NEW
Font size
WorksheetsPTS B. SUNDA KELAS 12
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Tulisan anu medar hiji pasualan, dumasar kana fakta-fakta anu kapanggih, boh tina pangalaman sorangan atawa panalungtikan, disebut ……
Bahasan (pedaran)
Tradisi Sunda
Budaya Sunda
Cagar Budaya
Adat Istiadat
Kagiatan nu geus dilaksanakeun ti baheula sarta geus jadi bagian tina kahirupan masarakat anu hirup di lingkungan urang Sunda, disebut ……
Bahasan (pedaran)
Tradisi Sunda
Budaya Sunda
Cagar Budaya
Adat Istiadat
Tradisi Sunda nu dilaksanakeun dina éta gambar kaasup kana jenis tradisi ……
Tradisi nu patali jeung siklus kahirupan (lahir – budak – sawawa / déwasa – maot)
Tradisi nu patali jeung réligi
Tradisi nu patali jeung adat
Tradisi nu patali jeung kajadian-kajadian penting
Tradisi nu patali jeung peristiwa alam
Tradisi Sunda nu dilaksanakeun dina gambar mangrupa tradisi dina jenis ……
Tradisi nu patali jeung siklus kahirupan (lahir – budak – sawawa / déwasa – maot)
Tradisi nu patali jeung réligi
Tradisi nu patali jeung adat
Tradisi nu patali jeung kajadian-kajadian penting
Tradisi nu patali jeung peristiwa alam
Ceuk kuring mah, ari nu ngaranna kasenian anu asli ti Sunda kawas angklung téh nya éta satria bangsa, sabab kasenian nu asalna ti wewengkon sorangan téh mangrupa identitas hiji bangsa. Upama disebut satria mah atuh gagah, jagoan, jeung kawéntar. Angklung gé bisa kitu, gagah nu nyandakna, jagoan nu maénkeun angklungna, jeung kawéntar angklungna. Euweuh deui alesan pikeun mopohokeun angklung.
Dina téks di luhur, tujuan nu hayang ditepikeun ku nu nulis pedaran nyaéta ……
Jalmi nu gagah nyaéta jalmi nu nyandak angklung.
Jalmi nu jagoan nyaéta jalmi nu parigel maénkeun angklung.
Salaku urang Sunda, kudu ngamumulé angklung.
Salaku urang Sunda, kudu boga angklung.
Salaku urang Sunda, kudu meuli angklung
Ceuk kuring mah, ari nu ngaranna kasenian anu asli ti Sunda kawas angklung téh nya éta satria bangsa, sabab kasenian nu asalna ti wewengkon sorangan téh mangrupa identitas hiji bangsa. Upama disebut satria mah atuh gagah, jagoan, jeung kawéntar. Angklung gé bisa kitu, gagah nu nyandakna, jagoan nu maénkeun angklungna, jeung kawéntar angklungna. Euweuh deui alesan pikeun mopohokeun angklung.
Téks di luhur mangrupa conto ……
Pedaran tradisi
Pedaran budaya
Pedaran adat istiadat
Pedaran cagar budaya
Pedaran sajarah
Ceuk para ahli, Kabuyutan Ciburuy téh baheula mah mandala atawa pusat kaagamaan anu disucikeun sarta kacida ditangtayunganana ku raja. Nya di dinya pusurna kagiatan inteléktual jaman karajaan téh. Hal éta dibuktikeun ku ayana naskah-naskah buhun anu eusina kawilang penting jeung ngandung rupa-rupa ajaran. Di antarana Amanat ti Galunggung jeung Séwaka Darma.
Téks pedaran budaya di luhur téh nyaritakeun ……
Naskah-naskah nu kapanggih di Kbauyutan Ciburuy
Fungsi kabuyutan Ciburuy jaman baheula
Kagiatan inteléktual di Kabuyutan Ciburuy
Peran raja dina ngajaga kabuyutan
Kapanggihna naskah Amanat ti Galunggung jeung Séwaka Darma
Gedong Saté téh salah sahiji wangunan kuno titinggal jaman kolonial Walanda di kota Bandung. Salah sahiji wangunan anu jadi kareueus, lain baé keur urang Bandung, tapi ogé keur sakumna masarakat Jawa Barat.
