NEW
Font size
Worksheetsulangan harian semester 1
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
Dongéng nu “Si Kabayan Ngala Roay” kaasup kana wangun …
Dongéng Mite
Dongéng Fabel
Dongéng Pamuk/Sagé
Dongéng Parabel
Dongéng Sasakala
Dongéng nu eusina nyaritakeun Dedemit, Ririwa, jrrd disebut ogé …
Dongéng Mite
Dongéng Fabel
Dongéng Pamuk/Sagé
Dongéng Parabel
Dongéng Sasakala
Dongéng nyaéta hasil karya sastra fiktif. Kecap nu sarua hartina jeung kecap fiktif nyaéta …
nyata
rékaan
pamohalan
aktual
teu asup akal
Lamun ngadongéng kudu merenah naék turunna sora. Hartina kudu hadé ...
sorana
lafalna
lentongna
paromanna
wirahmana
Mangsa nu dicaritakeun dina dongéng kaasup kana unsur ...
tema
palaku
amanat
galur
latar/setting
(1) malapah gedang
(2) sistematis
(3) lengkep
(4) subyéktif
(5) basana teges
(6) ngagunakeun kodeu-kodeu
Anu kudu diperhatikeun ku urang lamun rék nyieun laporan kagiatan ditunjukkeun ku nomer ….
(1).(2),(3)
(4),(5),(6)
(1),(4),(6)
(2),(3),(5)
(2),(4),(5)
Sempalan dongéng ieu di handap kagolong kana wangun fabél nyaéta….
Si Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih
Waktu Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wétan jeung Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot
Baheula Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma sepuh ti Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang Bagus Pangéling
Kacaritakeun di wewengkon Sumedang, aya opat awéwé anu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina ngarana nya éta Éyang Gabug, Éyang Setayu, Éyang Kaidah jeung Éyang Naidah
Kacaritakeun sakadang monyét ngajak ngala cabé ka sakadang kuya, ngalana teh di kebon patani, waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani sakadang monyét mah bisaeun kabur ari sakadang kuya mah katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat
Dina enas-enasna mah rangkay laporan kagiatan téh diwangun ku bubuka, eusi, jeung panutup. Nu dipedar dina bubuka laporan téh diantarana ….
tawis nuhun, kasang tukang, tujuan
kasang tukang, dasar hukum, tujuan
kasang tukang, jenis kagiatan, tempat jeung waktu
dasar hukum, hasil kagiatan, saran
dasar hukum, kacindekan, saran
Di ahir kagiatan KBS X, panata calagara nepikeun 12 rékoméndasi minangka hasil kaputusan kongrés. Ieu di handap béréndélan rékoméndasina.
1. Perluna révisi Pérda No. 14 taun 2014 kalawan nyieun aturan anu jelas ngeunaan kawajiban-kawajiban dina ngokolakeun basa jeung sastra Sunda.
2. Pamaréntah kudu mertahankeun ngaran-ngaran wewengkon anu geus aya sarta mahing digunakeunana kecap asing pikeun ngaran patempatan sarta gedong-gedong publik séjénna.
3. Perlu ngaropéa deui kurikulum basa Sunda diluyukeun jeung kamekaran pajamanan, lingkungan diajar, sarta téknologi.
4. Matéri pangajaran dipuseurkeun pikeun kapentingan kaparigelan basa dina komunikasi sapopoé.
Sempalan wacana di luhur mangrupa ………. tina laporan kagiatan.
hasil kagiatan
kacindekan
saran
dasar hukum
maksud kagiatan
Dina lagu “Balonku” aya rumpaka nu nétélakeun rupa-rupa warna. Kecap nu sarua hartina jeung kecap warna nyaéta ..
kelir
kleur
farbe
kolor
corak
