wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

bahasa sunda

Total questions: 50

Worksheet time: 4hrs 10mins

Name
Class
Date
1.

Salah sahiji cara miara awak nyaèta .....

a)

sasapu di buruan

b)

mandi sapoè dua kali

c)

loba sarè jeung ulin

d)

ngadahar lada

2.

Cara ngarawat kabersihan tanggay / kuku nyaèta .....

a)

dipotong saminggu sakali

b)

disikat unggal poè

c)

loba ngadahar sayur-sayuran

d)

dipariksa ka guru unggal poè

3.

Lingkungan anu teu beresih bisa ngadatangkeun rupa-rupa panyakit, diantarana nyaèta panyakit .....

a)

demam berdarah

b)

nyeuri beuteung

c)

asma

d)

panas tiris

4.

"Aya jalan komo meuntas", hartina .....

a)

loba pangalaman

b)

eukeur mah aya maksud turug-turug aya pijalaneunana

c)

migawè laku nu moal aya hasilna

d)

asal babareungan lila tuluy papisah

5.

Di sakola Ibnu mah "bisa ka bula ka balè", matak loba pisan babaturanna.


Harti paribasa "bisa ka bula ka balè" nyaèta .....

a)

bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan

b)

loba pangalaman

c)

pinter atawa hadè kalakuannana

d)

migawè laku nu teu diperlukeun deui

6.

Migawè laku nu moal aya hasilna.


Paribasana nyaèta .....

a)

nyiuk cai ku ayakan

b)

legok tapak gentèng kadèk

c)

sapu nyèrè pegat simpay

d)

adat ka kurung ku iga

7.

Tulisan wangun /di/ nu bener dina kalimah di handap nyaèta .....

a)

Anak kuya diwadahan kana batok.

b)

Jalak Bali tèh resep di sada.

c)

Pelak suuk dikebon sakola geus jadi

d)

Lahan tanah tèh teu acan pajeng di icalna.

8.

Tulisan wangun /ka/ nu bener dina kalimah di handap nyaèta .....

a)

Buku basa Sunda Ririn ka bawa ku Evi.

b)

Udin indit ka Bandung jeung babaturanna.

c)

Murid-murid kelas 6 indit katoko buku.

d)

Wendi meuli kapur kacibaduyut.

9.

Jenis karangan anu ngagambarkeun hiji kajadian atawa pangalaman disebut ogè teks .....

a)

narasi

b)

deskripsi

c)

eksplanasi

d)

eksposisi

10.

Jenis karangan nu ngagambarkeun kaayaan naon-naon anu katingali / sasuai panca indera disebutna teks .....

a)

argumentasi

b)

deskripsi

c)

narasi

d)

persuasi

11.

Anu teu ka asup ngaran pupuh nyaeta..

a)

asamarandana

b)

sinom

c)

wirangrong

d)

lembang

12.

Salah sahiji hal anu kudu diperhatikeun lamun urang jadi panata acara nya eta kudu..

a)

make basa nu bener

b)

lemah lembut

c)

resep heureuy

d)

beuki ngomong

13.

pupuh durma dina sapadana diwangun ku..

a)

5 padalisan

b)

6 padalisan

c)

7 padalisan

d)

8 padalisan

14.

Anu henteu ka asup aturan nulis pupuh nyaeta...

a)

jumlah larik tina hiji pada (bait)

b)

jumlah engang (suku kata ) tina tiap padalisan ( larik)

c)

sora guru lagu ( purwakanti ) dina tiap padalisan (larik)

d)

gaya basa

15.

Lamun keur teu dipake, lampu kudu . . . .

a)

Dihurungkeun

b)

Diantepkeun

c)

Dipareuman

d)

Ditingalikeun

16.

. . . teh sumber energi panas.

a)

Panonpoe

b)

Bulan

c)

Bentang

d)

Bumi

17.

Urang kudu . . . listrik sangkan mahi nepi ka jaga.

a)

Ngahambur-hambur

b)

Ngantep

c)

Ngahemat

d)

Ngaruksak

18.

Mun minyak bumi terus-terusan . . . lila-lila bakal beak.

a)

dikeduk

b)

dijaga

c)

dirawat

d)

diantep

19.

Pami bade ngawitan atanapi rengse diajar urang kedah .... heula.

a)

Jajan

b)

Ngacung

c)

Ngadu’a

d)

Olahraga

20.

Dodol kawentar ti daerah . . . .

a)

Sumedang

b)

Garut

c)

Bandung

d)

Ciamis

21.

Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun solat


Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....

a)

Opat padalisan

b)

Tilu padalisan

c)

Dua padalisan

d)

Sapadalisan

22.

Siswa : "Wilujeng enjing, pa!"

Guru Silat : ...............................................................

Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta....

a)

Wilujeng enjing

b)

Wilujeng siang

c)

Aya naon jang?

d)

Bade kasaha ceu?

