wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan PAS Bahasa Sunda Kelas 3

Total questions: 30

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Pupuh puncung nyaeta pupuh anu ngagambarkeun rasa ...

a)

ambek

b)

bungah

c)

sumanget

2.

Kecap gering sarua hartina jeung ...

a)

teu damang

b)

mastaka

c)

ngagelendeng

3.

Kalimah nu make tanda baca titik jeung aksara gede nu bener nyaeta ...

a)

Mang Asep angkat ka Cianjur.

b)

Budiman imahna di cihampelas.

c)

Ahmad angkat sakola sareng Yuli

4.

Kalimat panyaram aya dina kalimah ...

a)

Tong miceun runtah di mana wae!

b)

Abdi moal sakola margi udur.

c)

Rek jam sabaraha indit ka sakola teh?

5.

Kalimah ieu di handap nu kaasup kalimah parentah nyaeta ...

a)

Regepkeun pepeling kolot teh!

b)

Icih keur sasapu di buruan.

c)

Naha geuning budak teh can baralik?

6.

Pa guru : "Tika, __________"

Tika : "Mangga, Pa, kaleresan bumi abdi caket sareng bumi Yuli."


Kalimah parentah nu saluyu jeung guneman di luhur nyaeta ...

a)

pangmasihkeun buku ka Yuli.

b)

pangmeulikeun pulpen ka koperasi.

c)

pangmawakeun buku di perpustakaan.

7.

Di handap ieu nu mangrupa kalimah ajakan nyaeta ...

a)

Hayu, urang ngaraji di masigit!

b)

Bu Dewi guru bahasa Sunda.

c)

Saha nu nyandak kopi teh?

8.

____ Pa Yudi angkat ka Jakartana?

a)

Iraha

b)

Dimana

c)

Naon

9.

______ nu teu sakola poe ieu?

a)

Saha

b)

Naon

c)

Iraha

10.

_______ hargana beas teh?

a)

Saha

b)

Sabaraha

c)

Naon

11.

Andi : "Mel, ____________?"

Amel : "Abdi mah resep bayem, wortel jeung jagong."

a)

sayuran naon nu dipikaresep ku Amel?

b)

inuman naon nu dipikaresep ku Amel?

c)

kaulinan naon nu dipikaresep ku Amel?

12.

Bapa nuju _____ sareng soto. Abdi nuju _____ sareng angeun soto.

a)

tuang / dahar

b)

dahar / tuang

c)

neda / emam

13.

Dupi jenengan Ibu Guru teh ____ ?

a)

saha

b)

iraha

c)

dimana

14.

Baso teh _____ tina daging sapi.

a)

dijieun

b)

dikumbah

c)

diaduk

15.

Kecap nu kaasup rajekan dwimurni di handap ieu nyaeta ...

a)

kuda-kuda

b)

bolak-balik

c)

momotoran

16.

Maman mah katelah budak pinter di sakolana.

Kecap sabalikna tina kalimah diluhur nyaeta ...

a)

bodo

b)

motah

c)

motekar

17.

Kalimah ieu di handap nu kaasup kalimah parentah nyaeta ...

a)

Ulah nangtung di hareuepun panto!

b)

Sabaraha sekor Persib lawan Persija teh?

c)

Kamari Gagan balik ti purwakarta.

18.

Ari jeung dulur mah kudu ______

a)

silihbere

b)

silihpelong

c)

silihudag

19.

Ayeuna teh geus asup usum dangdarat.

Harti kecap anu dikandelan di luruh nyaeta ...

a)

usum panyelang antara ngijih jeung katiga

b)

usum kurang dahareun

c)

usum ngagarap sawah

20.

Taman Cibodas nyaeta salah sahiji tempat wisata nu aya di ...

a)

Kabupaten Cianjur

b)

Kabupaten Cimahi

c)

Kabupaten Bogor

21.

Kecap rundayan tina awalan N- nyaeta...

a)

Seuseuh - nyeuseuh

b)

Baca - maca

c)

Bawa - mawa

22.

Contohnya kalimah panyaram nyaeta...

a)

Ulah loba teuing ulin!

b)

Jadi budak teh kudu bageur.

c)

Kumaha jadi budak bageur teh?

23.

Contohnya kalimah pananya nyaeta...

a)

Ulah loba teuing ulin!

b)

Jadi budak teh kudu bageur.

c)

Kumaha jadi budak bageur teh?

24.

Pun biang mah resep katuangan anu lada.

Kecap nu hartina sami sareng resep nyaeta ...

a)

Seneng

b)

Bungah

c)

Benci

25.

Mun Persib keur maen meni loba nu lalajona teh.

Loba teh sebaliknya...

a)

Saeutik

b)

Seueur

c)

Resep

26.

Conto kecap rajekan dwi murni nyaeta...

a)

Rupi-rupi

b)

Lolobana

c)

Bulak-balik

27.

Kalimah ajakan contona nyaeta...

a)

Hayu urang indit ka sakola!

b)

Kumaha cara indit ka sakolana?

c)

Isukan urang kudu ka sakola.

28.

Kalimah nu ngagunakeun basa hormat nyaeta...

a)

Bumi abdi mah caket bumi pa RT.

b)

Geura indit ka sakola ayeuna!

c)

Geus olahraga teh meni nya nyeri awak.

29.

Punten abdi teu _____ angkat ka bumi.

a)

Cios

b)

Indit

c)

Mulih

30.

Teu _______ tong ngarerepot, abdi mung sakedap da.

a)

Sawios

b)

Caket

c)

Salira