WorksheetsLATIHAN BAHASA SUNDA KLS X SEMESTER 2
Total questions: 50
Worksheet time: 2hrs 40mins
Carita rahayat nu eusina nyaritakeun ngeunaan asal-usul hiji kajadian atawa tempat,disebut....
A. mitos
B. pamuk
C. sasakala
D. parabel
D. Pabel
Kecap asal nu di ulang kalawan utuh (sagemblengna) tapi teu robah sora, disebut ...
A. dwi murni
B. dwi réka
C. trilingga
D. wancahan
E. kantétan
Dongéng “Si Kabayan, Baridin, Kaspo" kaasup kana conto dongéng ....
pabel
parabel
sagé
babad
mitos
Di handap Ieu nu kaasup kana wanda prosa buhun, nya éta ....
dongéng
novel
carita pondok
puisi
carita
drama
Pakaman basa/ungkara basa anu dipaké harti injeuman sarta eusina mangrupa babandingan nu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jaung pasipatan jelema mangrupa wangenan tina ....
biantara
babasan
paribasa
palanggeran biantara
palanggeran paribasa
Saprak harga BBM naék, para pamayang loba nu alih propési jadi kuli bangunan ka kota, pajar téh jauh teuing jeung hasil nu ditarimana. Kecap pamayang hartina ....
tukang moro
tukang nakol bedug
juru ladén
tukang ngala Iauk di Iaut
tukang nabeuh gamolan
Mangkukna kuring meuli nangka di pasar téh masih salawe sapasina téh... na ari ayeuna geus naék deui jadi 30 sén, Kecap salawe dina kalimah di Iuhur sama hartina jeung ....
25sén
10 sén
sén
sagulden
saringgit
Hiji bukti anu eusina mangrupa sagala rupa atawa sagala hal nu aya patalina jeung hiji kagiatan anu geus réngsé dilaksanakeun disebut ...
Wawancara
Laporan kagiatan
Warta
Carita pangalaman
Biantara
Kaasup kana hiji tulisan dina ragam tulisan resmi, laporan kagiatan ngabogaan struktur anu maneuh ( pasti ) nya éta ...
Waktu - tempat - pamilon
Bubuka – waragad - eusi
Waktu – waragad – panutup
Tempat – waragad - pedaran
Bubuka – eusi - panutup
Struktur tina laporan kagiatan anu eusina mangrupa panganteur pikeun mawa anu maca kana pasualan naon anu rék dilaporkeun, nerangkeun naon-naon wae anu jadi kasang tukang diayakeunana hiji kagiatan, sarta rasa sukur yén hiji kagiatan réngsé dilaksanakeun nya éta ...
Bubuka
Eusi
Panutup
Kacindekan
Waragad
Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna. Panitia ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong kana ieu kagiatan. Ungkara ieu biasana bakal kapanggih dina salah sahiji struktur laporan kagiatan anu mangrupa ...
Pamungkas
Eusi
Bubuka
Panutup
Kacindekan
Sawatara hal anu diwincik dina bagéan eusi tina laporan kagiatan diantarana nya éta ...
Kasang tukang, jeung tujuan
Waktu, pamilon, jeung waragad
Kacindekan, saran jeung kritik
Manfaat, tujuan, jeung kasang tukang
Kacindekan jeung pamilon
Nyéwa alat sound system 1 sét Rp 500.000, dokuméntasi 1 pakét Rp 300.000, hadiah 1 pakét Rp 1.000.000, konsumsi 1 paket Rp 500.000, dékorasi 3 pakét Rp 600.000. Total Rp 2.900.000. Aya sésa saldo gedéna Rp 100.000 disimpen kana kas OSIS. Pedaran ieu biasa diwincik dina laporan kagiatan anu disebut ...
Kasang tukang
Pamilon
Tujuan
Kacindekan
Waragad
Di handap ieu kaasup kana rupa-rupa kadaharan atawa rupa-rupa kaolahan urang Sunda, kajaba ...
Awug, bacang, dodol
Kerak telor, ketoprak
Leupeut, nagasari, kelepon
Kupat tahu, bugis, surabi
Ali agrem, putri noong, gegetuk
Basa anu biasa dipaké dina nyusun hiji laporan kagiatan nya éta basa ...
Lemes keur ka saluhureun
Lemes keur ka sorangan
Pergaulan
Loma
Baku
Di handap ieu kalimah anu merenah pikeun nutup hiji laporan kagiatan nya éta ...
Panitia ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong kagiatan ieu.