23.

Rek iraha indit ka Bandung teh?

Kalimah diluhur kaasup kana kalimah....

a)

Panyambung

b)

Panyeluk

c)

Wawaran

d)

Pananya

24.

Anu kaasup kecap barang nya eta . . .

a)

gawe

b)

korsi

c)

indit

d)

miang

25.

Nu Kaasup kecap pagawean nya eta . . . .

a)

masak

b)

papan

c)

kai

d)

meja

26.

nu kaasup kana sipat sipat nya eta . . .

a)

ucing

b)

tiung

c)

ngewa

d)

bageur

27.

Bu, abdi . . . atuh bade mios tipayun bilih kasiangan. Kecap anu merenah pikeun kalimah di luhur nya eta . . . .

a)

permisi

b)

permios

c)

bebeja

d)

wawartos

28.

abdi ge . . . da gaduj kembang sapertos kitu. Kecap anu merenah pikeun kalimah di luhur nya eta . . . .

a)

hoyong

b)

hayang

c)

bingah

d)

boga

29.

Nepangkeun . . . abdi pun Rizki.

a)

jenengan

b)

ngaran

c)

nami

d)

wasta

30.

Bu wiwin nuju . . . baso.

a)

ngagaleuh

b)

meuli

c)

geuleh

d)

cicing

31.

Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal....

a)

palaku

b)

wirahma

c)

latar

d)

galur

32.

Kecap nu teu ngandung rarangken tengah -ar-, nyaeta....

a)

baralik

b)

jaragjag

c)

karadak

d)

arindit

33.

"Lina teh sakolana geus kelas VI"

Kalimah pananya anu cocog keur eta jawaban, nyaeta....

a)

Saha nu geus sakola kelas VI teh?

b)

Dimana Lina teh sakolana?

c)

Sok kana naon Lina teh indit sakolana?

d)

Kelas sabaraha Lina teh sakolana?

34.

Kalimah di Handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaeta....

a)

Hayu ah urang ucing sumput.

b)

Iraha kang Ajat Sumpingna?

c)

Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.

d)

Doni, Pangnyandakeun buku di perpustakaan!

35.

Dawegan teh keur meujeuhna (leho).

a)

lehoan

b)

lelehoan

c)

ngaleho

d)

lumeho

36.

Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal....

a)

mungguhing

b)

kersaning

c)

ceceting

d)

bakating

37.

Di handap ieu nu lain kalimat aktif, nyaeta....

a)

Mang Nana keur ngala buah.

b)

Kang Dudung meuncit hayam.

c)

Bapa ngala lauk di balong.

d)

Jang Adang kacugak paku.

38.

... ku puyeng, Ma Icih ngagubrag.

Kecap nu merenah keur ngisisan titik-titik eta kalimah nyaeta....

a)

aya

b)

bakating

c)

lamun

d)

najan

39.

Lanceukna indung/bapa disebutna....

a)

bibi

b)

paman

c)

ua

d)

suan

40.

Di handap ieu anu henteu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta....

a)

Ade, geura ibak!

b)

Mah, nyuhunkeun kueh!

c)

Aduh, Sampean abdi titaong

d)

Urang mios ayeuna, yu!

41.

Anu kaasup kana kalimah panyarek, nyaeta....

a)

Mangga kalebet, pa!

b)

Mugia urang sadayana lulus!

c)

Wan, nambut pamupus!

d)

Teukenging ameng didinya!

42.

Pasemonna mani marahmay.

babasan tina marahmay, nyaeta....

a)

gede hulu

b)

hampang birit

c)

amis budi

d)

haseum budi

43.

Babasan bodo alewoh hartina....

a)

bodo pisan

b)

bodo tapi daek tatanya

c)

bodo katotoloyo

d)

bodo lantaran kedul

44.

Di hadap ieu kecap serepan tina bahasa Perancis nyaeta....

a)

diploma

b)

amplop

c)

lomari

d)

dasi

45.

di handap ieu anu teu kaasup kana istilah teknologi, nyaeta....

a)

hateup

b)

kulkas

c)

parabola

d)

satelit

46.

manehna teh jadi kiper lantaran....

a)

nyepak pinalti

b)

ngajaga gawang

c)

maju ka hareup

d)

pamaen sayap

47.

cai eueut teh lamun hayang tiis mah kudu disimpen dina....

a)

bupet

b)

lomari

c)

kulkas

d)

termos

48.

Di handap ieu alat-alat nu ngagunakeun listrik, iwal....

a)

radio

b)

TV

c)

komputer

d)

jam dinding

49.

Angklung teh dijieuna tina....

a)

kai

b)

awi

c)

parunggu

d)

kuningan

50.

"Wawan mah beurat birit"

Beurat birit hartina....

a)

babari dititah

b)

hese dititah

c)

eraan

d)

sieunan