WorksheetsPangalaman Pribados
Total questions: 15
Worksheet time: 13mins
Karangan nu nyaritakeun ngeunaan naon wae nu karasa jeung nu kaalaman ku sorangan disebut ....
karangan laporan lalampahan (perjalanan)
karangan ngadongengkeun batur
karangan pangalaman pribadi
karangan catetan harian
Nulis pangalaman pribadi teh kudu aya bagian nu ngabukakeun carita, biasan disebut "bubuka". Kalimah nu merenah (tepat) pikeun jadi bubuka carita pangalaman pribadi nyaeta ....
Di ditu teh tiasa ningali seueur peninggalan sajarah.
Minggu kamari abdi ngarayakeun hari pahlawan di sakola.
Sapanjang jalan teh meni macet wae.
Abdi teh ngarasa bungah saatos ameng ka museum teh.
Hal nu "teu" bisa dijadikeun tema karangan pangalaman pribadi teh?
pangalaman pikaseurieun
pangalaman pikasieuneun
pangalaman pikasediheun
pangalaman batur
Pangalaman pribadi teh kudu bisa dicaritakeun sakumaha nu kaalaman ku sorangan. Ieu di handap mangrupa tema nu "teu" bisa dipake pikeun jadi karangan pangalaman pribadi nyaeta ....
Liburan ka Pangalengan Babarengan jeung Babaturan
Kasieun Basa Ngendong di Sakola
Ulin ka Jogjakarta
Udin Juara Karate
PILIH 2 JAWABAN!!
Pangalaman pribadi teh teu bisa ditulis sacara asal-asalan. Data-data nu ngarojong (mendukung) pikeun nulis pangalaman pribadi nyaeta ....
pangalaman salila di jalan
nyaritakeun batur nu aya di sapanjang jalan
nyaritakeun pangalaman nu karasa
hasil neangan di internet
Lengkepan kecap pananya (tanya) nu saluyu jeung kalimah pananya di handap!
..... wae nu rek milu ulin ka leuweung teh?
Naon
Kumaha
Naha
Saha
A : .......................................................?
B : Isuk-isuk weh, meh teu kahujanan di jalan.
Kalimah pananya (tanya) nu luyu jeung jawaban di luhur nyaeta ....
Di mana tempat nu rek disaba (dikunjungi) teh?
Saha nu rek indit ka leuweung (hutan) teh?
Iraha rek indit ka leuweung (hutan) teh?
Kumaha meh bisa teu kapegat hujan di jalan?
"Hate teh meni hariwang pisan pas hujan terus ngagedean. Komo lampu di kamar tereh sok hurung pareum wae. Di imah ngan sorangan da bapa jeung mamah indit ka Kota. Siga aya jelema di dapur teh. Panci jeung katel kokolentrengan gandeng."
Di luhur mangrupa cutatan (penggalan) pangalaman pribadi nu .....
pikabungaheun
pikasieuneun
pikaresepen
pikasediheun
Sangkan karangan pangalaman pribadi teh teu acak-acakan, disusun dumasar (berdasarkan) kana strukturna. Struktur karangan pangalaman pribadi biasana sok disusun ku ....
Judul - Eusi - Bubuka - Panutup
Panutup - Judul - Bubuka - Eusi
Judul - Bubuka - Eusi - Panutup
Judul - Salam Bubuka - Bubuka - Eusi - Panutup - Salam Panutup
Dina basa Inggris mah, aya prinsip 5W + 1H. Aya when, what, where, who, why, jeung how. Lamun dina basa Sunda mah, eta prinsip dilarapkeun (diterapkan) jadi ....
Saha, Di mana, Mana, Kumaha, Ka mana, Sabaraha
Iraha, Naon, Di mana, Saha, Naha, Kumaha
Naon, Mana, Sabaraha, Saha, Iraha, Di mana
Di mana, Saha, Mana, Sakumaha, Iraha, Naon
Pangalaman abdi nyaéta waktos pun Nini ngantunkeun di Padalarang. Abdi kacida sedihna, kumargi pun Nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi gé ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun Nini anu sakitu ageungna. Lamun abdi mondok di bumi Nini, ku anjeunna sok disadiakeun katuangan anu raraos. Sok diajak balanja ka pasar. Teras dijajanan sawaregna.
Téma tina karangan pangalaman di luhur nyaéta …
Ninina ngantunkeun
Ninina nyaaheun
Ninina sok ngajajanan
Ninina aya di bumi
Kitu deui nu sanésna suka bungah gumbira, malah téh Ami mah ceuleukeuteuk waé gumujeng, mani tarik pisan.
Kecap gumujeng mangrupa basa lemes tina kecap …
Nyarita
Gumbira
Seuri
Panggih
1. Kuring jeung barudak indit kana beus kota jurusan Majalaya - Leuwi Panjang
2. Basa poe saptu, kuring liburan jeung babaturan ka museum Sribaduga
3. Teu karasa beus teh geus nepi deui di terminal
4. Aya opatan nu milu teh nyaeta kuring, Fatir, Aria, jeung Aik
5. Kuring mah kakara sakali naek beus kota teh.
Susunan nu merenah pikeun bisa dijadikeun hiji paragrap karangan pangalaman pribadi nyaeta ....
2-4-1-5-3
2-4-5-1-3
2-1-4-3-5
2-5-4-1-3
Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.
Éta carita pangalaman mangrupa pangalaman anu karandapan nalika …
Latihan pramuka
Leuleumpangan di kuburan
Jurit malam pramuka
Jiarah ka kuburan
Kajadian anu kungsi karandapan/kaalaman boh ku urang boh ku batur disebut …
Karesep
Pangalaman
Karangan
Paguneman
