wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS Basa Sunda Kelas 8

Total questions: 30

Worksheet time: 8hrs 30mins

Name
Class
Date
1.

1. Rakitan basa sabangsa tembang/lalaguan anu teu kauger ku patokan pupuh, disebut…

a)

A. lagu

b)

B. kawih

c)

C. tembang

d)

D. kidung

2.

2. Tengetan pamadegan ieu:

1) Manuk Dadali,    2) Manuk Piit,    3) Duh Indung,    4) Sabilulungan,    5) Duh Bapa.

Nu mangrupa judul kawih nya éta…

a)

A. 1), 2), 3) 

b)

B. 1), 3), 4) 

c)

C. 2), 3), 4) 

d)

D. 3), 4), 5) 

3.

3. Jalma anu ngahaleuangkeun kawih disebut…

a)

A. jurusanggi       

b)

B. jurusinden       

c)

C. jururumpaka

d)

D. jurusekar

4.

(1)

Mihapé sisir jeung minyak

Kadé kaancloman leungeun

Mihapé pikir jeung niat

Kadé kaangsonan deungeun

(2)

Lamun urang ka Cikolé

Moal hésé tunpak kahar

Lamun urang boga gawé

Moal hésé barang dahar

 (3)

Aya manuk dina pager

Na sukuna aya bola

Lamun urang hayang pinter

Kudu getol ka sakola

(4)

Daun jarak dibeungkeutan

Dibawa ka jalan gedé

Anu harak ngadeukeutan

Hayangeun dibawa hadé

Sisindiran di luhur nyusun ti nomer 1 nepika nomer 4, nyaéta…

a)

A. rarakitan, paparikan, rarakitan, paparikan

b)

B. rarakitan, rarakitan, paparikan, paparikan

c)

C. rarakitan, rarakitan, paparikan, rarakitan

d)

D. paparikan, paparikan, rarakitan, rarakitan

5.

5. Mesat ngapung luhur

Jauh di ……………….

Mébérkeun …………..

Bangun taya karingrang

 

Lengkepan kawih di luhur ku kecap-kecap…

                                                            

a)

A. méga - buntutna  

b)

B. awan - buluna  

c)

C. leuweung - sukuna  

d)

D. awang-awang - jangjangna

6.

6. Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda, anu dimaksud warta téh nyaéta…

                                                                                       

a)

A. carita

b)

B. beja

c)

C. inpormasi  

d)

D. kajadian

7.

7. Di handap ieu média nu digunakeun pikeun nepikeun warta, nyaéta…

                                                                                   

a)

A. koran    

b)

B. televisi

c)

C. internét

d)

D. bener kabéh

8.

8. Di handap ieu nu teu kaasup kana unsur-unsur warta, nyaéta…

                                                                                           

a)

A. naha

b)

B. naon

c)

C. kumaha 

d)

D. ka mana

9.

9. Eusi warta téh kudu mibanda ajén…

                                                                               

a)

A. subjéktif 

b)

B. seléktif

c)

C. objéktif 

d)

D. inovatif

10.

10. Kawih “Karatagan Pahlawan” ditilik tina eusina, kaasup kana kawih…

                                                                               

a)

A. atikan

b)

B. kaendahan 

c)

C. silih asih

d)

D. perjoangan

11.

11. Anu ngandung unsur what (naon) dina kalimah di handap, nyaéta…

                              

   

a)

A. di Gedong Kasenian Rumentang Siang Bandung  

b)

B. pasanggiri kawih tingkat SMP/MTs sa-Jawa Barat

c)

C. Ti tanggal 5 nepi ka 15 Agustus 2013 

d)

D. diayakeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

12.

12. Salah sahiji seniman Sunda nu geus loba nyanggi kawih, nyaéta…

                                                                  

a)

A. Mang Koko Koswara

b)

B. Mang Ibing

c)

C. Udjo Ngalagena

d)

d. Sulé Sutisna

13.

13. Teu honcéwang sumoréang

Tékadna pahlawan bangsa

Cadu mundur pantang mulang

Mun maksud tacan laksana

 

Cutatan kawih di luhur téh judulna naon?

                                                                     

a)

A. Teu honcéwang  

b)

B. Mars Pahlawan

c)

C. Karatagan Pahlawan  

d)

D. Tékad Pahlawan

14.

14. Poé Senén, 4 Désémber 2006 diayakeun acara miéling weweton Rd. Déwi Sartika.

Cutatan di luhur nyumponan unsur atawa prinsip warta…

                                                           

a)

A. iraha (whén)  

b)

B. kunaon (why) 

c)

C. kumaha (how)

d)

D. di mana (whére)

15.

