NEW
Font size
WorksheetsSajak Sunda
Total questions: 15
Worksheet time: 8mins
Sajak nyaeta ...
nyarita di hareupeun jalma rea nu miboga tujuan atawa maksud nu geus tangtu.
salah sahiji wangun sastra mangrupa ugeran nu eusina ekspresi rasa sarta ngandung unsur kaendahan.
carita rekaan anu dikarang dina wangun lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaeta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna.
wawanohan anu lumangsung antara dua urang atawa leuwih anu anyar pinanggih.
Unsur sajak nu eusina amanat anu hayang ditepikeun panyajak nyaeta ....
rasa (feeling)
gaya (tone)
maksud (intention)
pikiran (sense)
Salah sahiji unsur sajak nyaeta pikiran (sense). Harti pikiran dina unsur sajak teh nyaeta ...
rasa panyajak anu dikendalkeun dina sajakna.
gaya panyajak dina nyieun sajakna.
maksud nu hayang ditepikeun ku panyajak.
pikiran pangarang anu nyangkruk dina jiwana dikendalkeu karanganana.
Conto gaya (intention) panyajak nyaeta ....
humoris
kasedih
cinta ka lemah cai
kaagamaan
Aya sabaraha unsur pangwangun sajak teh?
4
6
5
3
Unsur pangwangun sajak nu eusina sikep panyajak ka nu maca nyaeta ....
tema
nada
purwakanti
rasa
Pek regepkeun conto sajak di handap ieu!
Lir karuhun nu baheula ngabedah
Nyadiakeun incu putu betah-bumetah
Ku gede kadeudeuh ka tanah maneuh
Tempat digawe jeung ngareuneuh
Pola purwakanti dina sajak di luhur, nyaeta ....
a-a-eu-eu
a-b-a-b
a-a-a-a
a-a-b-b
Amanat kasirat nyaeta ....
amanat anu henteu kauger dina pada atawa padalisan sajak. nu maca kudu nyimpulkeun sorangan naon amanat tina sajak eta.
amanat nu kudu dikembangkeun ku panyajak
amanat nu aya dina pada atawa padalisan sajak, nu maca teu kudu nyimpulkeun sorangan eusi sajakna.
amanat nu dikedalkeun ku nu maca.
Conto purwakanti rantayan nyaeta ...
nyawang ka hareup
sawarga di tataran Sunda
disasarap heumeus beueus, deudeuh
diembohan catetan "ilangna raratan"
Taya alun-alun nu liuh
Taya cikapundung nu canembrang herang
Taya jalan tintincakan
Sempalan sajak di luhur ngagaduhan jenis purwakanti ....
mindoan kawit
runtuyan
rantayan
gabungan
Naon bedana harti konotatif jeung denotatif?
harti konotatif ngandung purwakanti, harti denotatif henteu ngandung purwakanti.
harti konotatif nyaeta harti nu henteu nuduhkeun barang (harti injeuman), harti denotatif nyaeta harti anu langsung nuduhkeun maksud (harti saujratna).
harti denotatif nyaeta harti nu henteu nuduhkeun barang (harti injeuman), harti konotatif nyaeta harti anu langsung nuduhkeun maksud (harti saujratna).
kaduana ngan beda ngaran hungkul.
(a) Husen geus jadi bentang sakola.
(b) Peuting ieu bentang di langit caang pisan.
Harti konotatif dina sempalan kalimah di luhur nyaeta ....
bentangna caang ngampray.
bentang di langit meuni caang.
Husen geus jadi bentang di langit
Husen jadi murid nu kasohor ku prestasina di sakola.
Kalimah nu ngandung harti denotatif nyaeta ...
Kang Rusdi teh ayeuna mah geus hirup ngeunah.
Pulisi keur mancing rampog supaya kaluar tina panyumputanana.
Mang Ohang teh ngeupeul pisan, dipentaan teh tara mere.
Neng Rani keur ngala jambu di buruan imahna.
"Ema, kuring untung bisa mulang, sedeng mitra rea nu palastra."
Tarjemah kecap palastra dina sempalan sajak di luhur nyaeta ....
gugur
buah pala
sastra
pasar
Di pangperangan taya waktu pikeun nyeuseuh
Transliterasi (terjemahan) Bahasa Indonesia dina sempalan sajak di luhur nyaeta ....
Di peperangan tidak ada waktu untuk mencuci piring.
Di peperangan tidak ada waktu untuk mencuci muka
Di peperangan tidak ada waktu untuk mandi
Di peperangan tidak ada waktu untuk mencuci baju
