu Laut Kidul atawa nu sering disebut Nyi Roro Kidul

e)

E. Sakadang Monyét cacamuilan nambulan cabé bari hantem gogorowokan, “seuhah lata lata,” cenah, teu miduli ka Sakadang Kuya anu hariwangeun bisi patani nu boga kebon datang

22.

Pék tengetan kalimah ieu di hanadap!

Ti harita Kéan Santang teu genah cicing. Hayang geura gok patepung jeung jalma nu ngaran Bagénda Ali. Hayang geura tarung ngadu jajatén.

Ieu di handap mana nu mangrupa sasaruan harti tina kecap jajatén ?

a)

A. Kakuatan

b)

B. Kawani

c)

C. Élmu

d)

D. Kabisa

e)

E. Jati diri

23.

Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé, kawantu tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét mah, tibatan jadi kalah ka buruk. Nampuyak digembrong laleur.


Kecap morontod dina sempalan dongéng di luhur hartina nya éta ...

a)

Murungkut

b)

Leutik

c)

Téréh gedé

d)

Subur

e)

Buruk

24.

Pék analisis unsur intrinsik sempalan dongéng ieu di handap!

"Kocap isukna, isuk-isuk tukang suluh geus indit deui ka dayeuh. Kaldena gancang leumpangna, da teu beurateun ku momot. Sapanjang jalan tukang suluh teh teu weleh nanya ka dirina sorangan." Dumasar kana dongeng eta, dimana latar tempatna...

a)

Dayeuh

b)

Leuweung

c)

Lembur

d)

Wahangan

e)

Imah

25.

Dina salasahiji pancén basa Sunda, hidep dititah pikeun macacarita dongéng anu miboga judul “Si Kabayan Ngala Nangka”. Nalika hidep maca éta dongéng, hidep ngilu asup kana eusi carita anu ngagambarkeun kahirupan padésaan waktu harita. Hawana tingtirim tur tiis. Sasakali, dicaritakeun hieumna leuweung nalika Si Kabayan ngala nangka, anu mantak nyieun hidep muringkak nalika maca. Gambaran anu dipikarasa ku hidep nalika maca éta dongéng dipangaruhan ku salasahiji unsur carita dongéng nyaéta...

a)

Téma

b)

Amanat

c)

Latar tempat

d)

Latar suasana

e)

Latar waktu

26.

dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan

budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa.Ilaharna nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa...

a)

Fabél

b)

Parabél

c)

Babad

d)

Mite

27.

Dina carita dongéng fabél palaku nu digambarkeun miboga watek cerdik,pinter, jeung Wijaksana téh nyaéta..

a)

Sakadang maung

b)

Sakadang peucang

c)

Sakadang singa

d)

Sakadang buaya

28.

dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat ku masarakat. Umumna nyaritakeun hal anu raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib.

a)

Fabél

b)

Parabél

c)

Sasakala

d)

Mite

29.

Anu ka asup kana salasahiji dongéng mite ...

a)

Nyi Roro kidul

b)

Tangkuban parahu

c)

Situ Bagendit

d)

Danau Toba

30.

Dongéngn nu nyaritakeun asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa bara...

a)

Babad

b)

Mite

c)

Sasakala

d)

Pamuk