Font size
WorksheetsLatihan Bahasa Sunda Kelas 9
Total questions: 20
Worksheet time: 14mins
Naon anu disebut biantara téh?
nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji hal dina hiji acara
nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun ajaran agama
nyarita di hareupeun balaréa salaku bagian tina acara
nyarita di hareupeun balaréa dina hajatan
...
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan.
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :
bubuka biantara
panutup biantara
eusi bianta
mamanis biantara
Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal
eusi
panutup
bubuka
salam panutup
……...
Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun. Hatur nuhun, Gusti ngaberkahan.
ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
mamanis biantara
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka Gusti
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
Kampung anu masih keneh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ....
buhun
adat
babakan
dusun
Kampung Pulo
Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.
Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.
soal!
Kampung Pulo ayana di daerah ….
Bandung
Tasikmalaya
Garut
Subang
Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar
Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di Kampung Sukamuya Désa Simaresmi Kecamatan Cisolok di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupaten Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa kantor Pemda di Cisaat kénéh.
Najan deukeut ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Ciptagelar mah pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan urang Sunda pituin anu can kacampuran ku pangaruh modérn, salah sahijina dina potongan imah.
Tatacara kahirupan nu masih kénéh pageuh dicekel ku masarakat Kampung Gedé Ciptagelar asalna tina kabiasaan …
modern
para karuhun
kolonial
animisme
Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...
Prosa
Puisi
Drama
Anyar
Judul novel Sunda nu mimiti nya éta ...
Baruang ka nu Ngarora
Nyi Halimah
Patepung di Bandung
Paturay Tineung
Baruang Ka Nu Ngarora diterbitkeun taun ...
1914
1924
1945
1918
Unsur intrinsik novẻl ngawengku….
tẻma, rasa, nada, amanat
tẻma, palaku, latar, rasa
tẻma, palaku, latar, galur, amanat
tẻma, palaku, latar, nada
Unsur dina carita nu mangrupa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca sok disebut….
Amanat
Latar tempat
Palaku
Téma
11. Baca sempalan novel di handap
Basa dititah motokopi téh, ngadadak kuring hayang kahampangan. Kasampak deukeut WC aya lalaki ngajanteng duaan, langsung nyampeurkeun ka kuring. Nu hiji maké kacamata, nu hiji deui rada pendék. Duanana maké baju kantoran, maké dasi sagala. “Diran, nya! Hayu ngiring heula sakedap!” cék nu saurang.
(Sempalan tina novel Rasiah Kodeu Binér, karangan Dadan Sutisna)
Sudut pandang caritaan diluhur, pangarang maké kecap “kuring”. Anu hartina pangarang sorangan jadi palaku utamana dina eta carita, palaku utama nu maké kecap uing téh biasa disebut sudat pandang jalma .....
kahiji
kadua
katilu
kaopat
Baca sempalan novel di handap
Uing diturunkeun tina mobil, dibawa ka lebah warnét. Manéhna ngadagoan di lawang, teu milu asup. Uing bingung kudu kumaha. Da tadi gé nyebut di warnét sotéh téh pan
lantaran geumpeur. Sangeus ngahuleng sakedapan, uing nyampeurkeun
ka awéwé nu keur tunggu warnét.
“Téh, badé ngeprint!” “Mangga. Ngeprint naon, mana file-na?”
“Teu nyandak, badé ngetik heula.” “Di komputer itu atuh badé ngeprint mah.”
“Da moal lami, Téh. Punten wé pangetikkeun wé.” “Seueur?” “Henteu….mung dua angka!”
Uing tuluy nitah ngetik angka 1 jeung 0, susunanana sakainget, nepi ka pinuh sakaca. Henteu lila, da disalin-témpél, jadi ngetik salambar téh henteu samenit-menit acan. Sanggeus diprint, uing ménta amplop. Béh teu kaciri keretas anyar, ku uing keretas téh dirames heula nepi ka risek. geus kitu diamplopan. Duit keur motokopi téa dipaké mayar. bakat ku rusuh, nepi ka poho teu ménta pamulanganana. Uing dibawa deui kana mobil.