A. Kagiatan ieu dilaksanakeun kaping 12 Désémbér 2019 di Aula SMA Negeri 1 Setu.
A. Pamilon dina kagiatan pasanggiri ieu sadayana aya 35 jalmi ti sababaraha sakola.
A. Dina raraga miéling Poé Basa Indung, OSIS SMA SMA Negeri 1 Setu ngayakeun pagelaran Seni Sunda.
Kagiatan pagelaran ieu lumangsung kalawan dibagi jadi tilu rintakan atawa tilu babak.
Di handap ieu mangrupa salah sahiji anu jadi inti kagiatan dina nyusun laporan ngolah salah sahiji kadaharan khas urang Sunda, kajaba ...
Kasang tukang ngolah kadaharan khas urang Sunda
Mangpaat ngolah kadaharan khas urang Sunda
Tujuan ngolah kadaharan khas urang Sunda
Biaya anu diperlukeun upama ngolah salah sahiji kadaharan khas urang Sunda
Ngadata jenis-jenis kaolahan atawa kadaharan khas urang Sunda
Sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda bisa disebut mangrupa ...
Sajak
Kawih
Pupuh
Opera
Musikalisasi puisi
Kagiatan tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna ...
Paguneman
Sawala
Pidato
Wawancara
Konférénsi
Ieu di handap anu lain udagan (tujuan) tina wawancara, nyaéta ...
Ngéra-ngéra jalma nu diwawancara
Mastikeun bener henteuna kajadian (aktualisasi fakta)
Nyangking pamadegan resmi ti narasumber
Konfirmasi keur babandingan data
Ngajaring informasi ti narasumber
1. Nyusun laporan wawancara.
2. Ngalaksanakeun wawancara luyu jeung jangji saméméhna.
3. Maheutkeun jangji jeung narasumber keur ngawawancara.
4. Nyusun daftar pertanyaan nu rék ditepikeun
5. Nangtukeun narasumber jeungvmaluruh biodatana.
6. Neuleuman masalah nu rék dipaké bahan wawancara.
7. Ngarumuskeun topik jeung tujuan wawancara.
Runtuyan anu bener tina léngkah-léngkah wawancara di luhur nyaéta ...
1-2-3-7-6-5-4
1-2-4-3-5-6-7
1-2-3-4-5-6-7
7-6-5-4-3-2-1
7-5-6-1-2-3-4
Kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun rumusan 5W + 1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap ...
Naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha
Mana, dimana, kamana, iraha, kunaon, kumaha
Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha
Saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha
Saha, ku saha, ti saha, di saha, ka saha, keur saha
Ieu di handap mangrupa waleran tina rumusan pananya "Why" (naha), nyaéta ...
"Covid-19 mangrupa virus nu nyerang imun manusa."
"Lantaran covid-19 bisa 'mematikan'."
"Covid-19 asalna ti Wuhan, Cina."
"Nu leuwih rentan kakeunaan ieu virus nyaéta balita jeung lansia."
"Pikeun nyingkahan éta virus ku cara ngalaksanakeun protokol kaséhatan nu bener."
Dina nyusun laporan hasil wawancara, biasana sok disusun dina dua wangun, nyaéta ...
Wangun dialog jeung wangun monolog
Wangun dialog jeung narasi
Wangun narasi jeung deskripsi
Wangun dialog jeung deskripsi
wangun monolog jeung deskripsi
Dumasar kana carana, aya kagiatan wawancara nu ngalibetkeun sawatara narasumber, upamana acara talkshow dina TV. Disebut wanda wawancara ...
Konférénsi
Mandiri
Kelompok
Kauger
Bébas
Ieu di handap anu asup kana ragam basa hormat, nyaéta ...
Asup, datang, tangtu, wani, payu
Lebet, datang, tangtu, wani, payu
Lebet, dongkap, tangtu, wani, pajeng
Asup, dongkap, tangtos, wantun, pajeng
Lebet, dongkap, tangtos, wantun, pajeng
Kalimah pananya "Kumaha tarékah pamaréntah dina ngupayakeun pemberantasan virus Covid-19?" miharep jawaban ngeunaan ...
Kaayaan virus covid-19
Penyebab virus covid-19 nyebar
Cara penyebaran virus covid-19
Cara pamaréntah dina nyanghareupan virus covid-19
Kaayaan pamaréntah dina pandemi virus covid-19
Aksara Sunda nu geus dibakukeun nyaéta ...
Aksara Pégon
Aksara Sunda Kuno
Aksara Cacarakan
Aksara Sunda
Kaganga
Aksara Latén
Aksara Sunda kaasup kana jenis aksara ..., nyaéta saaksara ngalambangkeun saengang.
Logografis
Fonétis
Silabis
Simbolis
Fonémis
Aksara anu dicontokeun dina prasasti di luhur asalna tina ...
