NEW
Font size
WorksheetsSisindiran
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
Wangun karya sastra nu diwangun ku cangkang jeung eusi disebut...
Guguritan
Kakawihan
Sisindiran
Pupujian
Aturan sajak tungtung dina sisindiran nya éta ...
a-b-a-b
a-a-a-b
a-a-a-a
a-a-b-b
Aturan guru wilangan unggal jajaran dina sisindiran aya ... engang
Genep
Tujuh
Dalapan
Salapan
Poé saptu poé kemis
Salasa heuleut-heuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna eundeuk-eundeukan.
Mun dititénan wangun éta sisindiran téh mangrupa...
Paparikan
Wawangsalan
Rarakitan
Pupuh
Lamun urang ka Cikolé
Moal hésé numpak kahar
Lamun urang hadé gawé
............................................
Ungkara anu merenah pikeun ngalengkepan rarakitan di luhur nya éta..
Moal hésé tumpak kahar
Moal hésé nyiar johar
Moal hésé barangdahar
Moal hésé babayar
Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana
Eusi éta paparikan téh nya éta...
Heureuy
Silih asih
Sésébréd
Piwuruk
Nu ngabédakeun antara rarakitan jeung paparikan nya éta...
Ayana purwakanti
Aya mindoan kawit (kecap mimiti nu dibalikan deui)
Guru wilanganana
Jumlah padalisan dina unggal pada
Kuring daék nyabut sampeu
Asal dibéré beutina
Kuring daék nyebut ceuceu
Asal dibéré adina
Eusi éta sisindiran téh nya éta...
Piwuruk
Papatah
Silih asih
Sésébréd
Sisindiran téh nya éta salasahiji karya sastra buhun nu umumna diwangun ku opat padalisan. Sisindiran téh kaasup wangun...
Lancaran
Ugeran
Drama
Kritik
Sisindiran téh asal kecapna tina...
Diran
Sindir
Sisindir
Nyindir