Sempalan téks di luhur mangrupa conto ……
Pedaran tradisi
Pedaran budaya
Pedaran Cagar Budaya
Pedaran Adat Istiadat
Pedaran sajarah
Nu teu kaasup kana cagar budaya nyaéta ……
Kaéndahan alam di wewengkon cagar budaya
Barang-barang cagar budaya
Wangunan cagar budaya
Situs cagar budaya
Wewengkon cagar budaya
Dina tradisi Sunda aya tradisi sawér pangantén. Pek tatanan bahan-bahanna naon waé anu sok aya dina sawér pangantén?
Laja, permén, béas, duit
Konéng, béas, duit, laja
Konéng, béas, duit, peremén
Laja, permén, béas, konéng
Laja, jahé, konéng, duit
Waditra nu dijieun tina logam nyaéta ……
Goong
Saron
Angklung
Kacapi
Suling
Nu mangrupa lalakon carita wayang Ramayana nyaéta ......
Gatotkaca perlaya
Pandawa diperdaya
Kumbakarna gugur
Jajatén Arjuna
Dorna gugur
éta gambar mangrupa conto ......
wangunan cagar budaya
barang cagar budaya
struktur cagar budaya
situs cagar budaya
wewengkon cagar budaya
eta gambar mangrupa conto ......
wangunan cagar budaya
barang cagar budaya
struktur cagar budaya
situs cagar budaya
wewengkon cagar budaya
éta gambar mangrupa conto ......
wangunan cagar budaya
barang cagar budaya
struktur cagar budaya
situs cagar budaya
wewengkon cagar budaya
Salah sahiji dulur Yudistira nu tiwas lantaran karacunan cai talaga bisa dihirupkeun deui ku déwa. Yudistira milih Nakula nu kudu dihirupkeun deui kalawan alesan, “lamun Arjuna anu hirup deui, atuh para putra ibu Kunti harirup kabéh, éta henteu adil. Tapi lamun Nakula nu hirup deui, ibu Kunti jeung ibu Madrim pada kapapaténan ku anakna hiji séwang.”
Dumasar kana carita wayang di luhur, bisa katitén yén Yudistira miboga sipat nu ……
Pilih kasih
licik
teu wijaksana
adil
sakti
Tokoh punakawan euweuh dina carita wayang ti India. Tokoh punakawan teh mangrupa rekaan bangsa urang, hususna di Tatar Sunda. Nu lain tokoh punakawan nyaeta ......
Cepot
Dawala
Anoman
Gareng
Semar
Beuki dieu, komara jeung wibawa karajaan Amarta téh ngéléhkeun karajaan Astina. Tangtu baé Prabu Duryudana téh ngarasa tugenah. Ahirna terus baé nyieun réka perdaya.
Prabu Duryudana miboga watek ……
Wijaksana
Licik
Jujur
Tukang ngabohong
Teu sopan
Tumbak Konta ngabelesat ka luhur, ngudag Gatotkaca nu keur kakalayangan di awang-awang. Teu kungsi lila kadéngé sora nu ngararasakeun kanyeri. Titis tulis Hyang Widi, Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang konta.
Kajadian nu pamohalan dina carita wayang di luhur nyaéta ……
Tumbak konta ngabelesat ka luhur
Gatotkaca keur kakalayangan di awang-awang
kadéngé sora nu ngararasakeun kanyeri
Titis tulis Hyang Widi
Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang konta
Tumbak Konta ngabelesat ka luhur, ngudag Gatotkaca nu keur kakalayangan di awang-awang. Teu kungsi lila kadéngé sora nu ngararasakeun kanyeri. Titis tulis Hyang Widi, Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang konta.
Peperangan antara Gatotkaca jeung Karna ngabalukarkeun rupa-rupa kaayaan (suasana), iwal ......
hariwang (khawatir)
reuwas/soak
sedih
pikaseurieun
Pikaséwoteun
