NEW
Font size
WorksheetsUlangan Harian B. Sunda Kelas 7 Semester Genap SMP PUI
Total questions: 25
Worksheet time: 47mins
Dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran disebut ...
Sasakala
Fabel
Mite
Parabel
Jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita dina unsur dongeng disebut ...
Tema
Setting
Amanat
Galur
Dongeng si Kabayan kaasup kana jenis dongeng ...
Parabel
Sasakala
Mite
Fabel
Dongeng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasakten hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah, disebut ...
Pieunteungeun
Fabel
Mite
Pamuk
Nyaeta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca, disebut ...
Amanat
Tema
Setting
Galur
Di handap ciri-ciri dongeng, iwal ...
Caritana pondok
Kajadianna anyar tur realistis
Aya bagian anu pamohalan
Anonim
Di handap kaasup kana pungsi dongeng, iwal ...
Nyaho kana turunan
Nyaho kana pancakaki
Percaya kana mitos
Nyaho kana asal muasalna tempat
Nu kaasup komponen utama dina iklan nyaeta ...
Ngaapresiasi jeung neuleuman
Ngarojong jeung ngarayu
Mikawanoh jeung nyebarkeun
Ngajual jeung meuli
Di handap conto-conto Iklan Layanan Masarakat, iwal ...
Ngeunaan Runtah/Sampah
Ngeunaan Atikan/Pendidikan
Iklan Anti Narkoba
Iklan Keluarga Berencana
Iklan nu miboga tujuan pikeun nyadukung kampanye pemasaran hiji produk atawa jasa disebut ...
Iklan Corporate
Iklan Komersil
Iklan Layanan Masyarakat
Iklan Sosial
Iklan nu miboga tujuan pikeun ngawangun citra hiji pausahaan nu ahirna dipiharep bisa ngawangun citra positif produk atawa jasa nu diproduksi ku eta pausahaan disebut ...
Iklan Komersil
Iklan Corporate
Iklan Layanan Masarakat
Iklan Sosial
Iklan layanan masarakat dina widang ...
Kasehatan
Atikan/Pendidikan
Hemat Energi
Narkoba
Iklan layanan masarakat ngeunaan ...
Ngeunaan Ngumbah Leungeun
Ngeunaan Runtah/Sampah
Ngeunaan Global Warming
Ngeunaan Leuweung
Kalimah nu eusina ngawawarkeun, mere beja ngeunaan hiji hal ka nu lian tur miharep responsi nu mangrupa paniten wungkul disebut ...
Kalimah Aspiratif
Kalimah Deklaratif
Kalimah Ekspresif
Kalimah Imajinatif
Dina wangun tinulis kalimah wawaran teh dipungkas ku tanda baca ...
Titik (.)
Koma (,)
Seru (!)
Tanya (?)
Aksen/lentong kalimah nu engang panungtungna dikedalkeun leuwih tarik disebut ...
Aksen Tonis
Aksen Dinamis
Aksen Temporal
Aksen Biasa
Buku teh gudangna elmu, maca mangrupa koncina. Mangrupa conto aksen ...
Aksen Biasa
Aksen Dinamis
Aksen Tonis
Aksen Temporal
Salian ti mere beja, iklan layanan masyarakat bisa mangrupa, iwal ...
Panitah
Panyaram
Pamaen
Pangjurung
Leuweung teh sumberna caai jadi kapiara leuweungna, tangtu bakal sugih caina. Mangrupa conto aksen ...
Aksen Tonis
Aksen Dinamis
Aksen Temporal
Aksen Biasa
Eta iklan layanan masyarakat teh eusina nyaram ka urang sangkan ...
Kudu miceun runtah di jalan lamun keur sepi
Ulah miceun runtah di jalan najan keur sepi
Neangan tempat sepi lamun rek miceun runtah
Miceun runtah kudu tina mobil ngarah gampang
Di handap kaasup kana conto kalimah pangajak, iwal ...
Jun, urang gotong royong yu meresihan comberan!
Meuli kadaharan nu sehat yu!
Mugi wae lingkunganana henteu ruksak
Hayu urang piara basa Sunda teh sangkan tetep bisa hirup kalawan hurip!
Dihandap ieu ciri-ciri iklan layanan masyarakat, iwal ...
Iklan miboga tujuan komersil
Sipat iklan umum
Teu miboga sipat politis
Miboga wawasan nasional
Karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu pati kauger ku patokan-patokan, nu matak sok disebut oge sajak bebas atawa sajak puisi modern, disebut ...
Sajak Epik
Sajak Naratif
Sajak
Sajak Dramatik
Nu di maksud rima dina unsur-unsur sajak nyaeta ...
Tokoh kuring (penyajak) rina sajakna
Pilihan kecap dina sajak
Nu matak endah kana sora nu mangrupa pengulangan sora boh di awal, tengah atawa tungtung
Sikep pangarang sajak ka nu macana, misalna sikap handap asor, ngadikte, persuasif, jeung sajabana
Inti tangtungan atawa inti ageman anu sipatna abstrak, disebut ...
Imaji
Simbol
Wirahma
Tema
