Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Guguritan

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Guguritan nyaéta ....

a)

karangan anu ditulis dina wangun pupuh

b)

karangan anu ditulis dina wangun sisindiran

c)

karangan anu ditulis dina wangun puisi buhun

d)

karangan anu ditulis dina wangun rumpaka kawih

2.

Wangun pupuh, mibanda patokan-patokan atawa kauger ku katangtuan. Katangtuan anu aya dina pupuh nyaéta ....

a)

guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina sapada

b)

engang, purwakanti, jeung jumlah padalisan dina sapada

c)

guru lagu, guru wilangan, engang, jeung purwakanti

d)

guru lagu, guru wilangan, engang, purwakanti, jeung jumlah padalisan dina sapada

3.

Istilah "guru lagu", saupama dina wangun puisi "sisindiran" mah sok disebutna purwakanti. Jadi, nu disebut "guru lagu" téh nyaéta ....

a)

sora vokal tungtung dina unggal padalisan

b)

sora vokal tungtung dina unggal pada

c)

rucatan atawa penggalan kecap dina unggal padalisan

d)

jumlah baris dina unggal pada

4.

Istilah "engang" dina wangun "sisindiran", sarua jeung istilah "guru wilangan" dina "pupuh". Jadi, nu disebut "guru wilangan" nyaéta ....

a)

sora vokal tungtung dina unggal padalisan

b)

sora vokal tungtung dina unggal pada

c)

rucatan atawa penggalan kecap dina unggal padalisan

d)

jumlah baris dina unggal pada

5.

Pupuh anu baris diulik dina pangajaran "guguritan" ayeuna nyaéta pupuh Durma jeung Mijil. Pupuh dina sastra Sunda lobana aya ....

a)

17 pupuh

b)

4 pupuh

c)

13 pupuh

d)

2 pupuh

6.

Persib Nu Kuring


Urang Sunda mikanyaah mikacinta

Deudeuh geugeut ka Persib

Dipuji dipuja

Persib nu saréréa

Persib nu kuring nu abdi

Nu urang Sunda

Nu uing nu silaing


Guguritan di luhur diwangun ku pupuh Durma. Patokan pupuh Durma nyaéta dina sapada diwangun ku ....

a)

7 padalisan

b)

6 padalisan

c)

12 padalisan

d)

4 padalisan

7.

Adat Jalma


Sipat jalma adat masing-masing

Nu rajin nu getol

Nu balabah soméah daréhdéh

Wijaksana tulatén gumati

Lantip amis budi

Ampuh lungguh timpuh


Guguritan di luhur nu judulna "Adat Jalma" diwangun ku pupuh Mijil. Patokan pupuh Mijil, dina sapadana diwangun ku ....

a)

7 padalisan

b)

6 padalisan

c)

10 padalisan

d)

4 padalisan

8.

Persib Nu Kuring


Urang Sunda mikanyaah mikacinta

Deudeuh geugeut ka Persib

Dipuji dipuja

Persib nu saréréa

Persib nu kuring nu abdi

Nu urang Sunda

Nu uing nu silaing


Dina guguritan di luhur, guru wilangan dina padalisan kahiji aya ....

a)

12

b)

11

c)

10

d)

1

9.

Adat Jalma


Sipat jalma adat masing-masing

Nu rajin nu getol

Nu balabah soméah daréhdéh

Wijaksana tulatén gumati

Lantip amis budi

Ampuh lungguh timpuh


Dina guguritan di luhur, jumlah guru wilangan dina padalisan kaopat aya ....

a)

12

b)

11

c)

10

d)

1

10.

Adat Jalma


Sipat jalma adat masing-masing

Nu rajin nu getol

Nu balabah soméah daréhdéh

Wijaksana tulatén gumati

Lantip amis budi

Ampuh lungguh timpuh


Dina guguritan di luhur, guru lagu dina padalisan kagenep nyaéta ....

a)

a

b)

i

c)

u

d)

é