“Sok buka heula amplopna!” Amplop dibuka ku nu tadi nganteur ka warnét.
“Ieu lain?” “Enya sigana mah, da ceuk Bu Ening gé suratna téh eusina ukur angka 1 jeung 0”
“Kumaha ieu téh macana? Mani matak jangar nénjona.” “Teuing atuh da urang mah lain ahlina.”
“Hayu atuh bisi kaburu peuting!” “Éta budak turunkeun heula! Geus teu butuh ayeuna mah!”
(Sempalan tina novel Rasiah Kodeu Binér, karangan Dadan Sutisna)
Tujuan penjahat dina éta carita téh nyaéta ….
Nyulik Emod sangkan meunang duit tebusan
Neangan amplop nu eusina kodeu
Rék nulungan jang Wandi
Dititah ku bapana Diran
Dina nepikeun biantara kudu merhatikeun tatakrama basa, basa nu cocok digunakeun dina biantara nyaéta...
Basa wajar
Basa cohag
Basa lemes
Basa loma
Anu disebut Tema teh nyaeta......
Amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang
Ide atawa poko pasualan nu hayang ditepikeun ku pangarang
Jalma nu ngalalakon dina carita
Jalan carita
Dina taun 1960-1n, kampung Gede Kasepuhan Ciptagelar teh boga ngaran perbu. Tapi lila-lila mah leungit, ganti ngaran jadi kasepuhan. Asal-usul Kampung Ciptagelar rundayan Ki Demang Haur Tangtu, nya eta salasaurang ti tilu pengawal Prabu siliwangi, dua urang pangawal sejenna nya eta Guru alas Lumintang Kendungan, jeung Puun Buluh Panuh. Pangawal Prabu Siliwangi teh disebutna Bareusan Pangawinan. Ieu Kampung teh mangrupa kampung pindahan ti Kampung Ciptarasa di Desa Sirnarasa. Ari pindahna dina bulan Juli taun 2001 dumasar kana “hijrah wangsit” ka desa Sirnaresmi anu jauhna puluhan kilometer ti desa Sirnarasa. Nya di ieu desa, Abah Anom atawa Encup Sucipta minangka Sesepuh Girang mere ngaran kampungna Ciptagelar.
Pangawal Prabu Siliwangi disebutna teh ... .
Ki Demang Haur Tangtu
Bareusan Pangawinan
Encup Sucipta
Lumintang Kendunga
Kampung Adat Ciptagelar sok disebut oge kampung Gede Kasepuhan Ciptagelar. Masarakat anu dumuk di kampung Ciptagelar disebutna masarakat kasepuhan. Istilah kasepuhan hartina tempat dumuk para sesepuh atawa adat kabiasaan sepuh atawa kolot. Kasepuhan oge nuduhkeun sistim kapamingpinan di masarakat anu dumasar kana adat kabiasaan sepuh atawa kolot.
Masarakat anu dumuk di kampung Ciptagelar disebutna ... .
masarakat kasepuhan
kampung Gede
sistim kapamingpinan
kasepuhan Ciptagelar
Hirup beresih teh diutamakeun pisan di Kampung Dukuh mah. Ieu teh
ebreh tina tanda wates-wates jeung pantangan anu teu sagawayah jalma
bisa asup. Ngan ukur anu beresih hatena tur suci nu menang asup teh ka
tempat-tempat nu tangtu di Kampung Dukuh. Lamun warga kampung
daratang ka kuburan Syeh Abdul Jalil,lain keur menta barokah, tapi keur
ngadungakeun nu tos tilar dunya. Ati barokahna mah tos dipasihkeun ku
Syeh Abdul Jalil dina wangun kahadean, nyaah ka warga, basajan, jeung
takwa.
Anu diutamakeun pisan ku masarakat Kampung Dukuh nya eta ... .
beresih hate
beresih awak
hirup beresih
jarah ka makam
