wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan kahiji Jasa Pahlawankelas IV

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Rd.Dewi Sartika sakolana nepi ka kelas tilu ku sabab ....

a)

budak awewe teu meunang sakola

b)

bapana dibuang ka Ternate

c)

teu meunang sakola ku akina

d)

geus bisa maca jeung nulis

2.

Di handap mangrupa conto tina atikan kabinangkitan istri nya eta ....

a)

maca

b)

ngitung

c)

nulis

d)

nyulam

3.

Dina taun 1904 Rd.Dewi Sartika ngadegkeun .... pikeun kaom wanita di sabudeuren imahna.

a)

Sakola Istri

b)

Sakola Kautamaan Istri

c)

Sakola Rd. Dewi Sartika

d)

Sakola awewe

4.

Sakola nu mimiti diadegkeun teh tempatna di .....

a)

Balekota Bandung

b)

Kantor Bupati

c)

Pendopo Bandung

d)

Kantor Gubernur Bandung

5.

Tujuan Rd. Dewi Sartika ngadegkeun sakola ngarah kaom wanita bisa .....

a)

muka usaha sorangan

b)

maca,nulis jeung ngitung

c)

dandan nu geulis

d)

digawe di kantoran

6.

Muridna Rd. Dewi Sartika nu mimiti jumlahna aya .... urang

a)

sapuluh

b)

lima belas

c)

dua puluh

d)

dua puluh lima

7.

Rd. Rangga Somanagara teh namina .... Dewi Sartika.

a)

ramana

b)

uwana

c)

akina

d)

emangna

8.

Rd. Dewi Sartika dilahirkeunna di Bandung kaping ....

a)

4 Desember 1864

b)

4 Desember 1874

c)

4 Desember 1884

d)

4 Desember 1894

9.

Basa ramana dibuang ka ternate Dewi Sartika dibawa ka Cicalengka ku uwana nu jadi ....

a)

bupati

b)

patih

c)

guru

d)

patani

10.

Nyi Raden Rajapermas teh namina .... ti Rd. Dewi Sartika

a)

ibuna

b)

ninina

c)

uwana

d)

bibina

11.

Kusabab muridna beuki nambahan geus teu bisa sakola di dinya deui, tuluy pindah ka jalan ....

a)

Kautamaan istri

b)

Ciguriang

c)

Oto Iskandardinata

d)

Cibadak

12.

Rd. Dewi Sartika nutup sakolana tuluy pindah ka Cineam sabab ....

a)

dicarek ku Walanda

b)

Bandung teu aman

c)

euweuh muridna

d)

dibawa ku carogena (suami)

13.

Mohamad Toha lahir di jalan Banceuy dina taun ....

a)

1920

b)

1922

c)

1925

d)

1927

14.

Mohamad Toha sakolana nepi kakelas opat sabab ....

a)

pindah ka luar kota

b)

ibu jeung bapana papisah

c)

ayana perang dunia kadua

d)

diajak gawe ku akina

15.

Mohamad Toha di pasukan BRI/BBRI jadi .... bagean panggempur

a)

ajudan

b)

anggota

c)

komandan

d)

prajurit

16.

Mohamad Toha boga jasa .... nu moal dipohokeun ku urang Bandung

a)

ngabitukeun gudang mesiu nu sekutu

b)

ngaduruk imah - imah warga

c)

ngancurkeun markas Jepang

d)

nyerang penjajah nu datang ka Bandung

17.

Pikeun ngahargaan jasana ka Mohamad Toha jeung sobatna Mohamad Ramdan. Ngaran maranehna dijadikeun ngaran ....

a)

gedung

b)

stadion mengbal

c)

rumah sakit

d)

jalan

18.

Mohamad Toha sanggeus teu sakola tuluy jadi ....

a)

digawe di bengkel

b)

dagang dahareun

c)

mantuan ninina

d)

digawe di kantor

19.

Oto Iskandardinata lahir Bojongsoang Kabupaten Bandung dina kaping ....

a)

31 Maret 1867

b)

31 Maret 1877

c)

31 Maret 1887

d)

31 Maret 1897

20.

Otto Iskandardinata hayang minterkeun bangsa Indonesia matakna ...

a)

muka sakola

b)

anggota Budi Utomo

c)

jadi guru HIS

d)

jadi wartawan

21.

Otto Iskandardinata meunang julukan Si Jalak Harupat kusabab ....

a)

teu sieun ku Walanda dina ngabela rayat Indonesia

b)

bisa guru minterkeun murid

c)

loba milu organisasi nu merjuangkeun kamerdekaan

d)

jadi mentri nu mimiti

22.

Ngaran Si Jalak Harupat dipake ngaran ..... mangrupa ngahargaan kana jasana Otto Iskandardinata

a)

musieum daerah

b)

stadion mengbal

c)

gedung

d)

tempat wisata

23.

Sanggeus ibubapana papisah Mohamad Toha diurus ku ....

a)

akina

b)

emangna

c)

uwana

d)

bibina

24.

Otto Iskandardinata kasohor wanian dina ngabela rayat ku kituna loba nu teu resepeun nepi ka ....

a)

dipenjara ku musuhna

b)

loba musuhna

c)

diculik ku Laskar hitam

d)

dibuang ka pulo kosong

25.

Rd. Dewi Sartika pupus dina kaping ....

a)

11 September 1947

b)

20 Desember 1945

c)

1 Juli 1946

d)

12 November 1948