15. Perhatikeun wangun sisindiran di handap ieu!

Baju kutud heureut pola

Dikelin teu dijalujur

Mun teu cucud ti sakola

Arisin balik ka lembur

 

Sisindiran di luhur kaasup…

                                    

a)

A. rarakitan piwuruk 

b)

B. rarakitan silih asih  

c)

C. paparikan piwuruk

d)

  D. paparikan sésébréd

16.

16. Baju kutud heureut pola

Dikelin teu dijalujur

Mun teu cucud ti sakola

Arisin balik ka lembur

Eusi sisindiran di luhur ayana di padalisan ka sabaraha…

                                                                     

a)

A. 1 jeung 2 

b)

B. 2 jeung 3

c)

C. 3 jeung 4 

d)

D. 1 jeung 4

17.

17. Baju kutud heureut pola

Dikelin teu dijalujur

Mun teu cucud ti sakola

Arisin balik ka lembur

Purwakanti engang tungtung sisindiran di luhur nyaéta…

                                                                                                  

a)

A. la-ur-la-ur 

b)

B. la-la-ur-ur 

c)

C. ur-ur-la-la

d)

D. la-la-la-ur

18.

18. Perhatikeun wawangsalan di handap ieu!

Teu puguh monyét hideungna

Teu puguh tungtungna

Wangsalna: …

                                                                             

a)

A. beruk  

b)

B. orangutan

c)

C. lutung

d)

D. simeut

19.

19. Belut sisit saba darat

      ……………..………....

Wangsalna: oray

 

Lengkepan wawangsalan di luhur ku…

                    

a)

A. Kapincut unggal panggih

b)

B. Kapimeumeut unggal usik

c)

C. Katingali unggal poé

d)

D. Kapiraray siang wengi

20.

20. Kecap sésébréd dina sisindiran ngandung harti

                                                                                  

a)

A. cinta 

b)

B. banyol

c)

C. tatajong 

d)

D. gedé amek

21.

21. Dina kasusastraan Malayu, sisindiran sarua jeung…

                                                                          

a)

A. mantra 

b)

B. gurindam 

c)

C. pantun 

d)

D. lagu

22.

22. Di handap ieu nu kaasup kana artikel ngeunaan budaya Sunda, iwal

                                                                  

a)

A. seni angklung

b)

B. jaipongan 

c)

C. réog ponorogo  

d)

D. aksara Sunda

23.

23. Artikel nu ditulis kudu puguh éntép seureuhna. Maksudna, nyaéta…

                                                                                            

a)

A. acak-acakan  

b)

B. sistematis  

c)

C. pabaliut 

d)

D. panjang

24.

24. Upacara Sérén Taun digelar saban mungkas tahun. Kecap anu anu dicitak miring kaasup kana istilah…

a)

A. tradisi 

b)

B. kasenian                                            

c)

C. patukangan  

d)

  D. kaulinan

25.

25. Jumlah engang dina sisindiran umumna aya …. engang.

                                                                                                                    

a)

A. 8 

b)

B. 7 

c)

C. 6 

d)

D. 5

26.

26. Sisindiran aya tilu rupa nya éta…

                                                    

                                 

a)

A. rarakitan, paparahuan, wawaran 

b)

B. rarakitan, paparikan, wawangsalan 

c)

C. kawih, kakawihan, wawacan 

d)

D. oray-orayan, boyboyan, bobodoran

27.

27. Perhatikeun sisindiran di handap ieu!

Lamun urang ka Cikolé

Moal hésé tumpak kahar

Lamun urang boga gawé

Moal hésé barang dahar

 

Ungkara di luhur kaasup sisindiran…

                                            

a)

A. paparikan piwuruk 

b)

B. paparikan silih asih  

c)

C. rarakitan sésébréd   

d)

D. rarakitan piwuruk

28.

28. Lamun urang ka Cikolé

Moal hésé tumpak kahar

Lamun urang boga gawé

Moal hésé barang dahar

Sisindiran di luhur aya sabaraha padalisan?

                                                                                                                                  

a)

A. 1

b)

B. 2

c)

C. 3 

d)

D. 4

29.

29. Lamun urang ka Cikolé

Moal hésé tumpak kahar

Lamun urang boga gawé

Moal hésé barang dahar

Sisindiran di luhur diwangun ku … engang dina unggal padalisan.

                                                                       

a)

A. 2 

b)

B. 4 

c)

C. 6 

d)

D. 8

30.

30. Sisindiran nu diwangun ku 2 padalisan nya éta…

                                                                              

a)

A. sésébréd 

b)

B. silih asih

c)

C. piwuruk 

d)

D. wawangsalan