Prasasti Batutulis Bogor
Prasasti Geger Hanjuang Tasikmalaya
Prasasti Cikajang Garut
Prasasti Kabantenan
Prasasti Astana Gedé Kawali Ciamis
Lamun rék nuliskeun angka, kudu dihapit ku ...
Dua gurat condong
Tanda kurung
Dua gurat ajeg
Tanda kekenteng
Dua gurat handap
Ieu di handap wangun aksara Sunda anu mirip, iwal ...
/ta/ jeung /ya/
/wa/ jeung /ha/
/pa/ jeung /fa/
/ba/ jeung /nya/
/ga/ jeung /nga/
Pikeun nuliskeun kecap "imah" diperlukeun rarangkén ...
Pangwisad
Panghulu
Panyuku
Panyecek
Panglayar
Rarangkén nu ditulisna handapeun aksara nyaéta ...
Pangwisad
Panghulu
Panyuku
Panyecek
Panglayar
Rarangkén nu fungsina pikeun ngarobah sora a jadi é, nyaéta ...
Pamepet
Panéléng
Panolong
Panyecek
Paneuleung
Rarangkén nu fungsina pikeun nambahan huruf (+r) nyaéta ...
Panyakra
Pamingkal
Panyiku
Panglayar
Panyuku
Éta kecap di luhur dibacana ...
Sareng
Séroang
Soréang
Koréang
Kéroang
Ieu aksara Sunda di luhur dibacana ...
14 Agustus
17 Agustus
16 Agustus
15 Agustus
18 Agustus
Dongéng téh geus aya ti baheulana, malah bisa jadi geus aya ti jaman prasajarah kénéh, ku sabab kitu dongéng sok teu kapuluruh saha anu ngarangna, atawa sok disebut .....
sinomin
akronim
anonim
antonim
homonim
Kaayeunakeun loba jalma anu ngadokuméntasikeun dongéng jadi buku atawa tulisan,padahal saméméhna mah dongéng téh nyebar sacara...
lisan jeung tulisan
tulisan
tulisan dina babatuan
lisan
tulisan dina kulit sasatoan
Carita dongéng téh mangrupa prosa anu di jerona aya unsur tokoh jeung peristiwa atawa kajadian nu kaalaman ku tokohna nepi ka ngawangun jadi hiji...
monolog
puisi
runtuyan lalakon
drama
pragmen
Ciri anu mandiri tina carita dongéng téh caritana anu pamohalan, contona ....
Ciri anu mandiri tina carita dongéng téh caritana anu pamohalan, contona....
sato bisa hirup di lembur
monyét ngadahar cau
Si Kabayan boga mitoha
Sasatoan bisa nyarita
Anu dimaksud "carita pamohalan" téh nyaéta ....
carita anu taya tamatna
caritana panjang jeung ngarancabang
caritana loba pikaseurieunana
caritana teu kaharti ku akal/logika
carita anu sumebar sacara lisan
Dongéng sok dipaké bahan pangajaran ku kolot ka budakna ku cara didongéngkeun saméméh barudak saré, lantaran dina dongéng téh kakandung ....
amanat moral anu hade
carita anu ramé
carita anu babari kaharti
lalakon anu matak pikaseurieun
lalakon anu pamohalan
Aya salah sahiji sipat dongéng anu dipikaresep ku masarakat, lian ti ngandung naséhat anu hadé ogé jadi sarana .....
pangajaran
komunikasi
hiburan
pergaulan
silaturahmi
Dongéng téh aya di mamana di saalam dunya, boh di Asia, Éropa, Amérika, Ustrali, boh di Aprika, malah aya dongéng-dongéng urang anu sarimbag antara di urang jeung di batur, contona dongéng Si Kabayan jeung dongéng .... ti Timur Tengah.
Si Congcrorang
Sudagar Bagdad
Oidipus
Wa Dulhong
Abu Nawas
Tarjamahan nya eta mindahkdeun hiji basa anu luyu ma’na jeung …
Gaya basa
Paribasa
Babasan
Kalimah
Kecap
Tarjamahan di sebut oge …
Alih kode
Alih basa
Alih aksara
Campur basa
Alih hurup
Saya akan berangkat ka Jakarta esok. Upami di tarjamahkeun anu luyu nya eta ….
Sim kuring baris mios ka Jakarta enjing
Sim kuring baris mios ka Jakarta isukan
Sim kuring baris angkat ka Jakarta enjing
Sim kuring baris angkat ka Jakarta isukan
Sim kuring baris mangkat ka Jakarta enjing
Istilah “Tarjamah” teh asalna tina basa..
Arab
Inggris
Walanda
Prancis
Yunani
