wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Resensi

Total questions: 15

Worksheet time: 9mins

Name
Class
Date
1.

Résénsi téh asalna tina basa Latin anu hartina nyawang, nimbang-nimbang, atawa ngajén, nu asalna tina kecap ....

a)

recensere

b)

review

c)

reduplication

d)

recensie

e)

resensi

2.

Kecap résénsi anu ayeuna dipaké dina basa Sunda asalna tina kecap “recensie” nu asalna tina basa ....

a)

Prancis

b)

Jerman

c)

Bélgia

d)

Walanda

e)

Inggris

3.

Titénan runtuyan ieu di handap:

1) buku

2) film

3) upacara adat

4) pintonan drama

5) album musik

Obyék nu bisa dirésénsi dituduhkeun ku nomer ....

a)

1, 2, 3, 4

b)

1, 3, 4, 5

c)

1, 2, 4, 5

d)

2, 3, 4, 5

e)

3, 4, 5

4.

Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang sacara singget sarta umum ngeunaan eusi hiji buku. Bahasan siga kitu téh kapanggih dina wanda résénsi ....

a)

arguméntatif

b)

informatif

c)

kritis

d)

naratif

e)

déskriptif

5.

Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang atawa ngabedah buku sacara detil bab per bab tanpa dibarengan ku sawangan kritis atawa tanpa kritik. Bahasan siga kitu téh ilahar kapanggih dina résénsi jenis ....

a)

Arguméntatif

b)

Informatif

c)

Kritis

d)

Naratif

e)

déskriptif

6.

Titénan dadaran ieu di handap:


1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;

2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;

3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;

4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).


Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....

a)

1 jeung 2

b)

1, 2, jeung 3

c)

1, 3, jeung 4

d)

2 jeung 3

e)

2, 3, jeung 4

7.

“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar. Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....

a)

data buku

b)

déskripsi bab per bab

c)

kasang tukang

d)

rékoméndasi keur calon nu maca

e)

kritik kana eusi buku

8.

Résénsi buku ditulis ku hiji jalma keur rupa-rupa tujuan, di antarana pikeun ....

a)

promosi buku anyar

b)

promosi majalah anyar

c)

promosi album musik anyar

d)

promosi film anyar

e)

promosi buku sorangan

9.

1) Promosi buku nu anyar terbit

2) Bukuna fénoménal

3) Bukuna geus lila terbit sarta masih dibaraca

4) Eusi bukuna penting keur dibaca ku balaréa

5) Bukuna ditulis ku pangarang sohor


Tujuan ditulisna résénsi buku téhantarana baé dituduhkeun ku nomer ....

a)

1,3,5

b)

1,2,3

c)

1,2,4

d)

3,4,5

e)

1,2,5

10.

Judul buku : Prabu Siliwangi

Karangan : Moh. Amir Sutarga

Penerbit. : Pustaka Jaya

Taun terbit : 1984

Kandelna : 70 kaca

Ukuran. : 14 x 21 cm

Diluhur nuduhkeun struktur resensi .....

a)

Data karya

b)

Kasang tukang

c)

Sinopsis

d)

Timbangan

e)

Rekomendasi

11.

Bahasan dina karangan resensiqnu mangrupa dadaran anu taliti, ngagunakeun metodeu kaelmuan, sarta ngagunakeun sikep kritis anu obyektif dina nyawang eusi hiji buku.

Bahasan siga Kitu teh kapanggih dina Wanda resensi .......

a)

Argumentatif

b)

Informatif

c)

Kritis

d)

Naratif

e)

Deskriptif

12.

"Ku kitu ku kieu, ieu novel téh alus mun dibaca ku urang nu hirup di jaman ayeuna. Kahiji, caritana bisa dijadikeun conto keur urang, boh keur budak boh keur kolot. Ieu novel bisa muka implengan keur kolot kana panineunganana baheula keur leutik."

Dadaran di luhur teh bisa kagolongkeun Kana .....

a)

Data buku

b)

Deskripsi bab per bab

c)

Kasang tukang

d)

Rekomendasi

e)

Kritik Kana eusi buku

13.

Pilem Soekarno teh kaasup kana genre pilem anyar di Indonesia. kecap Genre kaasup kana kecap ....

a)

serepan

b)

pilihan

c)

rajekan

d)

rakitan

e)

rakitan lantip

14.

kecap KOMARA, miboga harti

a)

pangaruh

b)

wawuh

c)

satuju

d)

weweg

15.

Harita mah Persib teh sok bangenan wae. Kecap bangenan miboga harti ...

a)

meunangan

b)

pikaresepeun

c)

pikaseurieun

d)

sakapeung meunang sakapeung eleh